• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Laput BD. 377 : DENSUS 88 ULAH JADI DETASEMEN JESUS

UPAMA ngabandungan gerak gerikna Densus 88 kiwari dina newakan jalma nu dianggap ‘téroris’ urang pasti bakal ngusap dada. Sabab perlakuan Densus ka nu dituding téroris téh geus over acting alias kaleuleuwihi. Jauh pisan jeung perlakuan Densus ka para koruptor. Ari ka téroris mah meuni gesit tur kejem, bari upama nyanghareupan koruptor mah meuni dépé-dépé handap asor. Ieu téh lain ngan ukur dongéng, tapi dumasar kana pangakuan ti si Gayus Halomoan Tambunan salah saurang tersangka korupsi. Ceuk manéhna nalika dibérok di Rutan Mako Brimob Kelapa Dua Dépok, tahanan koruptor dianakemaskeun, bari tahanan kasus térorisme mah dianaktérékeun. “Salila di Mako Brimob ti mimiti datang di poé kahiji kuring nalingakeun, aya tahanan korupsi jeung téroris. Mémang pikeun tahanan téroris mah teu kungsi dibuka koncina. Tapi, upama tahanan kasus korupsi dibéré kalaluasaan anu punjul”, ceuk Gayus di hareupeun Panitia Kerja Mafia Hukum, Komisi III Déwan Perwakilan Rakyat Indonésia, Rebo (20/7).

Tina jumlah korban nu ditéwakan ku Densus boh ngaliwatan prosés hukum atawa nu tilar nalika dibawa di perjalanan, méh ampir mayoritasna para aktivis Islam nu dikategorikeun garis keras atawa sayap kanan, kayaning grup Amrozi cs, KH. Abu Bakar Basyir jeung Jamaah Islamiyyah. Malahan ayeuna mah geus beuki ngalegaan nyaéta nyéntang kelompok muslim nu boga niat tur kahayang pikeun nanjeurkeun syariat atawa hukum Islam. Ormas jeung Yayasan sarta pasantrén nu dituding militan kayaning FPI, HTI, Déwan Da’wah, Persis jeung réa-réa deui kaasup nu diwaspadai ku maranéhna.
Lamun ngabandungan kana galagat kawas kieu urang asa diingetkeun deui kana kondisi taun 80 an, anu antara nagara jeung ummat Islam téh dipaaduhareupkeun atawa dibéntrokkeun, bari ummat Kristen jeung non muslim kaleprok tandaning ku atoh.
Lamun baheula kekentong aparat kaamanan dicepeng ku urang Kristen nu ngaranna Beni Moerdani jeung Sudomo nepika ngabeledug kasus Tanjung Priuk, Talang sari, Soréang tur kasus-kasus pelanggaran Hak Asasi Manusia nu mayoritas korbanna ummat Islam. Islam jeung kaum muslimin waktu harita dibéré stigma (stempel) negatif kayaning komando jihad, DI/TII, kontra pangwangunan, pemberontak jrrd, nya kiwari ogé teu jauh kawas kitu.
Lamun baheula Soeharto dina jaman Orde Baru mercayakeun kaamanan ka urang Kristen, kiwari ogé SBY nugaskeun kekentong Densus ka urang-urang Kristen nu phobi (ceuceub) ka Islam. Sababaraha periode Densus 88 dipingpin ku urang Kristen kayaning Komjen Goris Mere atawa Kombes Pol Petrus Reinhard Golose, Brigjen Pol M. Tito Karnavian. Maranéhna dianggap suksés nalika ngungkulan aksi bom malam natal taun 2004. Kombes Petrus téh minangka pakar IT nu ngabogaan kamampuhan anu luhur. Hal ieu kusabab dirina sering ngiluan pelatihan-pelatihan ti Amérika Serikat. Ku kaahlianana ieu Kombes Petrus Golose kungsi ngajabat salaku Direktur Cyber Crime Bareskrim Mabes Polri. Densus 88 beuki haget moro téroris sanggeus turun Peraturan Presiden (Perpres) Nomor 46 Tahun 2010 ngeunaan Badan Nasional Penanggulangan Terorisme (BNPT) nu ditandatangan ku Presiden tanggal 16 Juli 2010.
Densus 88 Anti Teror (AT) diwangun ku Polri dumasar kana Surat Keputusan Kapolri No 30/VI/2003 minangka tindak lanjut ku diterbitkeunana UU no 15 taun 2003 ngeunaan tindak Pidana térorisme nu nandeskeun méré kawenangan ka Polri minangka unsur utama dina ngabasmi térorisme, ari TNI jeung BIN mah jadi unsur pangrojong wungkul. Sanyatana méh ampir sakabéh angkatan jeung kepolisian ogé badan intelijen ngabogaan struktur organisasi anti téror; di TNI AD aya Detasemen Penanggulangan Téror (Dengultor) nu dingaranan group 5 Anti Téror jeung detasemen 81 nu ngagabung kana Kopassus, pasukan élit TNI AD; TNI AL ogé aya Detasemen Bravo (DenBravo) nu ngagabung kana Paskhas TNI AU, malah di BIN oge ngabogaan desk gabungan anti téror.
Tapi sanggeusna diwangun Densus 88 éta kabéh lembaga anti téror téh saolah-olah kasilep ku over actingna Densus 88 dina néwakan, moro pelaku tina jaringan térorisme di Indonésia.
Loba pisan pihak-pihak boh di jero atawa luar negeri nu boga kapentingan ka densus 88. Amerika Serikat nu gedé pisan napsuna hayang merangan ummat Islam nu boga sikep keras ka maranéhna terus ngagolontorkeun pundi-pundi dollarna ka Densus 88. Nyakitu deui nagara Kristen Australia ogé unggal taun méré hibah ka Densus 88 sangkan leuwih haget ngabasmi ‘térosisme’.
Pikeun ngawangun ieu detasemen téh teu kurang ti 15 milyar nu kudu disayagikeun pamaréntah. Kiwari pasukan Densus di tingkat pusat teu leuwih ti 400 personil ari di tingkat Polda teu leuwih ti 75 personil. Saméméh dirékrut jadi bagian tina Densus 88 AT Polri, para anggota Polri kudu miluan latihan di Pusdik Résérse Polri di kawasan Méga Mendung, Puncak, Jawa Barat jeung Pusat Pendidikan Anti Téror Nasional (Platina), di Kompléks Akadémi Kepolisian, Semarang. Nu ngabina jeung ngalatihna salian ti internal Polri ogé dieusi ku instruktur CIA, FBI, National Service Australia jeung jaringan organisasi intelején Barat sejenna. Densus ogé dibekelan ku pirang-pirang persenjataan nu kacida canggihna kayaning senapan serbu jenis Colt M4 5.56 mm jeung panganyarna jenis Steyr-AUG, senapan jitu Armalite AR-10, shotgun modél Remington 870 buatan Amérika. Lian ti éta, maranéhna ogé dilengkepan ku alat komunikasi personal,GPS, kaméra pengintai malam, alat penyadap jeung perékam mikro, pesawat interceptor, mesin pengacak sinyal, jeung réa-réa deui.
Dana operasional Densus 88 sumberna ti Amérika Serikat ngaliwatan Jasa Keamanan Diplomatik (US Diplomatic Security, State Departement). Di awal-awal dijieunna Densus 88 teu kurang ti 150 milyar minangka bantuan ti AS. Méh unggal taun danana ngagedéan. Padahal numutkeun Undang-undang no 2 taun 2002 ngeunaan Polri, teu meunang narima bantuan ti pihak asing.
Upama ngabandungan data-data di luhur, ti mimiti pingpinanna ti unsur Kristen terus sumber danana ti nagara-nagara Kristen kayaning Amérika Serikat jeung Australia sarta nagara-nagara Barat séjénna, nya pantes aya sababara pihak nu méré landihan ka Densus 88 téh minangka Detasemen Jesus. Sabab Densus 88 geus dijadikeun alat ku pihak asing pikeun numpes gerakan da’wah nu dianggap radikal.
Urang lain nuding tapi ieu mah méré pépéling sangkan Polri kudu bisa nyokot pelajaran tina tikusrukna rejim Orde Baru nu harita merangan tur ngajauhan ummat Islam nu mayoritas. Para da’i jeung muballigh nu lumaku dina jalan da’wah teu meunang dikorbankeun pikeun dijadikeun tumbal pikeun néangan kauntungan materil ti pihak asing. Lamun kaayaan kieu terus dipiara, deudeuh teuing ieu nagara, apanan urang téh geus jadi negara merdéka salila 66 taun, tapi naha masih kénéh dikadalikeun ku pihak-pihak asing boh dina urusan ekonomi, politik atawa kaamanan.
Sakali deui omat peupeujeuh ka para inohong sangkan Densus nu aya di urang boh 88 atawa 99 sangkan henteu ngarobah wujud jadi detasemen Jesus nu phobi tur ijid ka Islam. *** (Muchsin al-Fikri/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: