• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

‘RAHAYAT GEUS TEU PERCAYA KA PAMARÉNTAH’

Wawancara sareng :

DR. H. Atif Latiful Hayat, SH, Ph.D. (Guru Besar Unpad):

—————————————-

Kumaha numutkeun Bapa kaayaan bangsa Indonésia ayeuna?

Bangsa Indonésia ayeuna nuju krisis kapamingpinan, leuwih jerona mah sabenerna masalah krisis kateladanan, margi hal anu paling asasi dina kapamingpinan nyaéta uswah, qudwah anu dicontokeun ku  imam. Janten ngobrolkeun krisis kapimimpinan sanés masalah krisis manajerial, margi kagiatan dina prosés manajemén téh nyaéta contoh, janten bangsa Indonésia ngalaman krisis kapamingpinan téh nyaéta krisis conto atanapi kateladanan. Kateladanan dina harti anu jembar misalna kateladanan dina panghormatan jeung impleméntasi moralitas.

Naon akibatna dina makieuhkeun pamaréntahan?

Hal ieu ngakibatkeun para pamingpin di sakabéh lével geus teu bisa dipercaya deui ku rahayatna ampir di sakabéh séktor. Aya anu mincut dina hal ieu, nyaéta survéy anu dilaksanakeun ku média Kompas ngeunaan nepi ka mana kapercayaan masarakat kana institusi pamaréntahan? Hasil survéy nétélakeun yén ampir sakabéh lembaga pamaréntah meunang kapercayaan anu rendah, kaasup KPK anu anyar kénéh ngalaman turun kapercayaan ti masarakat. Malah anu masih kénéh meunang kapercayaan ti masarakat mah nyaéta lembaga kaagamaan atanapi ormas kaagamaan anu nepika antara 67%-68%. Jadi hartina masarakat talatah yén lembaga kaagamaan atanapi ormas kaagamaan mangrupa bénténg pertahanan moral anu masih dipercaya lamun dibandingkeun jeung lembaga pamaréntahan.

Upami kitu nagara ieu tiasa disebat nagara anu gagal?

Dina terminologi anu kasohor, lamun nagara anu  kurang berhasil disebatna nagara gagal. Pihak pamaréntah tangtuna moal kersa upama Indonésia disebut nagara anu gagal. Mung aya sababaraha indikator anu tiasa diajén kana hal ieu, indikator anu kahiji jeung anu utami nyaéta ngeunaan korupsi. Margi gara-gara korupsi nyababkeun kalemahan-kalemahan lembaga nagara kanu séktor lianna, margi ngajén nagara gagal téh tina sababaraha pérspéktif. Contona kieu. Gara-gara korupsi nagara teu tiasa ngadeg dina kahirupan Internasional, margi tiasa waé nagara anu biasa korupsi didikté ku lembaga kauangan Internasional. Salian ti éta  ogé gara-gara korupsi budget nagara janten defisit, solusina biasa ku jalan ngahutang. Hal ieu nyababkeun nagara urang teu tiasa ngadeg kalawan ajeg di hareupeun Bank Dunia jeung lembaga-lembaga donor Internasional nu lianna. Salian ti éta ogé nyababkeun ngagerus kadaulatan nagara anu merdéka. Anu sakuduna kapentingan deungeun teu tiasa asup janten ngarembes. Tah indikator kadua anu nyababkeun nagara gagal, tina basa hukum Internasional disebat ”hiperment impermebility” anu sakuduna kakuatan deungeun teu bisa ngaliwat ka nagara urang, dina nagara gagal mah kakuatan deungeun téh sanés hungkul ngaliwat tapi malah asup jeung anu saterusna malah ngadikté. Malih, di Indonésia hal ieu ampir sampurna ngeunaan kakuatan deungeun asup ka nagara urang, utamana dina hal ékonomi, kapentinganna meni jéntré pisan.

 

Kumaha sangkan tiasa ngadukung janten nagara anu kénging rahmat “baldatun thayyibatun wa rabbun ghafur”?

Nagara téh abstrak, anu kongkrit mah pamaréntahan, janten nagara téh intina mah aya dua komponén anu diparéntah jeung anu maréntah, anu lianna mah mangrupa subsistem tina dua komponén bieu.  Supados nagara tiasa ngawujudkeun cita-citana, biasana anu paling nangtoskeun nyaéta kelompok élit, sanes kelompok alit (rahayat). Hal ieu tiasa dingawitan ku kasadaran kelompok élit, sacara téori jeung pangalaman biasana lamun teu aya kasadaran ti kelompok élit, moal aya gerakan ti rahayat, da rahayat ogé perlu pamingpin. Mucunghulna pamingpin biasana ti kelas menengah (midle class) anu tiasa nyoarakeun kahoyong rahayat. Biasana ciri kelas menengah téh nyaéta ajeg jeung cukup ékonomina, gaduh kapasitas inteléktual anu nyukupan, anu ahirna tiasa mandiri.

 

Saha anu dimaksad kelas menengah téh?

Diantawisna nyaéta kaum inteléktual, mahasiswa, jeung para pangusaha (bisnismen) anu tiasa mandiri. Mung hanjakalna kakuatan ieu sok tiasa kapangaruhan ku kapentingan pamaréntah, boh kaum akadémisina nyakitu deui para pangusahana. Tina hal ieu kakuatan ormas Islam saleresna tiasa nempatkeun diri janten kelas menengah, ulah dugi kapangaruhan ku kapentingan pamaréntah supados tiasa mandiri. Biasana anu nuju aya dina kakuasaan jarang ngagaduhan sikap kainsapan sacara internal, paling kudu diinsapkeun. Nu janten parsoalan ayeuna dugi ka mana ormas Islam ngagaduhan sikép mandiri, supados janten midle class anu diperhitungkeun ku rahayat.

Naon harti idul fithri patalina sareng kaayaan ummat Islam jeung bangsa Indonésia ayeuna?

Numutkeun salah saurang ulama Al-Qashimi, idul fithri nyaéta idul tauhid. Tauhid di dieu lain ngan saukur kapercayaan hungkul, tapi kudu jadi pondasi kahirupan anu ngawujud bangunan kahirupan salajengna. Bangsa Indonésia kudu ngajadikeun tauhid salaku spirit kahirupan. Makna “laa ilaha illallah”  nyaéta “tahrirunnas”, maksadna anu ngabébaskeun manusa tina ngawula ka manusa deui. Jalma anu bébas nyaéta jalma anu mandiri anu tiasa nyandak kana parobahan, dugika gaduh kamandirian bangsa anu tiasa manggihan jati dirina anu merdéka atawa anu ngadeg ajeg, bébas tina ilubiung bangsa deungeun. Bangsa deungeun teu kudu diusir, tapi kudu diatur. Margi teu aya hiji nagara anu teu aya kakuatan deungeun, tapi cirina nagara anu kuat nyaéta tiasa ngatur kakuatan deungeun, éta tiasa dilakukeun ku bangsa anu gaduh kamandirian,  anu dimaksad spirit tauhid téa.

 

Janten ringkesna kumaha?

Idul fithri nyaéta idul tauhid. Sumanget tauhid téh idéntik sareng spirit kemandirian. Sikep anu mandiri tiasa ngawujud lamun aya kasatataan dina méré kasempatan ruang gerak anu sami kasadaya jalmi kanggo ngaéksprésikeun atanapi ngaaktualisasikeun poténsi dirina. Buktina sosok Bilal tiasa janten conto, anjeunna nalika jaman jahiliyyah salaku jalmi anu taya hartina, margi teu dipasihan rohangan jeung kasempatan kanggo ngaéksprésikeun dirina, margi statusna dianggap teu satata jeung Umayah bin Khalaf salaku dununganna. Tapi pas lebet Islam, aya dina lingkungan tauhid, statusna sami sareng Nabi Muhammad, Abu Bakar sareng sahabat lianna, janten poténsina kabuka geuning poténsi (kakuatan) aya dina soantenna nu saé.

 

Janten ieu tugas dawah, kumaha strategi dakwahna anu tepat sasaran ka umat sareng bangsa ieu?

Hal ieu janten matak kapincut, apan tinekananna para Nabi dina ngemban tugas da’wahna teu nganggo kakawasaan anging Nabi Sulaeman AS. Tingali Nabi-nabi anu sanés aranjeunna teu dipaparin kakawasaan, da’wah Nabi Ibrahim AS anjeunna malih dipaparin fondasi tauhid anu langkung ékstra kanggo mayunan Raja Namrud, jalmi anu kagungan tauhid logikana cerdas saperti waktos dialog jeung raja Namrud perkara patung supaya ngajawab. Kitu ogé Nabi Muhammad SAW, waktos dialog Abu Sofyan jeung Raja Hirokla Romawi, hal saha anu janten pamilonna, naha golongan élit atawa golongan alit? Diwaler ku Abu Sofyan, anu janten pamilon Muhammad nyaéta golongan alit, ahirna Raja Hirokla percanten.

 

Naon hikmahna kanggo urang salaku ummatna sareng naha kedah aya orientasi da’wah?

Hikmahna kanggo urang, yén para Nabi da’wah ngagunakeun kakuatan populis  atawa kakuatan ummat. Ummat ngagaduhan kakuatan mangrupa sikep kajujuran, kataatan jeung kapasrahan. Tangtu, kedah aya réorientasi da’wah anu langkung ngaheulakeun karaharjaan, anu ngadatangkeun kamandirian jeung kudu lésot tina syu’udzan. Tah ieu anu kedah janten toladan kanggo urang dina jaman ayeuna, da’wah ku kakuatan umat tiasa janten pilihan anu éféktif kanggo ngarobah kana lingkungan tauhid, anu mangrupa hasil éksprési jalma-jalma fithroh. *** (Dani Kamal Bahtiar/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: