• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

KAWAS HEULANG PATEUH JANGJANG

Muhammad Nazaruddin kiwari jadi sabiwir hiji. Unggal poé ngaranna jadi jejer carita koran jeung televisi. Nazaruddin ayeuna dilandi ku masarakat jadi nyasaruddin, kusabab abur-aburan ka mancanagara bareng jeung pamajikanana, Nénéng Sri Wahyuni. Ku KPK inyana dijadikeun tersangka kasus korupsi. Nazaruddin disangka kajiret kasus suap ka Sekretaris Kemenpora, Wafid Muharam dina pangwangunan Wisma Atlet SEA Games XXIVI di Palémbang. Manéhna ogé disangka kungsi mikeun duit anu gedéna120 ribu dolar Singapura ka Sekjen MK Janedjri M Gaffar.

Saméméh katohyan curalingna, Muhammad Nazaruddin téh minangka inohong central di Partéy Biru jieunan SBY nu nyangking kalungguhan salaku Bendahara Umum Partéy Démokrat. Kusabab saméméh asup ka dunya pulitik inyana geus ancrub dina dunya bisnis nu ceuyah ku duit. Unggal jalma hayang ngadeukeutan manéhna. Tur geus jadi kabiasaan dina ngajalankeun bisnisna Nazaruddin sok sering ngajual ngaran Ketua Partéy Démokrat, Anas Urbaningrum jeung Ketua Déwan Pembinana nyaéta SBY. Nazaruddin paham yén ku ngajual éta dua ngaran bisnisna lungsur langsar taya hahalang. Dina waktu opat taun nyangking jabatan, Nazaruddin geus meunang proyék pamaréntah kalawan nu pohara gedéna ,1.3 trilyun. Komisi Pemberantasan Korupsi, Kepolisian Republik Indonésia, jeung Badan Pemeriksa Keuangan kiwari keur nalungtik ténder proyék yang nyurigakeun. Kiwari KPK umpamana masih terus ngusut kalibetna Nazaruddin dina kasus suap proyék wisma atlet SEA Games, Palémbang. Kepolisian ogé keur gusut dugaan korupsi dina proyék pengadaan sarana peningkatan mutu pendidikan di Kementerian Pendidikan Nasional. Anapon Badan Pemeriksa Keuangan neruskeun panalungtikan kana proyék pengadaan alat peraga pendidikan di Kementerian Keséhatan.
Proyék nu ngabogaan ajén jumbo diantarana nu dimeunangkeun ku PT Mahkota Negara di Kementerian Keséhatan. Perusahaan nu diadegkeun ku Nazaruddin bareng jeung barayana, M. Nasir, meunangkeun proyék pengadaan alat bantu belajar-mengajar pendidikan dokter/dokter spesialis di 17 rumah sakit pendidikan jeung rumah sakit rujukan. Kontrak proyék dina 2009 teh nilaina Rp 492,98 miliar.
Terus, dina taun 2010, jalma-jalma nu dipercaya ku Nazar disangka maké PT Buana Ramosari Gemilang pikeun ngiluan ténder pengadaan alat bantu nu sarua di Kementerian Kesehatan. PT Buana, nu nempatan ruang kantor jeung perusahaan séjén di hiji ruko, meunang ténder nu nilaina Rp 417 miliar. PT Buana ngéléhkeun parusahaan kakap kelas PT Kimia Farma Trading & Distribution.
Tapi sanggeus katohyan kasus riswah jeung suap tur dijadikeun buronan ku KPK Nazaruddin téh kiwari mah keuna ku paribasa Sunda kawas heulang pateuh jangjang. Jalma nu baheula diandelkeun tur jadi pananggeuhan téh ayeuna mah entong boroning nulungan dalah ieu mah kalang milu ngadedetkeun. Keuna kana paribasa Indonesia ‘sudah jatuh tertimpa tangga’. Teu kurang-kurang pan manehna dilaporkeun ka pulisi ku Anas Urbaningrum jeung babaturanana kalawan tuduhan pencemaran nama baik. Padahal Nazaruddin téh kaasup salah saurang nu milu ngabiayaan Anas nalika nyalonkeun jadi Ketua Umum Partéy Démokrat.
Kawas heulang pateuh jangjang kiwari Nazaruddin jeung nu jadi pamajikanana apruk-aprukan nyumput di nagri deungeun pikeun nyingkahan pangbérokan nu geus disayagikeun ku Komisi Pemberantasan Korupsi.
Kitu di dunya, komo deui engké mah di ahérat, sakabéh jalma nu deukeut nalika didunya baris nyaringkahan tur lumpat ti urang. Nu baris nulungan mah estuning ngan amal sholeh urang wungkul. *** (Muchsin al-Fikri, S. Sos.)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: