• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

KOMPAK DINA INFAQ

َعَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللَّهُ تَعَالَى عَنْهَا قَالَتْ: قَالَ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم: إِذَا أَنْفَقَتِ المَرْأَةُ مِنْ طَعَامِ بَيْتِهَا، غَيْرَ مُفْسِدَةٍ، كَانَ لَهَا أَجْرُهَا بِمَا أَنْفَقَتْ، وَلِزَوْجِهَا أَجْرُهُ بِمَا اكْتَسَبَ، وَلِلْخَازِنِ مِثْلُ ذَلِكَ، لاَ يَنْقُصُ بَعْضُهُمْ مِنْ أَجْرِ بَعْضِ شَيْئاً. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ

 Katampi ti Aisyah ra: “Kanjeng Nabi ngadawuh: Lamun hiji istri ngainfaqkeun sabahagian tina dahareun anu aya diimah, bari teu ngaganggu jatah anu di imah nya pikeun éta istri meunang ganjaran naon anu diinfaqkeun sarta pikeun salakina ogé meunang ganjaran lantaran ngusahakeunna jeung pikeun anu nyimpen ogé saperti kitu, teu ngurangan ganjaran saeutik ogé diantara maranéhna.

HR Muttafaq ‘alaih

A.Syarah Mufrodat

 ‘An ‘âisyata ra katampi ti Aisyah ra, qóla Annabiyyu saw: Kanjeng Nabi ngadawuh: Idzá anfaqta almar atu lamun hiji istri nu boga salaki ngainfaqkeun min tho’ámi baitiha sabahagian tina dahareun, duit atawa barang anu aya diimah ghoiro mufsidatin bari teu ngaganggu jatah anu di imah kána lahá ajruha nya pikeun éta istri meunang ganjaran naon anu geus diinfaqkeun, wa lizaujihá ajruhu sarta pikeun anu jadi salakina ogé meunang ganjaran  bimá iktasaba lantaran ngusahakeunana wa lilkhózini jeung pikeun anu nyimpen atawa nabung cokoteun di ahérat tina hasilna sorangan ogé saperti kitu, Lá yanqushu ba’dluhum  min ajri ba’dlin syaian teu ngurangan kana ganjaran saeutik ogé di antara maranéhna.

B. Syarah Matan

1.  Hiji waktu ‘Aisyah ra kadongkapan hiji indung anu mawa dua budak, anu hiji dipangku anu hiji deui ditungtun bari katingali tiluanna téh lapar. Ku Aisyah dipaparin korma hiji séwang. Nalika korma ditarima ku dua budakna, langsung dihuapkeun lantaran lapar pisan sedegkeun indungna mah teu waka ngahuap tapi neuteup budakna nu keur dahar korma. Réngsé dahar korma, dua budakna tadi masih kénéh lapar bari melong kana korma anu keur dicekel ku indungna. Anu jadi indung surti sarta korma anu rék dihuapkeun ku nu jadi indungna téh dibagi dua dibikeun ka budakna. ‘Aisyah maparin korma teu wawartos heula ka kanjeng Nabi lantaran nuju di luar. Nalika sumping kanjeng Nabi, ‘Aisyah ngalalakonkeun éta kajadian. Rosulullóh saw nimbalan: “Alloh ngaharamkeun éta indung  abus ka naraka sarta wajib abus ka Surga”.

2. Dina hadits tadi kanjeng Nabi ngajéntrékeun lamun hiji pamajikan ngainfaqkeun sabahagian hartana anu mangrupa dahareun, duit jeung sajabana bari teu ngaganggu kana jatah kulawargana nu aya di imah, nya Alloh bakal maparin ganjaran kaduaan: Kahiji, ka pamajikanna anu nginfaqkeun jeung kadua, ka salakina anu ngusahakeunana.

3.  Sangkan kagiatan infaq teu ngaganggu laki rabi disarankeun:

a.  Aya babadamian ti anggalna. saperti lamun rék infaq atawa shodaqoh anu jumlahna sapuluh rébu ka handap teu kudu maké izin ti salaki tapi lamun ti sapuluh rébu ka luhur kudu aya panuju ti salaki.

b. Infaq silang. Pikeun ngajaga hubungan hadé antara indung bapa urang jeung mitoha, lamun rék infaq kudu disilang. Lamun anu jadi salakina rék méré ka indung bapana, nya anu mikeunna anu jadi pamajikanna. Pon kitu deui lamun anu jadi pamajikan rék méré ka indungna nya anu mikeunna téh nu jadi salakina. Supaya meunang peunteun minantu bageur.

4.  Nafaqah anu dibikeun ku salaki ka nu jadi pamajikan minimal kudu dibagi tilu gumluk: Kahiji, keur nedunan pangubutuh kulawarga. Kadua, infaqkeuneun keur anu jadi kolot atawa baraya anu butuh. Katilu, aya sabahagian anu ditabung pikeun kaperluan kahareup bisi aya pangabutuh ngadadak nepi ka urang bisa nyingkahan anjuk ngahutang.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: