• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

MANCEGKEUN TUJUAN HIRUP

“Sing saha jalma nu ngajadikeun akhérat udaganana nya Allóh bakal ngajadikeun kabeungharanana dina haténa jeung Allóh bakal ngadeukeutkeun ka éta jalma pangabutuhna sarta dunya (rezeki) bakal datang bari dédépéan ka manéhna. Jeung sing saha jalma anu ngajadikeun dunya anu jadi udaganana nya Allóh bakal ngajadikeun kafaqiran hareupeun panonna jeung Allóh bakal ngajauhkeun pangabutuhna sarta moal bisa ngahontal rezeki anging ngan saukur alakadarna”. (HR Tirmidzie ti Anas bin Malik)

A.Syarah Mufrodat.
Man kânatilâkhiratu sing saha jalma anu ngajadikeun akhérat hammahu anu jadi udagan jeung tujuan hirupna ja’ala Allâhu tinangtu Allóh bakal ngajadikeun ginâhu kasugemaan jeung kabeungharan fi qalbihi dina jero haténa Wa jama’a lahu sarta
Allóh bakal ngumpulkeun atawa ngadeukeutkeun syamlahu pangabutuhna. Kecap syamlun ilaharna dilarapkeun kana wadah anu pinuh ku susu sarta babari diuyupna. Kecap syamlun atawa syumul sok dihartian kumplit. Wa atathu sarta datang ka manéhna Addunya mangrupa rezeki wa hiya bari éta rezeki téh râghimatun datangna téh bari dédépéan.
Man kânatiddunyâ sing saha jalma nu ngajadikeun dunya katut kasenanganana hammahu anu jadi udagan jeung tujuan hirupna ja’alallâhu nya Allóh bakal ngajadikeun faqrohu kapakiranana baina ‘ainaihi hareupeun dua panonna. Wa farroqo ‘alaihi syamlahu sarta Allóh bakal ngajauhkeun pangabutuh hirupna. Wa lam ya-tihi minaddunya sarta manéhna teu kabagéan tina rezekii illa ma quddiro lahu anging ngan saukur alakadarna alias teu kungsi ngarasa cukup.
B.Syarah Matan.
Lamun dicindekkeun mah lalakon hirup manusa anu kumelendang dialam dunya kiwari kabagi dua kolompok:
1. Ritualis Kontributif.
Kelompok anu ieu mah cirina:
a. Ahérat udaganana.
Nalika jalma keur shaum bari di imah teu aya anu séjén, manéhna teu wani ngaregot cai sok sanajan hanaang luar biasa lantaran boga kayakinan yén Allóh Uninga sarta boga kasieun Allóh bendu. Manéhna boga cita-cita jeung udagan hayang shaumna jadi investasi amal soléh di ahérat jaga. Salian ti disiplin ngalaksanakeun shaum jeung ibadah séjénna, manéhna boga kayakinan yén satiap ritual (ibadah rutin) kudu mawa mangpaat pikeun diri jeung lingkungan. Manéhna shaum tina korupsi, shaum tina ucapan bohong, shaum tina ngagoship, shaum tina ngabohong sarta dina haténa boga kahayang pikeun ngaronjatkeun élmu pangaweruh sangkan amalna berkualitas. Jalma ahli ibadah jeung maparin mangpaat pikeun anu séjén disebut ritualis Kontributif.
Jalma anu udaganana ahérat dipaparin kaonjoyan ku Allóh:
1). Kabeungharan Haté.
Anu dimaksud kabeungharan haté téh sugema ku rezeki anu halal anu geus dipaparinkeun ku Allóh nepika hirupna bersih tina hasud, sarakah, bohong jeung séjénna. Jalma anu ngaleuyah ku haliyah dunya bari shalat berjamaah tingaleun, juma’ahan spésialis kabeurangan, komo kapangajian teu kabujeng mah teu kaabus jelema beunghar tapi kaabus jelema faqir. Jalma anu ritualis kontributif salawasna teu miharep pamuji manusa tapi ukur miharep ridlo Allóh nepika anu jadi papaés hirupna ngan syukur jeung sabar. Syukur nalika dipaparin rezeki sarta sabar dina nyanghareupan sagala pasualan hirup.
2). Dibabarikeun rezeki.
Anu dimaksud syamlahu dina hadis di luhur nyaéta pangabutuh hirup. Dahareun anu sarwa ngareunah bisa diciptakeun tapi nikmat dahar can tangtu dibikeun da éta kani’matan milik Allóh . Rumah sakit kelas dunia bisa diciptakeun tapi séhat jeung cageur milik Allóh . Tempat saré bisa dihadé-hadé tapi tibra saré milik Allóh . Pikeun jalma anu ngajadikeun ahérat udaganana bakal digampangkeun nalika aya pangabutuh ka Allóh, malahan digambarkeun rezekina ogé datang bari dédépéan.
2. Ritualis Destruktip.
Tipe jalma Ritualis Destruktif udaganana ngan ukur kani’matan haliyah dunya, hayang pamuji ti manusa teu maliré halal-haram anu penting hépi. Lamun rék milampah amal téh sok utang-itung untung rugi tina sisi matéri. Daék sotéh ngabantu lamun anu dibantuna aya tempoeunana, lir ibarat anu ngurek belut di sawah; dodongkoan lain lantaran sopan tapi belut bisi kalabur. Rigig mah santri légég lebé ari kalakuan euwah-euwah. Soméahna ngan ukur panipuan, jilbabna ngan ukur usum ramadhan wungkul. Kacindekanana mah Ritualis Destruktif mah ahli ibadah tapi ngaruksak. Ibadahna jalan ma’siatna ogé jalan, ibadah khusyu korupsina ngeureuyeuh.
Kaonjoyan jalma anu tipe ieu mah : Kahiji, faqir Saumur-umur. Ari anu disebut faqir di luhur mah jalma anu hirupna teu kungsi sugema ku nu aya nepika hirupna sagala dirampid teu maliré kana hak jeung batal kabéh dihakan. Kadua, Jadi jalma hina. Ajén diri bakal leungit da gawé lélétak ka dunungan teu boga kayakinan anu bener. (Ust. ABu Mufti FR, M.Ag / BD).

One Response

  1. izin covas, haturnuhun

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: