• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Hartono Ahmad Jaiz: “SYIAH-SUNNI TEU MUNGKIN DIHIJIKEUN”

Kumaha pamendak Ustadz perkawis Syi’ah?
Numutkeun para Ulama kapungkur, hususna Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah, anjeunna mesék perkawis sasarna Syi’ah dina kitab Minhajusy Syi’ah. Kusabab para ulama anu ngajaga, tur diwarisan ku rasul élmuna parantos nétélakeun yén Syi’ah téh sasar, nya kuring anu ngajénan kana élmuna para ulama, ngiringan kanu fatwa aranjeunna. Malahan mah sasarna Syi’ah langkung parna tibatan Nashroni. Sapertos nalika ditanya perkara sahabat anu paling utama, nya Syi’ah bakal ngajawab sahabat dina jaman Nabi Musa. Persis nalika nanya ka kaum Nashrani, sahabat anu panghadéna nyaéta “hawariyyun”. Jaman Nabi Isa as, nalika nanya sahabat saha anu paling goréng, nya dijawab, sahabatna Muhammad saw, anu Allah jelas muji ka para sahabat eta. Kusabab kitu upaya ngagabungkeun Sunni-Syi’ah, mangrupa wujud anu “nyelenéh”, sabab loba perbédaan anu prinsip. Contona perkara ahlak ka para sahabat. Urang-urang Sunni ngahormat tur ngamulyakeun para sahabat, kaasup ka bojo Rasulullah SAW Ummul Mu’minin, nu kénging gelar langsung ti Allah SWT, tapi ku maranéhna dianggap kapir tur murtad, ngan Ali anu teu dimurtadkeun mah. Kusabab kitu rék bisa dihijikeun kumaha antara Sunni jeung Syi’ah. Conto séjén perkara Al Quran jeung Al Hadits nu ku urang Syiah dianggapna geus teu orisinil, jijieunan sahabat, diséléwéngkeun tur diréka-réka. Saperti anu dicutat tina kitab maranehna Ushulul Alkafi, nu dikarang ku Alqulaeni. Ceuk maranéhna Al Quran anu asli mah aya 17.000 ayat anu bakal dibawa ku Imam 12 anu ghaib, anu bakal datang saacan qiyamat, bakal merangan anu teu ngaku Syi’ah. Ku kituna jelas pisan yén Syi’ah teu sarua jeung Sunni.

Numutkeun Ustadz kumaha kamekaran Syi’ah di Indonesia?
Mekarna Syi’ah di Indonésia ogé nyababkeun aliran-aliran sasar nu lian mucunghul. Manéhna ngahiji jeung kaum liberal idéalism agama, anu nétélakeun yén agama anu aya di Indonésia téh “kamusyrikan modérn”. Padahal sapertos anu ditétélakeun ku Ustadz Athian Ali, yén mbahna pluralisme téh aya di tokoh Bandung, nyaeta anu kasohor disebut “Kang Jalal”. Dina pangajianna maranéhna ngagunakeun kedok “tasawuf”. Malahan ka perguruan tinggi, maranehna abus. Anu jelas mangrupa kamusyrikan nu anyar, nyaéta pluralisme agama. Anu jadi sasaranna nyaéta jalma awam utamana mahasiswa.

Kumaha cara ngabendung nerekabna Syi’ah di Indonesia?
Malaysia parantos nyontoan, para tokoh Syi’ah ditewak sarta ajaranna dilarang. Di Indonésia bisa waé kawas kitu. Tapi lamun can bisa, Para Ulama anu kedah ngajaga, tong nepika tokoh Syi’ah bisa asup kana pangajaran, pangajian, majlis ta’alim jeung perguruan tinggi, supaya pahamna teu sumebar dikalangan Ummat Islam. Insya Allah gerakana bakal bisa dikurangan.

Naha mungkin SKB pamarentah bisa diberlakukeun ka Syi’ah, saperti ka Ahmadiyah?
Perkara SKB, kuring teu yakin, margi ieu mangrupa perjuangan anu teu sakeudeung. Sakuduna mah para ulama, mubaligh, tur tokoh Ummat Islam terus-terusan ngada’wahkeun perkara sasarna Syi’ah ka ummat Islam. Teras ummat Islam kudu ngahiji jeung pamaréntah pikeun ngawujudkeun dicaramna ajaran Syi’ah, sapertos di Malaysia.

Tiasa dijelaskeun kunaon aliran-aliran sasar di Indonesia bet mahabu?
Sangkan lengkep waleranana tiasa ditinggal dina tulisan kuring nu lobana genep seri, anu aya dina nahyimunkar.com, tiasa diakses langsung, tur disebarkeun kanu lian, aya 26 kunanon mahabuna aliran sasar nagara urang. *** (Muhdan Firdaus Salam/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s