• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NGUNGKULAN JURANG PAMISAH WIDANG SOSIAL

Khutbah ‘Iedul Fitri
Ku : KH. Bahrul Hayat, MA (Ketua Dewan Da’wah Jabar)

Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin wa ‘Aidat rohimakumulloh!
Maha Agung Alloh sareng sagala puji éta kagungan Mantenna. Mangga urang sami-sami muji katut syukuran ka Alloh Anu Maha Ghofur, anu kalayan Idin katut Ridlo-Na, dina ieu dinten urang sadaya tiasa tepang deui sareng hiji dinten nu kacida dianti-antina, dinten nu agung tur mulya; ‘Iedul Fitri. Urang tampi ieu dinten téh ku rasa syukur ka Alloh Anu Maha Agung, ku ngadawamkeun kalimah Takbir, Tauhid jeung Tahmid, Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Lâilâha illallôh wa Allôhu Akbar, Allôhu Akbar wa lillâhil hamd.
Dina wanci haneut moyan ieu urang gumbira, sabab parantos tiasa ngaréngsékeun ibadah saum Romadlon salami sabulan campleng tur dipungkas ku ibadah zakat. Tapi dina dinten nu ayeuna pisan urang ogé kedah ngaraos sedih sabab urang kudu paturay papisah jeung bulan nu pepek ku rahmat katut barokah.
Mudah-mudahan Alloh nampi kana ibadah urang sadaya, saum urang, sholat, katut ibadah urang anu sanésna. Taqobbalallôhu Minnâ Waminkum Shiyâmanâ wa shiyâmakum. Sareng mudah-mudahan Alloh Swt ngalebetkeun urang sadaya kana golongan jalma anu balik kana kasucian, sareng jalma-jalma anu meunang kabagjaan.

Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!

Dina nalika urang tepang sareng poé anu agung tur mulya saperti ayeuna, hayu urang sasarengan pikeun napakuran hiji pasualan penting anu jadi pasualan nasional kiwari nyaéta pasualan jungkrang pamisah anu lungkawing dina widang sosial sareng kumaha pituduh Islam dina ngungkulan pasualan anu saperti kitu.
Jungkrang pamisah dina widang sosial, paanggangna antara nu beunghar jeung nu miskin ku urang sadaya disadari yén hal éta bisa numuwuhkeun karawanan jeung kaharénghéng sosial anu bisa jadi “Bom waktu” anu bisa ngancurkeun hasil pangwangunan nu salila ieu geus dipibanda.
Alloh dina al Quranul Karîm al Hasyr surat ka 59 ayat ka 7 maparin amanat;
Bismillahirrohmânirrohîm

Sangkan éta (harta) téh teu kukulibekan di antara nu baleunghar ti antara maranéh. (QS. 59 : 7).
Kasadaran kana pentingna ngawalatrakeun karaharjaan tina hasil pangwangunan pikeun rahayat Indonésia sakumna ieu sabenerna mah ku pamaréntah saméméhna nyaéta Orde Baru geus ditarékahan saperti nu kaunggel dina konsep Trilogi Pangwangunan (Pemerataan, Pertumbuhan jeung Stabilitas Ékonomi) atawa dina dalapan hambalan kawalatraan. Tapi ku sabab ayana lolongkrang nu béda-béda, karep, kaparigelan, kapengkuh katut katangguhan jeung faktor-faktor séjénna, kanyataan ku ayana tingkat pakaya anu béda-béda anu teu bisa disinglarkeun. Malah dina wates-wates anu tangtu mah bisa ngayugakeun jungkrang lungkawing antara nu beunghar jeung nu miskin.
Pangwangunan éta geus mukakeun sajumlah lolongkrang pikeun masarakat sangkan maju tur mekar, pikeun jadi beunghar tur walarta. Tapi éta lolongkrang téh teu bisa dimangpaatkeun ku saban jalma. Manusa mibanda kapasitas tur kamampuh anu béda-béda. Aya nu apal tur sadar sarta bisa ngamangpaatkeun luang kasebut pikeun maju tur mekar, tapi ogé aya nu teu nyaho atawa teu sadar, teu bisa ngamangpaatkeunana. Jalma-jalma nu nyaho, sadar tur bisa ngamangpaatkeunana, nya mingkin lila téh bakal mingkin loba meunang lolongkrangna, nepika mingkin maju tur nyongcolang. Sedengkeun pikeun jalma anu teu apal tur teu bisa ngamangpaatkeun kasempetan, nya geus tangtu mingkin lila téh mingkin tingaleun, atawa bisa jadi maju tapi loba ngarandeg eureunna nepika mingkin jauh tingaleun.
Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!
Prosés ieu ku lila-lila mah bakal ngayugakeun jungkarang pamisah nu lungkawing antara nu beunghar jeung anu masakat. Kanyataan ku ayana nu beunghar jeung nu miskin éta ngarupakeun bahagian tina sunnatulloh nu hamo bisa disinglarkeun. Dina hambalan pakaya moal mungkin manusa téh ‘kudu sama rata jeung sama rasa’; sabab patojaiyah jeung fitrah ogé hakékat manusa nu mémang dina hambalan kamampuh jeung kaparigelan sarta lolongkrang pikeun ngagémbol harta pakaya, ngahontal kaunggulan jeung kajayaan éstu béda-béda. Alloh parantos nétélakeun dina An Nahl surat ka 16 ayat ka 71, sareng Saba surat ka 34 ayat 39.
Bismillahirrohmânirrohîm
Jeung Alloh munjulkeun rejeki sabagian maranéh batan nu sawaréhna deui. (QS. 16 : 71).

Alloh maparin anugrah rejeki ka sing saha jalma nu dikersakeun ku Mantenna, tur Alloh nyalira nu nahan rejeki atawa nyabut ti sing saha nu dikersakeun ku Mantenna. (QS. 34 : 39).
Saban muslim kedahna mah tatahar pikeun narima hiji kanyataan yén rejeki nu dipaparinkeun ku Alloh ka manusa téh éta teu sarua. Jalma jadi beunghar éta kersaning Alloh Swt, jadi miskin ogé éta teu leupas tina Qudrah katut Irodah Mantenna. Jalaran kitu, jalma nu beunghar dipahing sombong adigung gedé hulu ku harta pakayana, jeung anu miskin ogé ulah ngarasa leutik burih tur ngarasa hina alatan kamiskinanana. Jalma nu beunghar dipaparin lolongkrang anu lega pikeun milampah amal sholéh ku harta pakayana, ogé ku hartana dirina dipaparin luang nu lega pikeun milampah dosa jeung ma’siat. Jalma anu miskin meunang luang nu heureut pikeun milampah amal sholéh ku harta pakayana ogé meunang lolongkrang nu heureut ku harta bandana pikeun milampah dosa. Ku harta pakaya lawang sawarga muka kalawan lega jeung ku harta pakaya pisan lawang naraka ogé muka kalawan lebar.
Islam nétélakeun yén kamulyaan hiji jalma téh éta teu ditangtukeun ku jumlah harta bandana tapi ditangtukeun ku katakwaanana ka Alloh Swt, sapertos anu kaunggel dina al Hujurot surat ka 49 ayat ka 13.
Bismillahirrohmanirrohim.

Saéstuna jalma nu paling mulya mungguhing Alloh mah nya anu pangtakwana ti antara maranéh. (QS. 49 : 13).
Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!
Alloh midangkeun conto-conto dina hirup kumbuhna para Nabi katut Rosul Alloh SWT. Di antara maranéhna aya nu lubak libuk ku harta banda jeung ogé aya nu miskin luar biasa, tapi maranéhna tetep kaasup abdi-abdi Alloh anu dimulyakeun ku Mantenna.
Pon kitu deui dina kahirupan kaom muslimin, kurun waktu nu munggaran, nyaéta para sahabat Nabi, ogé nembrak. Di antara maranéhna aya nu beunghar, ogé aya nu hirupna masakat jeung balangsak, tapi sadayana ogé sahabat-sahabat Nabi nu kénging pangajén mulya mungguhing Alloh Swt. Sok sanajan kitu, tetep kalintang penting pikeun jadi catetan urang, yén sok sanajan Islam ngahaminan kana ayana tingkat banda nu béda-béda, tur dipenteunna minangka perkara nu wajar tur manusiawi, tapi Islam ogé nekenkeun kana perluna usaha-usaha atawa tarékah pikeun ngurangan jungkrang pamisah nu lungkawing antara nu beunghar jeung nu masakat. Bédana tingkat kakayaan antara warga masarakat salian ti ulah anggang teuing ogé sakuduna mah dijadikeun lahan pikeun ngajanggélékkeun ta’awun, silih tulungan, jeung silih bantuan. Sabab lain saukur anu miskin wungkul anu butuh kana bantuan ti nu beunghar, tapi jalma anu beunghar ogé geus pasti bakal butuh ku bantuan ti jalma nu miskin. Béda dina hambalan pakaya, éta ulah ngalahirkeun pacéngkadan jeung mumusuhan. Jeung saban usaha nu bisa ngalahirkeun pacéngkadan jeung mumusuhan antara nu beunghar jeung nu miskin éta dicaram ku Islam.
Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!
Sajumlah palaturan anu réngkol dalilna kaunggel dina al-Quran, éta nuduhkeun, yén Islam mibanda perhatian nu gedé kana ngajanggélékna hiji kasaimbangan masarakat antara nu beunghar jeung nu miskin, pikeun ngawujudkeun hiji masarakat nu marhamah, masarakat anu pepek ku kaasih, anu narima kana kanyataan kana ayana tingkat sosial anu béda-béda bari tetep dipayungan ku sikep ta’awun silih tulungan, tadlomun silih talingakeun atawa tanggung jawab jeung tarôhum silih pikanyaah.
Diantara tarékah-tarékah anu diajarkeun ku Islam diantarana;
Kahiji, Paréntah pikeun digawé kalayan soson-soson.
Islam éstu ngajénan kana gawé nu dilakukeun kalayan soson-soson pikeun ngahontal jeung ngariksa harta pakaya. Sakumna umat Islam, hususna saban salaki éta ku Alloh dipaparin paréntah sangkan digawé saged tur soson-soson dina énggoning nyiar kurnia.
Getol digawé dina nyiar kipayah ku Islam dipeunteun minangka ibadah, amal hadé anu bakal meunang ganjaran gedé, jihad fi sabilillah, kafarot nu mupus kana dosa-dosa. Pidawuh Alloh dina al Jumu’ah surat ka 62 ayat ka 10.
Bismillahirrohmaanirrohim.

Nya upama réngsé sholat, bral maranéh geura sumebar deui di bumi, sarta prak nyiar kurnia Alloh. Jeung pék geura éling ka Alloh saloba-lobana, sangkan maranéh meunang kabagjaan. (QS. 62 : 10).

Alloh mikacinta ka jalma mumin anu resep gawé bari soson-soson dina usaha nyiar kurnia”. (HR Thobroni sareng Baihaqi)
Hiji jalma anu leuleus lungsé alatan digawé, nya bakal meunang pangampura ti Alloh”. (HR Thobroni sareng Baihaqi).
Nalika Rosululloh ditaros ku hiji sahabat ngeunaan usaha nu paling utama, nya anjeuna ngawaler; “Gawéna hiji jalma nu dilakukeun bari soson-soson jeung dagang nu dilakukeun kalawan hadé”. (HR Ahmad, al-Bazzar).
Kalintang ageungna perhatosan Islam kana gawé nu soson-soson, dugika Alloh nyakompétkeun antara digawé anu soson-soson dina nyiar kurnia téh sareng perang di jalan Alloh Swt.
Asa teu kaleuleuwihi upama disebutkeun yén ciri jalma mumin nu hadé téh nyaéta boga karep dirina dina digawé pikeun nyiar kipayah. Sawangsulna Islam nyaram ka urang sadaya pikeun mumul usaha nyiar kurnia turta nyaram umat Islam nyiar kipayah ku cara namprak-namprakeun panangan jadi baramaén.
Pidawuh Rosul: “Heunteu aya katuangan nu langkung hadé pikeun di tuang ku hiji jalma anging tina hasil usaha luut-léétna késang dirina”.
Rosululloh Saw nyalira parantos maparin conto ka urang sadaya, anjeuna salian ti Nabi katut Rosul ogé jadi pagawé anu nyiar kurnia kalayan soson-soson, jadi padagang nu leukeun. Malah kamandirian anjeuna dina nyiar kurnia éta parantos dilakonan ti saprak yuswa dalapan taun tug dugika ahir hayatna.
Kadua, Dipahing nyorang cara-cara anu haram.
Islam nyaram kaom muslimin pikeun digawé nyiar kipayah nu bisa ngalahirkeun numpukna pakaya bari kaleuleuwihi disagolongan jalma nu tangtu tapi ngabalukarkeun kamiskinan di golongan anu séjénna. Islam nyaram sistem perékonomian nu bisa ngalahirkeun jungkrang pamisah nu anggang antara nu beunghar jeung nu miskin. Islam ogé nyaram bentuk riba sabab bentuk riba éta bakal ngabalukarkeun jalma nu boga modal bakal mingkin beunghar jeung nu miskin bakal mingkin miskin tur sangsara.
Islam ogé nyaram sagala rupa bentuk judi, sabab judi ogé diantarana nu beunghar bakal mingkin beunghar anu éléh bakal mingkin miskin ogé ngalahirkeun pacéngkadan katutu mumusuhan.
Islam mahing ihtikar, nimbun pakaya nu dibutuhkeun ku masarakat loba sangkan meunang kauntungan nu leuwih gedé pikeun sagolongan jalma nu tangtu bari ngorbankeun kapentingan masarakat loba. Islam nyaram usaha-usaha curang, maling, teu jujur, teu adil, meres jeung sajabana. Salajengna Islam ogé mahing kana sagala rupa usaha nu bisa ngajadikeun hiji jalma poho ka Alloh, poho kana sholat, zakat jeung poho kana waktu maot, sabab ku poho ka Alloh, kana sholat, zakat jeung kana maot éta bakal ngajadikeun hiji jalma kadedemes, loba jeung rakus nu ahirna ngalahirkeun manusa nu kejem, sadis tur téga pikeun ngancurkeun anu séjénna demi kapentingan pribadi.
Saban bentuk usaha atawa bisnis nu dilakukeun ku hiji muslim éta sakuduna mah lain saukur diancokeun kana ngudag kauntungan matéri wungkul, tapi ogé ku ngandung aspek bantuan jeung nulungan ka sasama umat manusa.
Kapitalisme dina sagala rupa bentukna éta patojaiyah jeung ajén-inajén ékonomi Islam. jungkrang pamisah dina hambalan sosial nu diciptakeun éta ngarupakeun hiji bentuk kamungkaran nu kudu dibebenah. Nabi maparin pesen: “Pasrahkeun buruhna ka pagawé anjeun saméméh késangna tuus”. Béré dahar pembantu anjeun ku kadaharan nu ku anjeun biasa didahar”.
Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil hamd!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!
Katilu, parentah pikeun tutulung jeung tatalang ka nu lemah
Islam ngadorong tur maréntah ka nu jadi umatna anu mampuh pikeun infaq jeung sidkah. Numutkeun al-Quran ciri jalma nu hadé téh nyaéta nu sering infaq. Sipat utama ti jalma nu taqwa téh nyaéta siap pikeun infaq. Jalma nu bagja di sisi Alloh nyaéta jalma nu siap infaq. Jalma nu dipikahéman ku Alloh nyaéta jalma nu loba infaq. Jalma nu deukeut ka Alloh nyaéta nu siap pikeun infaq. Pidawuh Alloh dina al Baqoroh surat ka 2 ayat ka 234, nu unggelna.
Bismillahirrohmaanirrohim.

Sing saha jalma nu ngahutangkeun ka Alloh ku pihutang nu hadé, tanwandé Mantenna bakal mayar ka manéhna manglipet-lipet. Nya Alloh nu ngaheureutkeun jeung nu ngajembarkeun rejeki keur maranéh, jeung nya ka Mantenna maranéh baris dipulangkeun. (QS. 2 : 245).
Ayat di luhur maparin hiji kacindekan yén hiji jalma nu masrahkeun hiji perkara pikeun kapentingan agama, pikeun nulungan nu fakir jeung miskin, éta sarua jeung ngahutangkeun ka Alloh ogé gawé bareng sareng Alloh. Jeung Alloh bakal mayar ka manéhna manglipat-lipat dina bentuk barokah jeung kamekaran dina harta pakayana. Pidawuh Alloh dina al Baqoroh surat ka 2 ayat ka 251.
Bismillahirrohmaanirrohim.

Babandingan jalma nu ngainfakeun harta bandana dina jalan Alloh téh lir ibarat sasiki binih anu nuwuhkeun tujuh ranggeuy, anu dina unggal ranggeuyan aya saratus siki. Alloh maparin ganjaran nu manglipet-lipet ka sing saha nu dikersakeun-Na. apan Alloh Anu Maha Jembar kurnia tur Maha Uninga. (QS. 2 : 261).
Dina salah sahiji hadits ditétélakeun: “Sing saha jalma nu nyidkahkeun hiji korma hasil tina usahana nu hadé tur halal, nya Alloh bakal nampi turta bakal diriksa saperti maranéh ngariksa sagara nu taya pepelakan nepika saperti gunung nu subur”.
Numutkeun Islam harta pakaya téh éta barang titipan anu dititipkeun Alloh ka jalma nu beunghar. Maranéhna boga kawajiban pikeun ngamangpaatkeun hartana pikeun kapentingan dirina, masarakat jeung kapentingan agama. Jalan pikeun ngamangpaatkeunana nyaéta dina bentuk nafakah, infaq, sidkah jeung bentuk-bentuk paméré séjénna. Pidawuh Alloh dina al Hadid surat ka 57 ayat ka 7, 10.
Bismillahirrohmaanirrohim.

“Jeung geura nafakahkeun sabagian tina harta anu ku Mantenna dikawasakeun ka maranéh pikeun nganafakahkeunana. Nya jalma-jalma nu ariman ti antara maranéh tur anu nganafakahkeun hartana, pikeun maranéhna ganjaran nu gedé. Jeung naha gening maranéh bet henteu nganafakahkeun rejeki di jalan Alloh? Kapan kagungan Alloh warisan langit jeung bumi téh! (QS. 57: 7,10).
Rosululloh Saw ngadawuh; “Henteu aya hiji ogé waktu anu manusa leupas tina panalingana dua malaikat, anu hiji ngadu’a: “Ya Alloh! Mugi Gusti nurunkeun rejeki ka jalma nu dermawan. Anu hiji deui ngadu’a; Ya Alloh! Mugi Gusti nurunkeun kasusah dina rejeki ka jalma nu korét ”.
Panghadé-hadéna jalma diantara maranéh nyaéta anu loba mangpaatna pikeun kapentingan anu séjénna.
Laku lampah nu hadé éta bakal nyinglarkeun bencana. Sidekah bari susulumputan éta bisa ngeureunkeun bebendu Alloh. Nepungkeun silaturrahim jeung kahadéan éta ogé ngarupakeun sidkah. Jalma nu hadé di dunya nyaéta nu bakal salamet di ahérat. Sawangsulna jalma nu milampah kamungkaran di dunya éta kaasup golongan jalma nu cilaka di ahérat.
Alloh maparin pesen, saperti anu kaunggel dina al Lail surat ka 92 ayat ka 5-10.
Bismillahirrohmanirrohim.

“Naon baé anu ku maranéh di infakkeun, tina harta pakaya, nya Alloh wungkul nu tanggung jawab pikeun ngagantina”. Sing saha nu béréhan jeung takwa, Jeung ngabenerkeun ka nu haradé (agama). Nya ku Kami manéhna bakal digampangkeun kana jalan nu gampang. Tapi sing saha jalma nu korét tur agul ku kabeungharanana. Jeung nganggap bohong kana bebeneran. Nya ku Kami bakal digampangkeun kana jalan nu hésé béléké. (QS. 92 : 5-10).
Anu aya pakaitna jeung tarékah pikeun ngungkulan jungkrang pamisah dina masalah sosial, urang kataji pikeun maos panétélaan Alloh nu kaunggel dina al Balad surat ka 90 ayat ka 12-16, sareng dina al-Mâ’un surat ka 107 ayat 1-3.

“Jeung naon nu dimaksud aqobah / nyorang jalan nu tarahal téh? Nyaéta ngabébaskeun jalma-jalma nu lemah. Atawa méré dahar dina mangsa kalaparan.ka budak yatim nu masih karabat. Atawa ka jalma-jalma miskin nu lara balangsak “.(QS. 90 : 12-16.

Naha hidep nyaho jalma nu nganggap bohong kana agama? Éta téh jalma nu nyentak bari ngantep budak yatim. Jeung tara daék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin (QS. 107 : 1-3).
Di hiji sisi Islam nandeskeun kana pentingna digawé rancagé tur soson-soson tur hinana jadi baramaén; sedengkeun di lain pihak Islam ogé nekenkeun kana pentingna méré mawéh jeung tutulung ka nu lemah. Jalaran kitu urang kudu bisa ngukur jeung ngékér sangkan sagala rupa paméré nu dipasrahkeun ka hiji jalma téh teu ngajadikeun manéhna mumul jeung gumantung ka nu barang béré. Urang butuh kana hiji orhanisasi nu ngatur ogé kalayan éféktif ngagerakkeun, ngumpulkeun, jeung ngabagikeun dana-dana infak, zakat jeung sidkah nepika bisa mawa mangpaat nu optimal pikeun kapentingan kaom muslimin, bisa ngangkat mustahik zakat jadi muzakki, bisa ngungkulan sagala rupa reregéd jeung da’wah, pendidikan katut perjuangan Islam umumna. Urang perlu kana ayana lembaga saperti baitul mall nu mibanda wiwaha tur ajén sacara formal tur bisa ditarima kalawan ihlas ku umat Islam sakumna.
Allôhu Akbar, Allôhu Akbar, Wa lillâhil ham!
‘Aidin Wa ‘Aidat Rohimakumulloh!
Mudah-mudahan Alloh ngobulkeun kana sagala rupa karep jeung kahayang nu mulya tur luhur kaom muslimin, demi izzul Islam wal muslimin sarta ngajanggélkna masarakat nu adil tur makmur bari dipayungan ku ridlo Alloh Swt. Mung ka Alloh wungkul urang sumerah diri. Amin. (binadakwah.co.nr)

2 Responses

  1. Alhamdulillah akhirna kenging oge khutbah teh. haturnuhun kang BD.

  2. alhamdulillah

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: