• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

K.H.Abdul Halim (Ketua MUI Kabupatén Cianjur): ‘Pamaréntah Nu Ayeuna Kurang Sumanget’

Di Cianjur kantos aya kahoyong ngalaksanakeun syaréat Islam?
Dina taun 2000-an, ummat Islam di Cianjur nepikeun kahayang ka bupati. Nu wangkid harita téh bupatina Pa Warsidi. Ummat Islam Cianjur aya kahayang pikeun ngalaksanakeun syariat Islam. Tapi ku kalimat ieu téh kagambarna Cianjur téh rék jadi nagara Islam. Ari anu jadi udagan utamana nyaéta sangkan ummat Islam ngalaksanakeun ajaran agamana. Lain pikeun nyieun daérah dumasar aturan Islam, komo deui pikeun ngadegkeun nagara Islam.
Kumaha tanggapan kana program éta?
Sabada bupati nyaluyuan, ramé wéh di déwan téh. Nya aya nu satuju ogé aya nu nolak. Nya ieu téh nimbulkeun kacurigaan ti kadutaan Amérika, kadutaan Belanda ogé Kadutaan Inggris. “Ieu téh naon maksudna?”, ceuk maranéhna ka bupati. Saur bupati, “Ieu mah pikeun daérah Cianjur dina raraga ummat Islam ngalaksanakeun ajaranna. Lain pikeun ngadegkeun nagara Islam. Nya Cianjur téh tetep bagian tina propinsi Jawa Barat ogé nagarana Nagara Indonésia”.
Kumaha tanggapan ti masarakat Cianjur?

Tanggapan nu hadé téh geuningan lain ukur ti ummat Islam. Dalah ummat di luar Islam ogé satujueun. Dina hiji kumpulan di pemda, simkuring ngadugikeun ka satiap jalma nu ngagem agama. Maranéhna satujueun pikeun lumakuna program éta. (Salengkepna mangga aos di BD edisi 379/Oktober 2011)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s