• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

SARI PERDA SYARI’AT ISLAM

SARI PERDA SYARI’AT ISLAM

SYARI’AT Islam, ngarupakeun hiji sistem perangkat aturan anu ngatur sagala rupa kahirupan ku jalan Islam. Tujuanna ngan hiji nyaéta pikeun ngaronjatkeun harkat darajat manusa. Sabab upama teu maké aturan jeung padoman hirup, jalma bakal salah kaprah, silih dzoliman, mumusuhan jeung silih paténi.

Dina syari’at Islam, lain ngan ukur hukum pidana wungkul tapi sakabéh aspék kahirupan diatur. Ti mimiti anu leutik asup ka jamban nepi ka ngurus Nagara, sangkan meunang prédikat nagara anu baldatun, thoyyibatun wa robbun ghofur.

Ngan kana hal ieu téh can kabéh manusa paham tur ngarti, hususna ummat Islamna, anu ngaku agamana Islam, tapi loba kénéh anu nolak kana syari’atna, tangtuna jalma anu di luar Islam. Padahal hiji kawajiban ngajegkeun syari’at Islam, malah dinu al-Quran jelas disebut jalma anu kafir, fasiq, jeng dzolim sing saha anu teu daek nanjeurkeun hukum syari’at Islam.

Ditambah nagara Indonésia maké dasar nagara ku Pancasila jeung UUD 45, hal ieu ogé anu ngabenturkeun pasualan syari’at Islam teu maksimal dilarapkeunana. Béda jeung negara Arab Saudi misalna, tapi urang salaku ummat Islam anu yakin kana aturan Allah ieu, teu bisa cicing tur pasrah ku kondisi saperti kieu, loba kénéh jalan menuju Roma, cék paribasa mah. Hartina loba jalan pikeun ngalarapkeun syari’at Islam di Indonésia hususna, diantarana ku lolongkrang otonomi daérah, ku jalan nyieun peraturan-peraturan daérah (perda Syari’ah) anu mindeng disebutna mah. Tangtuna urang kabéh sadar, yén hal ieu téh jalanna lumayan beurat.

Gagasan mimiti otonomi daérah (otda) dina raraga ngawangun démokrasi, anu ciri utamana partisipasi sakabéh masarakat, kaasup kaum awéwé. Otda salah sahiji wujud kabijakan anu dibéré kawenangan ka kepala daérah ku wates-wates anu ditangtukeun, supaya leuwih laluasa dina raraga ngatur wilayahna jadi leuwih mandiri tur mekar, nepika masarakatna leuwih raharja.

Ngan sanggeus tujuh taun palaksanaan otda, masih kénéh aya kakurang, hartina teu dipaké lolongkrang anu maksimal dina ngalarapkeun syari’at Islam. Malahan terus-terasun dicuriga tur dihasud yén perda syari’ah basa anu sering dialamatkeun kana ngusung syari’at Islam mah, éta téh wujud diskriminasi, tur anu matak ngancurkeun NKRI, anu jelas dasar Nagara Indonésia téh nyaéta Pancasila jeung UUD 45.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: