• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

DIMÉNSI HJRAH

AYA sababaraha diménsi hijrah nu kudu diwujudkeun ku urang dina kahirupan sapopoé dina jaman modéren ieu, sangkan urang meunang berkah.

Kahiji, diménsi personal, yén unggal mu’min kudu leuwih alus kualitas kaimananna poé ayeuna tibatan poé kamari. Ku kituna dina al-Quran Alloh salawasna ngagunakeun kecap ahsanu amalan (panghadéna amal).

Maksudna henteu pantes hiji mu’min digebrus kana lombang nu sarua dua kali. Éta sababna kunaon sapertilu al-Quran ngagambarkeun kajadian sajarah. Éta téh pikeun nuduhkeun yén kacida pentingna diajar tina sajarah dina ngawangun katakwaan. Kumargi kitu Alloh SWT ngadawuh dina surat al-Hasyr ayat 18 nu unina: “Yeuh jalma-jalma anu ariman, maranéh kudu takwa ka Alloh jeung unggal diri kudu merhatikeun naon nu geus dipigawéna pikeun poé isuk (ahérat), jeung kudu takwa ka Alloh, saéstuna Alloh maha uninga kana naon nu dipilampah ku maranéh.”

Kadua, diménsi sosial, yén hiji mu’min teu pantes milampah dolim, nyokot panghasilan sacara haram jeung hirup bari senang-senang di luhureun kasusah batur. Hiji muslim kudu buru-buru hijrah tina situasi sosial kawas kitu. Hiji mu’min kudu gagancangan ngawangun budaya takaful (silih tanggung). Éta rusiah disyaréatkeunana zakat. Jeung ieu téh geus kabuktian dina sajarah yén ngawangun budaya takaful bakal ngaréngsékeun pirang-pirang panyakit sosial nu kiwari meuweuh. Lobana angka kamiskinan jeung pangangguran di nagri anu sugih ku sumber daya alam ngarupakeun hiji pamandangan anu teu uni. Ngan tangtuna pasti aya sabab musababna, diantarana nu pangpokona nyaéta kadoliman jeung kateujujuran. Kukituna jelas pisan yén hijrah téh kudu dibuktikeun nyaéta kucara némbongkeun komitmen pikeun henteu malikan deui budaya korupsi.

Katilu, diménsi da’wah, yén hiji  mu’min teu meunang eureun dina titik sakadar ngaku salaku jalma mu’min sacara ritual wungul, tapi kudu dibuktikeun kucara ngajak jalma séjén kana kahadéan. Émut, yén sétan beurang peuting terus usaha ngajak jalma kana naraka. Sétan boga komitmen moal asup ka naraka sosoranganan.

Kiwari geus waktuna mu’min balap jeung sétan. Inyana kudu hijrah tina sikep pasif kana sikep produktif. Produktif dina harti kerja keras ngajak jalma-jalma kana jalan Alloh. Sabab henteu pantes hiji mu’min boga sikep pasif. Pasifna hiji mu’min lain wungkul baris mawa loba baktéri nu ngalemahkeun iman, tapi ogé bakal mawa bencana kamanusaan.

Éta sababna hiji pamikir muslim abad ieu ti India, Syaikh Abul Hasan Ali An-Nadwi nulis hiji buku nu kasohor nu judulna maadzaa khasiral aalam bin khithaathil muslimiin (Kacida dahsyatna karugian alam dunya nalika umat Islam henteu berdaya).

Ieu leres pisan, yén dunya téh mémang merlukeun umat Islam nu berdaya. Umat Islam nu produktif. Lain umat Islam anu pasif. Jeung ayeuna urang nyaksian kumaha karusakan nyaliara akibat tina lemahna umat Islam. Bandingkeun jeung jaman baheula nalika Umar bin Khoththob sareng Umar bin Abdul Aziz mingpin alam dunya. Ieu pisan hijrah nu kudu dibuktikeun ku urang. *** (MAF/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: