• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NYAMBUNGKEUN DUDULURAN MANJANGKEUN BABARAYAAN

“Duduluran mah lain dulur atuh Bah”.
“Naha?”
“Duduluran mah bobodoan Bah, jiga Rajaban atawa Muludan pan éta mah bobodoan, margi anu bener mah Rajab atawa Maulud”.
“Ari babarayaan kumaha Ci?” Ceuk Abah Dinar.
“Sami baé Bah bobodoan anu bener mah baraya”.

“Bener Bah jiga ulin-ulinan, pan éta mah bobodoan anu bener mah ulin”.
“Sami sareng ucing-ucingan, pan sanés ucing”. Si Dédi milu nimbrung.
“Geuning arilaing ngarentog Abah sorangan, moal éléh Abah mah, déngékeun ku arilaing! Ari dulur téh rupa-rupa euy, aya dulur sanasab saturunan atawa sakokocoran getih, aya dulur sabangsa, aya dulur sabarayana, aya ogé dulur saagama, ogé aya dulur sasusu, ngarti ilaing?”
“Teu sadayana”.
“Dulur naon anu teu ngarti?”
“Salian ti dulur saturunan”.
“Kabéh atuh kitu mah. Ari dulur saturunan téh lain baé adi lanceuk sa indung sa bapa, tapi sa aki sa nini ogé dulur saturunan, saperti anak emang atawa uwa éta ogé dulur saturunan”.
“Éta mah baraya atuh Abah?”
“Baraya mah rada laér deui, kaasup incu emang incu uwa jeung sajabana”.
“Naon anu ngabédakeun dulur jeung baraya Bah?”
“Anu ngabédakeun antara dulur jeung baraya mah gampang mana nu muhrim éta dulur sanasab, mana ghoér muhrim éta baraya, éta jawaban anu énténg teu perlu mikir”.
“Anu ngabédakeun muhrim jeung ghoér muhrim naon Bah?”
“Tah ieu mah jawaban beurat lain hancengan Abah ké giliran Ustadz éta mah”.
“Aya kénéh Bah”.
“Naon deui Mad?”
“Dulur saagama anu kumaha?”
SALENGKEPNA MANGGA AOS DI BD EDISI OKTOBER 2011

One Response

  1. Haturnuhun katampi nyungkeun widi we kanggo di copy..pikeun bahan paguneman sadidinten

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: