• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Kiayi Idrus: ‘SYI’AH MÉNGPAR TINA ISLAM’

Kyai Idrus, dilahirkeun di Jember 36 tahun kapengker. Anjeunna kaétang ulama NU anu anom, tapi élmu pangaweruhna jero pisan. Kyai Idrus neuleuman luar jerona ajaran Syiah kanggo ngabongkar panyimpanganna sareng ngabéla ajaran Islam. Ieu hasil wawancara Koréspondén Bina Da’wah, Dani Kamal Bahtiar sareng Kyai Idrus dina acara déklarasi anti Syi’ah di Jakarta.
——————————————————————
Kumaha sikep resmi Ulama NU kana ajaran Syiah?
Saleresna sikep NU kana masalah Syi’ah nolak kalawan tandes, saperti anu ditandeskeun ku anu ngadegkeun NU K.H. Hasyim Asy’ari dina bukuna “Risalah Ahlussunnah Waljama’ah” dina kaca 11-12, ditandeskeun yén aliran syi’ah téh nyaéta aliran anu méngpar jeung teu tiasa ditawar-tawar deui, malah dugi kana watesan kufur (kaluar tina Islam). Kukituna, pami aya urang NU atanapi pangurus NU anu nyebutkeun yén Syi’ah sanés ajaran anu méngpar, hartosna anjeunna sanés ngawakilan ti NU, tapi ngawakilan kaperyogian anjeunna pribadi, margi sikep NU mah tos tandes pisan. Malih nu namina organisasi mah dimana waé iraha, waé pasti kagungan Anggaran Dasar sareng Anggaran Rumah Tangga.

Kumaha ningali tumuwuhna ajaran Syiah ayeuna di Indonesia?

Pami simkuring niténan ti daérah-daérah, hususna di daérah simkuring di Kabupatén Jember, urang Syi’ah téh tos ngatur posisi, margi di antawis tokoh-tokoh NU di Kabupatén Jember tos disiapkeun tokoh bayangan ku urang Syi’ah. Contona di Jember téh baheula aya Kyai Ahmad Shiddiq anu kantos nyangking Pangurus Rois Am PB NU, tah ayeuna dipayuneun pasantrénna tos diwangun lembaga Syi’ah. Teras rakana ti Kyai Hasyim Mujadi anu linggih di Jember ogé nyaéta Kyai Kuhep Mujadi, dipengkeren bumina ayeuna tos aya tokoh Syi’ah ogé. Janten pasantrén-pasantrén Ahlussunnah Wal Jama’ah di Jember ayeuna téh tos ditingker ku urang Syi’ah. Kumargi kitua hal ieu téh kedah di wanti-wanti ku urang sadayana, sareng insyaallah tina sasih siyam payun, simkuring ti Bahtsul Masail NU Jember badé ngayakeun “diklat perkara bahaya aliran Syi’ah/Ideologi Syiah” salami sapuluh dugi ka lima belas dinten.

Dupi ustadz kantos dialog atanapi debat langsung sareng urang Syi’ah?
Kantos sabaraha kali dialog, malih debat dina forum terbuka, diantawisna anu kajantenan dina tahun 2007. Aranjeunna, urang Syiah, sabaraha kali sumping ka rorompok, margi aranjeunna ngaraos kaganggu ku pertélaan-pertélaan ti simkuring perkawis ajaran Syi’ah. Diantawisna pertélaan simkuring dina acara khutbah walimatunnikah kanggo ngaréspon eusi pangbagéa MC anu kaleresan urang Syi’ah, anu ngadugikeun ajaran-ajaran Syiah bari disamarkeun. Kanggo urang awam mah, panginten teu paham kana eusi pangbagéana aya nu diselipkeun nyebarkeun ajaran Syi’ah. Mung para Kyai anu hadir dina acara walimah sadayana paham. Antukna para Kyai anu hadir ngaharéwos ka simkuring, “Ustadz, éta MC sapertosa nuju nyebarkan ajaran Syi’ah. Saéna diréspons atanapi dilelempeng ulah diantep”. Kitu haréwos para Kyai ka simkuring. Margi diharéwosan ku para Kyai, simkuring janten émosi, anu antukna konsép caramah anu tos disiapkeun ti rorompok janten hilap.
Teras anjeunna nyarios deui, sanés kitu Ustadz, eusi ceramah ustadz perkawis parnikahan Umar sareng Utsman téh teu rasional, bilih ieu téh kisah hadits anu palsu atanapi maudhu’. Simkuring waler, “Malih ieu téh hadits anu pangshahihna, sanés hadits maudhu’. Margi numutkeun sejarawan ti kalangan Sunni ogé ti kalangan Syi’ah medar hadits ieu. Malih imam Al-Ghulayain tina kitabna “Al-Kaafi” disebutkeun tina salah sahiji babna perkawis parnikahan sayyidina Umar sareng Ummi Kultsum. Janten kisah ieu oténtik dina riwayat mah”. Margi dina riwayat anjeunna éléh, antukna anjeunna ngagunakeun alesan rasional. Saurna, “Hé Ustadz, numutkeun rasio atanapi akal anu séhat, kumaha carana Ummi Kultsum tiasa janten bojona Umar bin Khattab. Sabaraha tahun yuswa Ummi Kultsum harita? Simkuring waler, “Hayu urang itung, sayyidah Fatimah wapat saparantos Rasulullah wapat genep sasih, teras Abu Bakar janten Khalifah salami dua satengah tahun, teras saupama Ummi Kultsum ieu babar sateuacan Fatimah wapat, pas Umar bin Khatab janten khalifah, Ummi Kultsum harita yuswana antawis dua tahun. Samentawis éta upami Ummi Kultsum babar dina waktos Rasulullah masih jumeneng janten yuswana dua tahun langkung. Waktos Abu Bakar wpfat, salajengna nu janten khalifah nyaeta Umar. Tah Umar bin Al Khoththob nyangking kalungguhan Khalifah lami pisan. Ku simkuring dijéntrékeun ka urang Syi’ah nu janten MC, yén numutkeun kabiasaan urang Arab mah kanggo istri tiasa ditikahkeun dina nalika anom kénéh. Cobi ku anjeun perhatikeun nikahna Siti Aisyah sareng Rasulullah SAW. Dina waktos harita Siti Aisyah yuswana tujuh tahun, teras kempel ngariung sabumi sareng Rasulullah dina yuswa salapan tahun. Wangsul deui ka Sayyidina Umar bin Al Khoththob waktos nikah sareng Ummi Kultsum, tiasa dina pertengahan atanapi dina ahir nalika nyangking kalungguhan Khalifah, da lami pisan anjeunna janten Khalifahna.
Teras anjeuna naros deui, “Ustadz, Umar bin Al-Khoththob janten khalifah antawis dua puluh dua tahun. Simkuring waler, “Anjeun lepat, nu leres mah Umar bin Aln Khoththob janten Khalifah sapuluh tahun”. Kumargi anjeunna nyebatkeun dua puluh dua tahun, ku simkuring langsung disebatkeun, “Komo pami nganggo étangan anjeun, pami nikah dipertengahan hartosna yuswa Ummi Kultsum tos tilu welas tahun. Komo upami diétang dina ahir kalungguhanna. SRingkesna, urang Syi’ah téh éléh. Anjeuna nyuhunkeun alamat bumi simkuring teras pamitan.

Kumaha program salajengna kanggo ngahadang ajaran Syi’ah?
Sadaya pangalaman nu tadi ku simkuring dijéntrékeun, ditulis janten buku, anu judulna Buku Pinter Debat jeung Syi’ah, anu eusina cara éféktif debat jeung Syi’ah. Teras aya ogé program simkuring anu nuju dijalankeun téh. Margi simkuring salaku dosén ti Sakola Tinggi Negeri Agama Islam Jember, simkuring ngagaduhan dua puluh mahasiswa-mahasiswi anu ku simkuring dididik sareng dilatih kumaha carana dialog atanapi debat sareng urang Syi’ah. Alhamdulillah, hasilna téh waktos aya acara dialog terbuka sareng urang Syi’ah tos siap, nyaeta ti ahlusunnah diwakilan ku simkuring plus mahasiswa nu tadi. Ari ti Syi’ah ku abu Dempo. Antukna kaum Syi’ah kawalahan nampi patarosan-patarosan ti mahasiswa simkuring. *** (dekabe/bd)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: