• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

DR.H.Mursalin Dahlan : ‘Ulah Nurutan Irama Densus’

DR.H.Mursalin Dahlan
(Ketua Déwan {Pembina Yayasan Ummat Islam):
‘Ulah Nurutan Irama Densus’

Naon ari nu disebat Densus?
Densus téh hiji detasemen nu dijieun pamaréntah Indonésia pikeun merangan teroris.

Naha Densus bet diayakeun?

Naha Densus aya, nya tangtuna aya patalina jeung Amérika. Ari Amérika téh boga kapentingan pikeun numpes térorisme. Ieu isu téh nyaliara ogé, malah dikait-kaitkeun jeung Islam. Ieu téh teu bener. Upama Densus numpes téroris nya teu jadi masalah. Upama manéhna nuduh, nuding, jeung nyakompétdaunkeun kana Islam sakabéhna, nya ieu henteu bener. Ieu téh ngarugikeun pisan.

Ti mana awal mulana isu térorisme téh?

Isu téroris téh nya diarahkeun kana nanjeurna nagara Islam. Isu nagara Islam dimimitan ku isu térorisme. Ari térorisme téh digulirkeun sabada kajadian dibomna World Trade Centre (WTC) dina tanggal 11 Septémber 2001. Ieu kajadian téh jadi dalih pikeun Amérika ngajajah Afganistan jeung Irak. Nya nu jadikeun alesanana téh ayana kolompok Islam fundamentalis, Islam radikalis, tuluy Islam téroris. Ieu terorisme téh tuluy dimekarkeun ka nagara-nagara nu dianggap Islamna kuat. Nya ditekenkeun di éta nagara téh aya Islam radikal jeung téroris.

Naon pakaitna isu téroris Internasional jeung isu téroris Indonésia?
Di Afganistan aya jihad Mujahidin ngalawan Uni Soviet, nya aya barudak ti urang nu ngilu perang. Nalika Soviet turun, nya Taliban mimpin. Kusabab kitu, awalna mah Taliban téh batur gawéna Amérika pikeun ngalwan Soviet. Amérika ngabiayaan Taliban. Ari Soviet pejet, nya jalma kapir Yahudi jeung Nashroni Amérika téh malik nyerang ka umat Islam. Maranéhna babarengan nyerang pamaréntahan Taliban. Nya barudak anu ngilu perang jeung Mujahidin téh baralik ka Indonésia. Kajadian wéh di Bali; Bali kahiji jeung Bali kadua.

Naon hubunganana Amérika jeung Densus 88?
Tah di dinya pisan Amérika boga kapentingan pikeun ngupayakeun numpes téroris nu nyebar di nagara-nagara Islam. Maranéhna babarengan gawé jeung pamaréntah ku jalan ngabiayaan hiji detasemen nu khusus keur numpes téroris.

Naon alatanna alumni Afghan ditewak?
Ku ayana kajadian bom Bali I jeung II ieu téh jadi alesan Densus 88 pikeun néwak ogé numpes nu dituding téroris, naha paéh atawa hirup. Nya ieu pisan nu jadi alesan ditéwakna Amrozi, Imam Samudra ogé diburuna Dr. Azhari jeung Nurdin M. Top.

Kumaha hubungan umat Islam Indonésia jeung alumni Afghan?
Sabenerna mah teu aya hubungan jeung urang umat Islam di Indonésia. Aranjeunna téh veteran perang Afghan. Teu aya pakuat-pakait jeung umat Islam Indonésia. Kusabab dikait-katikeun yén maranéhna téh Islam garis keras, nya maranéhna téh disebut téroris. Nya aya wé nu saperti Abu Bakar Ba’asir (ABB).

Naon nu jadi sabab Abu Bakar Ba’asir dituding teroris?
ABB téh kantos gabung di Majlis Mujahidin Indonésia (MMI). Dina mangsa diadegkeun tahun 2000, dina kongrés kahiji, MMI néangan ulama pikeun jadi ketuana. Nya dipilih wé ABB jadi katua ahlul hilli wal ‘aqdi. Tapi geuningan, anjeunna gaduh agénda nu sanés nu béda jeung MMI. Ari MMI mah nya boga agénda terbuka, témana sosialisasi nanjeurkeun syare’at Islam. Nya kajadian wéh ditewakna ABB. Alesanana mah nya rupa-rupa; urusan paspor ogê nu sêjênna. Satadina pada ngabela. Nya anjeunna ngadegkeun Jama’ah Anshorut Tauhid (JAT). Tina sababaraha kajadian nu aya, ku Densus ditindak ogé dikait-kaitkeun jeung JAT.

Kumaha ngeunaan jalma nu dituduh, ditéwak, atawa kadang ditémbak alatan aya pakuat pakait jeung téroris di Indonésia?
Sabada aya isu térorisme, nya nu ditéwakna mah bisa saha waé. Mimiti urang nempo Abu Bakar Ba’asyir, alumni Afghan, Amrozi sabalad-balad, Dr. Azhari ogé Nurdin M. Top. Ieu téh urusan maranéhna. Upama Densus nuduh Islam salaku térorisme, jelas ieu téh salah ogé ngarugikeun. Upama nyakompétdaunkeun Islam jeung térorisme ieu téh salah. Jelas ieu geus sasar. Islam lain téroris. Islam téh rahmatan lil’alamin. Urang da’wah, amar ma’ruf nahi munkar ogé urang jihad.

Naha aya kapentingan Amérika kitu?
Amérika jelas pisan boga kapentingan. Sabab sabada kajadian 11 Septémber, nya manéhna teu boga musuh. Nya dit’éangan nu dijadikeun musuh téh. Meunang wéh Osama bin Laden. Sabada Soviet ancur, Amérika teu boga musuh. Ieu katempo pisan aya kaitan jeung minyak di Timur Tengah.

Naha Amérika ngagulirkeun isu térorisme?
Amérika hayang mertahankeun hegemonina. Di satukangeun maranéhna nya Yahudi jeung Nashroni. Nalika komunis ancur, nya ditéangan musuh anyar. Nya Islam nu jadi sasaran. Islam ngabogaan kakuatan di Timur Tengah. Nya maranéhna boga kapentingan pikeun ngarebut hal éta sakabéhna. Di Timur Tengah ieu aya panguasa-panguasa nu ngabogaan minyak bumi. Aturan jaman ayeuna téh teu meunang ngajajah kahiji nagara sacara langsung. Ku isu térorisme ieu aya alesan pikeun nyerang nagara lian. Kusabab kitu nya ditétéangan alesan. Ku alesan éta maranéhna bisa ngalakukeun intervénsi. Ka Irak nya dituduhkeun yén Saddam Husein boga sanjata pamusnah masal. Taliban nya diserang alatan aya Osama bin Laden salaku dalam bom WTC. Ku dalih ieu Amérika bisa asup ka nagara-nagara nu dituju. Nya maranéhna gé dibantu ku Sekutu jeung Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB). Ieu gê lumaku ayeuna pikeun Libia jeung Afrika.

Naha Islam nu jadi sasaran?
Amérika usaha pikeun jadi kakuatan tunggal. Nu dipikaiseun ku maranéhna nya dianggap musuh, saperti Islam ayeuna. Kusabab kitu, Islam diusahakeun diwewejét. Nya bijil wé istilah garis keras, Islam liberal, Islam fundamental, Islam téroris jeung nu séjénna. Ieu téh dijieun ku maranéhna.

Naha pamaréntah urang narima kerjasama jeung Amérika dina numpes téroris?
Pamaréntahan di hiji nagara moal kuat upama teu aya dukungan baladna di luar negeri. Komo deui Indonésia. Pan nagara urang téh geus lumpuh ékonomi, politik, sosial jeung nu lianna kacow pisan. Partey panguasa jadi pusat koruptor, tempatna manipulator, ogé SBY geus teu bisa diharepkeun deui. Kusabab kitu perlu aya kerjasama dunia internasional. Kusabab kitu, lantaran urang loba hutang, nya loba kahayang ti maranéhna. Maranéhna boga kapentingan jeung pamaréntahan urang. Nya maranéhna neken pamaréntah urang.

Naon akibatna tina kerja sama pamaréntah jeung Amérika téh?
Amérika bakal mantuan pamaréntah. Nya pamaréntah kudu ulah méré kasempetan ka golongan Islam garis keras di Indonésia. Kusabab kitu, ayana tuduhan térorisme jeung sagala rupana nya mangrupa hal nu dipikayang ku pamaréntah jeung Amérika. Pamaréntah kudu boga alesan. Amerika ogé kudu boga alesan.

Kumaha pola Amérika ku isu térorisme téh?
Teu nutup kamungkinan maranéhna nyieun sorangan pikeun dijadikeun alesan. Cara kieu téh di urang kungsi dilakukeun ku Orde Baru. Maranéhna nyieun, tuluy ditumpes ku maranéhna. Ayeuna bisa waé dipecah-belah, tuluy aya alesan Amérika pikeun asup jeung ngaruntuhkeun pamaréntahan nu aya ayeuna. Kusabab kitu, sacara otomatis Amérika ngabantu pamaréntah salila pengkuh dina nu digariskeun ku maranéhna ngeunaan umat Islam jeung syare’at Islam. Salila diturut ku pamaréntah, maranéhna bakal di-back-up ku Amérika. Naha urusan ékonomi, politik jeung nu séjénna.

Naon kapentingan pamaréntah jeung térorisme?
Pamaréntah moal bisa néwak kitu waé. Maranéhna bakal nindak lamun aya alesan. Dina jaman Orde Baru ieu téh kungsi kajadian. Kuring jeung babaturan remen asup-kaluar panjara sabab aya alesan keur maranéhna ku ayana kasus Komando Jihad (Komji). Nepi ka ayeuna teu jelas: naon Komji téh, saha dalangna? Tapi, nu ditéwak mah nya kuring sabalad-balad. Ayeuna, nya kitu. Di Acéh aya kasusna, di tempat lain dicerek. Polana nya sarua. Naha nasional atawa internasional kudu aya alesan. Nya éta pisan nu jadi alesan maranéhna ngalakukeun tindakan. Upama teu aya alesan, nya diaya-ayakeun.

Kumaha posisi Amrozi CS?
Amrozi sapaarakanca téh mujahid. Aranjeunna maot syahid. Maranéhna bajoang pikeun Islam. Nya bajoangna teu nutup aya kakaliruan. Dina pandangan global, aranjeunna téh ngabéla Islam. Maranéhna ngalakukeun hal sarupa kitu pikeun ngabélaan Islam. Maranéhna ijtihad yén kudu ngabales ka jalma kafir. Ijtihadna bisa bener bisa salah. Nya dina salahna gé meunang pahala hiji. Aranjeunna ditéwak tuluy ditémbak, nya maotna syahid. Sok sanajan urang teu aya di éta tempat, lain hartina maranéhna teu sayhid. Maranéhna tetep syahid.

Naha naon nu jadi ukuranana?
Saha waé jalmana nu bajoang pikeun nanjeurna Islam ti kaom muslimin nya éta téh pajuang. Dina ieu hal, kuring ningali yén sing saha anu bajoang dina Islam, manéhna teu musyrik, naha ngalakukeun ijtihad atawa henteu, nya éta teu nanaon. Ari urang kafir Yahudi jeung Nashroni téh pan moal nepika rido ka umat Islam. Walan tardho ‘ankal yahudu wa la nashoro hatta tattabi’a millatahum. Maranéhna kabuktian maténi kaum muslimin. Ku para mujahid dibéla, nya urang kudu syukur. Urang mah pan teu wani. Maranéhna wani ngalawan, nya urang ulah nyalahkeun.

Kumaha wet béda gerakan Islam téh?
Ieu téh bajoang. Ari bajoang tangtuna perlu visi jeung misi. Hiji jalma bisa aktif dina sababaraha gerakan da’wah salila paham kana visi jeung misina.

Kumaha cara nyikepan éta perbedaan?
Upama urang teu paham nya bakal jadi béntrokan. Dina bajoang ieu kudu paham naon, di mana, keur naon, tujuanana naon, ogé stratégina kumaha? Upama henteu, nya bakal kajadian silih tuduh ogé béntrokan di antara umat Islam. Urang téh sarua kénéh da’wah, tapi prak-prakana nu béda. Urang boga visi jeung misi masing-masing. Dewan Da’wah (DD) nya didirikeun pikeun da’wah. Da’wahna DD nya ku cara mangrupa-rupa kagiatan. Islam téh jembar pisan. Moal bisa dilakukeun ku hiji gerakan.

Kumaha pernyataan Mentri Agama ngeunaan pasantren aliran keras?
Urang nempo Mentri Agama ngaluarken pernyataan yén pasantrén éta téh garis keras. Sabenerna teu pantes Mentri Agama ngaluarkeun pernyataan saperti kitu. Ku ucapan garis keras, ieu geus asup kana masalah Densus, bisa ditindak, ogé ditewak. Lésot tina bener jeung henteuna, ucapan tadi geus nempatkeun pasantrén éta dina garis keras, nu ieu garis keras téh disaruakeun jeung téroris. Ieu ucapan jeung akibatna, tangtu jadi kakuatan kakuasaan pikeun nindak pasantrén.

Kumaha urang nyikepan Densus?
Misi Densus téh nya numpes téroris. Upama téroris euwueuh, nya moal aya deui gawé. Dina ieu hal, teu nutup kamungkinan ayana upaya miara téroris nu saterusna ditumpes ku Densus. Ieu téh kungsi dilakukeun ku Orde Baru. Densus bakal gawé mun aya alesan. Irama Densus nya numpes teroris. Jadi ummat Islam ulah nurutan irama Densus. *** (Yusuf Tajri/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: