• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

KAHIEUMAN BANGKONG

KAHIEUMAN bangkong hartina ginding tapi hasil tina maké harta batur atawa meunang nganjuk ngahutang. Upama aya jalma atawa nagara anu laku lampahna resep ngaginding tina hasil unjam injeum tah nu kitu téh disebutna kahieuman bangkong atawa ginding kekempis.

Laku lampah sawatara pajabat di urang kamari dikritik ku Ketua KPK, Busyro Muqoddas. Saur inyana para anggota DPR téh resep hirup dina kaméwahan atawa ngumbar budaya hédonis, kayaning ngukut mobil, imah, apartemén megah nu hargana miliaran. Padahal maranéhna téh digajih ku nagara anu hutangna salaput hulu. Tah gindingna para pajabat anu hédunis téh bisa disebutkeun kahieuman bangkong atawa ginding kekempis.

Total hutang Indonésia nepi ka bulan ieu (Desémber 2011) nepi ka Rp. 1.768 triliun atawa aya kanaékan Rp. 13.3 triliun dibandingkeun taun saméméhna. Nérékélna ieu hutang téh disababkeun ku pergerakan nilai tukar rupiah tina mata uang asing pikeun injeuman luar negeri. Saur Diréktur Jéndral Pengelolaan Utang, Rahmat Waluyanto ampir 45 persén hutang Indonésia dina wangun valuta asing.  Nepi ka bulan ieu, hutang Indonésia téh aya pinjaman dalam dan luar negeri anu gedéna Rp. 605 triliyun (34 %) jeung surat berharga negara anu gedéna Rp. 1.163 triliun (66 %). Nagara nu méré hutang panggedéna nyaéta Jepang anu gedéna US$ 30,9 miliar, Prancis US$ 2,77 miliar jeung Jérman US$2,5 miliar. Ari hutang multilateral panggadéna dibikeun ku Bank Pembangunan Asia, Bank Dunia jeung Bank Pembangunan Islam kalayan total jéndral nepi ka US$ 22,43 miliar.

Kusabab urang mah teu apal malah teu kasawang-sawang acan kumaha réngkolna duit miliaran dollar atawa rébuan triliyun téh, nya cindekna mah hutang Indonésia téh salaput hulu wéh. Naha bet teu apal da mémang henteu kungsi ngasaan. Urang mah salaku rahayat leutik, henteu apal dikamanakeun jeung dipaké naon duit nu sakitu lobana téh. Sabab da ari rahayat mah angger hirup dina kasusahan jeung kakurangan. Nu nganggur angger teu meunang lapak gawé, nu digawé gé angger lolobana mah aya dina sahandapeun Upah Minimun Kota/Kabupatén.

Ti taun ka taun hutang nagara urang téh lain beuki ngurangan tapi beuki nambahan. Komo dina taun 1998 nalika krisis ékonomi, hutang Indonésia ngalipet 10 kali alatan nérékélna harga dollar.

Matak ulah anéh upama pamaréntah urang henteu bisa tanggah ningalikeun beungeut ka nagara séjén kusabab katalian ku hutang. Atawa nagara urang henteu bisa nolak kana impor film Amérika kusabab kahutangan budi.

Saur salah sawios ulama, gedéna hutang keur hiji jalma atawa nagara bisa jadi ujian atawa adzab (siksaan). Urang hariwang naon anu kiwari tumiba ka nagara urang téh minangka adzab ti Alloh SWT kusabab ieu bangsa geus jauh tina syariah tur para pamingpinna geus jadi jalma-jalma anu muthrofin, nyaéta jalma-jalma anu hirup dina kaméwahan atawa hédonis téa.

Ari sakuduna mah para pamingpin urang téh hirupna kudu sederhana ulah kawas nu kahieuman bangkong sabab apanan bahrutengna ogé sawaréhna hasil unjam-injeum ti nagara deungeun. *** (MAF)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: