• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

TEMA UTAMA BD EDISI OKTOBER

NYEGAH MAFSADAT KU PERDA SYARI’AT

SANAJAN elat sarta ngarayap tapi nikreuh bari ngeureyeuh. Perda-perda syari’at anu kacida dipikahariwangna ku Amérika jeung bangsa-bangsa Barat kafir tur sékulér kiwari geus aya kurang leuwih 151 perda nu nyebar sanusantara. Salah sahiji wangun “kegundahan” maranéhna, dina laporan husus Majalah TEMPO dibahas bébéakan ngeunaan ieu kamekaran. Maranéhna manghanjakalkeun tumuwuhna perda-perda anu didadasaran tina syari’at Islam.

Sanajan ummat Islam geus gagal majuangkeun Piagam Jakarta dina taun-taun katukang, henteu béakeun akal nya sakabéh da’i terus ngada’wahkeun perkara pentingna masarakat diatur ku palaturan jeung perundang-undangan anu dasarna tina ajaran Islam.

Urang tangtuna ngarasa bungah tur reueus ku beuki nyebarna perda syari’at di sababaraha kota/Kabupatén. Ieu nétélakeun yén masarakat geus mimiti sadar kana pentingna perda syari’at. Sabab syari’at Islam baris ngajanjikeun kaamanan, kama’muran tur karaharjaan. Masarakat geus maharep hiji kondisi sosial kamasarakatan saperti dina jaman Rosululloh SAW. Maranéhna geus bosen tur pegat pangharepan ngarep-ngarep kahadéan tina sistim démokrasi liberal saperti nu kiwari dipintonkeun ku Amérika sarta diékspor ka Indonésia…………………… (sambunganana sumangga diaos dina edisi cetak bln oktober 2011)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: