• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NAHA BET JADI BAHAN KAHEUREUYAN?

S.Pd. ( Sarjana Paméré dosén) ?

“Ah nyaho saya ogé, manéhna téh Sarjana Paméré dosén. Apal kuliahna ogé, ukur saminggu tilu kali. Maenya kuliah saminggu tilu kali dina opat taun geus jadi sarjana. Tempo wé sirahna, geus renung ku huis. Atawa nganjang ka imahna geura. Taya buku anu kandel-kandel salian ti bangkarak photo-copyan. Matak saya mah ka manéhna téh biasa wé. Asa taya anu perelu diajénan. Ongkoh asup digawéna ogé sahandapaeun saya. Ngan éta pedah boga duit atawa mereketkeun meureun. Matak bisa neruskeun sakola, sanajan geus kolot. Atuh ayeuna boga jabatan, wajar wé ngahargaan ijasahna. Da ari élmuna mah nyakitu téa. Lamun enya ogé sarjana, moal daék migawé pagawéan anu teu pira anu kuduna dipigawé ku pelaksana”. Nu kitu téh disebutna caritaan jalma anu teu ngajénan diri sorangan. Sok sanajan anu dicaritakeunna téh babaturanna anu gelarna S.Sos. alias Sarjana Sosial.

Anu jadi bahan heureuy dina caritaan tadi nyaéta Sarjana Paméré dosén. Sarjana Paméré dosén téh dilarapkeun ka jalma anu kuliahna geus umuran, utamana para guru Sakola Dasar anu nyangking gelar Sarjana Pendidikan (S.Pd.) téa. Ari guru SD kiwari diperedih ijasahna téh eutikna S-1 (Sarjana). Da, upama meunang usul mah, guru SD cukup ku D-2, guru SMP D-3, guru TK D-1. Pikeun mertahankeun statusna sarta ngaronjatkeun ajén, nya nareruskeun sakola. Ari sakolana, nya saperti anu dicaritakeun tadi, ukur saminggu tilu kali. Néken tanda hadir. Panggih jeung dosén. Mayar SPP. Asupna babari. Teu perelu UMPTN/S atawa SPMB sagala. Jajauheun ka saperti anu katarima di ITB baheula. Baheula mah calon mahasiswa ITB téh dilelep-lelep heula ku seniorna di walungan Cikapayang méméh prung kuliah téh. Ari ieu mah cukup didaftar, dikoléktifkeun ku Kapala Sakola. Atuh upama réa anu miluna, anu ngoléktifkeun sakapeung bisa teu kudu mayar. Bisa mawa calon S-2 limawelas urang wé, anu ngoléktifkeun mah bisa haratis nepika maké toga diwisuda. Palebah kuliahna, nyakitu téa. Réaréana mah ngobrol wé. Ari tugas-tugas mah dibéré tangtuna ogé. Rék malikir kumaha, da geus karolot atuh jaba capé tas ngajar barudak. Anu katempuhan mah biasana anu rada ngora kénéh. Manéhna jadi paneumbleuhan sarta pananggeuhan anu karolot. Kudu jadi Ketua Mahasiswa (KM) téa. Kudu miluan seminar téa. Kudu jadi anu kudu jadi anu jeung sajabana. Anu karunya mah, biasana upama ujian tinulis manéhna kudu bérés pangheulana. Naon sababna? Sabab hasilna diéstafétkeun ka ibu-ibu katut bapa-bapa guru pikeun ditiron. Malah kusabab dibéré kapercayaan ku dosén, KM mah bisa meunteun A, B atawa C ka para mahasiswa anu umurna rata-rata limapuluh taunan téh. Jadi pikeun KM mah upama diwisuda téh anu dicangkingna lain Sarjana Paméré dosén tapi bisa waé Sarjana Penuh derita. Matak upama nuliskeun wancahan Sarjana Pendidikan téh kudu maké titik dina pédéna. Naon pangna S.Pd tara dititikan? Sababna mah éta geuning Pd-na bisa jadi wancahan rupa-rupa. Bisa waé jadi Sarjana Punya duit jeung sajabana. Da upama enya téa mah Sarjana Pendidikan, tangtu nulisna ogé S.Pd., lain S.Pd, saperti anu kiwari remen kabaca. Tapi apan henteu kitu kabéh anu kuliah geus umuran téh. Nya diantarana KM téa. Manéhna mah éstu bener-bener seja tholab ilmi. Bongan aya paréntah “uthlubul ilmi minal mahdi ila lahdi”. Atuh aya anu nyebut Sarjana Paméré dosén, pék téh teuing teu jadi pasualan. Rék disebut gelarna atawa henteu ogé pikeun manéhna mah moal ngambek. Balikanan jalma anu reueus ku gelar, teu disebut atawa teu ditulis gelarna téh apan manyun. Pokna ogé apan, “Awis gelar téh. Opat taun kuliahna ogé”. Matak pikeun anu ngaranna pondok mah jadi karungkup ku gelar ngaranna téh, saperti Prof. DR. Utar, S.Pd., M.Pd.
Ari gelar kasarjanaan kiwari geus teu matak reueus. Geus ampir teu sacral. Geus leungit wibawana. Sabab geus réa jadi bahan kaheureuyan, jadi bahan gogonjakan, jadi bahan guyonan. Geura urang tataan hiji-hiji. Baheula mah ngadéngé gelar S-1 Doktorandus (Drs.), Doktoranda (Dra.) atawa Insinyur (Ir.) téh kacida ajrihna. Dipikasérab. Komo upama ngadéngé gelar M.A. (Master of Art), M.Eng. (Master of Enginering) atawa M.Sc. (Master of Sciense) mah. Tapi apan kiwari mah gelar-gelar téh jadi kaheureuyan. Geura wé, Drs. jadi Di rumah saja, Dra. jadi Di rumah aja, M.A. jadi Minantu Ajengan, M.B.A. jadi Makin Budayut Aja, Sarjana Hukum (S.H.) jadi Susah Hirup. Sarjana Sastra (S.S.) jadi Saur Saha. Sarjana Agama (S.Ag.) jadi Sarjana Alam ghoib. Sarjana Tékstil (S.Téks.) waé baheula mah hayang disebut Insinyur apan. Sarjana Tékstil kiwari jadi Sarjana Sciense Terapan (S.ST.) anu dibalibirkeun jadi Sarjana Suka Thuhmah. Saméméhna komo Ahli Tékstil (A.T.), anu dibalibirkeun jadi Ahli Thuhmah. Pangna A.T. jadi Ahli Thumah, caritana aya awéwé Ahli Tékstil pagawé ésélon opat tapi resep ngomongkeun kagoréngan batur apal kana kagoréngan para koléhana. Nya teu salah-salah teuing upama dibéré gelar Ahli Thuhmah téh luyu wé jeung biwirna anu teu diwengku. Sarjana Seni (S.Sn.) jadi Sarjana Suka nanimah. Atuh Magister Managemen (M.M.) jadi Muka Mesum, Master Téknik (M.T.) jadi Moé Tonggong. Pon kitu deui M.Pd. (Master Pendidikan) jadi Mantan Penyanyi dangdut. M.Pd.I. (Master Pendidikan Islam) jadi Mantan Penyanyi dangdut Indonésia. Anu leuwih kahot mah Ma Écot, apan aya anu maparin gelar M.M.Pd. alias Mulak Malik Pindang. Matak ogé entong sok heureuy ka anu lian. Utamana ka guru-guru anu neruskeun sakola kajurung ku kakuduan anu mareunang gelar S.Pd. kakolotnakeun. Geuningan gelar anu séjénna ogé teu lésot tina bahan kaheureuyan. Naha bet jadi bahan kaheureuyan? Bongan gelar ayeuna bet di-Indonésia-keun. Ngan anu poko ulah ngajebéngan ka S.Pd., da teu kabéh goréng. Aya anu bener-bener seja tholab ilmi, aya ogé sakadar néangan ijasah jeung gelar anu kajurung ku kakuduan pikeun mertahankeun kedudukan téa. Karunya, réa anu beunang anjuk-hutang ka koperasi atawa ka Bank anu dipotongan gajihna nepika pangsiun. Ari amal mah gumantung kana niatna, lain? Da Allah SWT mah moal nilik jalma kana gelarna. Naha ieu téh S.Pd. atawa Drs.? Naha ieu téh Ir. atawa S.T.? Moal, moal kitu. Anu puguh mah kaimanan jeung kataqwaanna wé. Da teu saeutik geuning anu baroga gelar baheula saperti Drs. jeung sajabana tapi ahlakna ramijud, purah maling kakayaan nagara, ngaringkidan harta rahayat. Dalah anu gelarna Drs. ogé réa anu dicangkingna geus kolot anu cénah Ahli Administrasi tapi gawéna ukur bisa ngarugal-rigel kuitansi. Malah teu saeutik Doktorandus (Drs.) jeung Insinyur (Ir.) anu boga gelar muslim tapi akidahna koropos, wudluna jeung sholatna rautaneun, ahlakna bérésaneun. Cag!

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: