• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

AGAMA BÉNTÉNG AJEGNA RUMAH TANGGA

AGAMA BÉNTÉNG AJEGNA RUMAH TANGGA

Ku :  Prof. DR.KH. Miftah Faridl 

AGAMA Islam ngadeudeul umatna sangkan bisa ngawangun rumah tangga nu tengtrem kerta raharja tur langgeng. Merenahkeun rumah tangga téh bagian tina amanah nu kudu dipertanggung jawabkeun di payuneun Allóh. Hal éta bakal ngadorong saban muslim satékah polah ngawangun rumah tanggana sangkan tetep tumetep ajeg tur harmonis.

Dina rumah tangga, salaki atawa pamajikan geus tangtu ngadama-dama lahirna turunan nu bisa ngareugreugkeun hirupna. Nyaéta turunan nu jadi buah panonna, saperti nu diébréhkeun dina al Quran surat al Furqon ayat 74, nu unggelna.

Jeung anu nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya! Mugi bojo katut anak turunan abdi sadaya téh jadi buah panon, sareng mugi abdi sadaya jadi pamingpin keur  jalma-jalma nu takwa”.

Nyaéta pribadi-pribadi nu nyugemakeun, nengtremkeun, jeung ngabagjakeun bari di jerona kebek ku sumanget ‘kompetitif’, paheula-heula jadi lulugu dina katakwaan.

Kulawarga anu didama-dama ku saban jalma mumin téh nyaéta kulawarga nu boga tempat dumuk saperti nu di dawuhkeun Allóh, nu unggelna.

“Robbi anzilní munzalan mubárokan wa anta khoirun al munzalína”. Nun Gusti Pangéran abdi. Mugi Gusti merenahkeun abdi di tempat anu diberekahan. Saéstuna Gusti téh pangsaé-saéna nu merenahkeun”. (al Muminún (23): 29).

Pikeun ngalanggengkeun kaasih jeung kanyaah di antara salaki jeung pamajikan. Islam ngajarkeun yén ngawangun kaasih jeung kanyaah téh kudu diwujudkeun saba’da resmi jatukrami. Demi saméméh diakadan mah aya pantangan jeung watesan-watesan nu dipahing dipilampah, saperti ulah paduduaan, indit-inditan kudu dibarengan ku mahromna. Sawangsulna upama parantos ngadahup mah malah kudu loba paduduaan. Nali ka acan ngadahup urang ditimbalan pikeun ‘yaghudlúna min abshórihim’, ngadalikeun panénjo. Saba’da diistrénan ngajodo mah justru dibaeukeun pikeun ngumbar paningali ka pasangan urang, ka istri urang, anu tujuanna téh pikeun ngahudang kasengsem jeung kasono ka pasangan urang.

Nalika keur lalagasan dipahing deukeut-deukeut kana jinah, wa lá taqrobu al zzina, tapi nalika tos ngajodo mah sawadina kudu deukeut pikeun ngahudang jeung méré kasugemaan ka masing-masing pihak nu jadi suami atawa istri, énggoning ngalanggengkeun mawaddah wa rahmah, kacinta jeung kaasih.

Dina ngawayuh rumah tangga aya hal-hal nu kacida pentingna pikeun dibiasakeun ku salaki atawa pamajikan, nyaéta budaya atawa sumanget;

Kahiji,  ta’awun, silih talangan jeung silih tulungan di antara kulawarga. Nalika nu disebut ta’awun, silih tulungan di antara salaki jeung pamajikan geus héngkér, nya geus pasti nu disebut kaasih jeung kacinta ogé bakal leungit.

Kadua, tasammuh, toléran pikeun ngalubarkeun kasalah nu jadi pamajikan atawa nu jadi salaki, nganuhunkeun ka nu jadi bojo atawa carogé, atawa ménta dihampura ka nu jadi pasangan urang éta kacida diperlukeunna dina kahirupan rumah tangga mah. Malah aya hiji naséhat, “Dina rumah tangga ulah pisan-pisan nendeun piheuleut, nunda picela’ nyiar-nyiar kagoréngan nu jadi bojo atawa carogé, tapi sawadina urang kudu nginget-nginget kana amal hadéna istri ka urang salaku salaki. Salian ti éta ulah pisan-pisan nginget-nginget kana amal hadé urang ka manéhna, tapi les mopohokeun kahilap urang ka manéhna”.

Lamun téa mah dina ngawangun rumah tangga, ieu hambalan-hambalan téh ku urang geus ditataharkeun jeung diihtiarkeun lain dina harti sagala-galana bakal bérés roés. Demi hirup di dunya mah, ka asup di rumah tangga, tempat hirupna dua jinis manusa nu mawa karakter, kahayang jeung sipat anu béda, nya geus pasti mawa pasipatan nu béda-béda. Tah ieu anu dina al Quran dibungkus ku ajaran sangkan urang ngabudayakeun tabayyun, ulah babari percaya kana iber jeung béja goréng ngeunaan istri atawa salaki nu teu jelas juntrungna, ngabiasakeun islah henteu ngantep papaséaan, atawa ngantep kasalahpahaman, ulah sok ngupat ka nu jadi salaki atawa istri, ulah moyok ka anu jadi salaki atawa pamajikan pon kitu deui ka nu jadi kulawargana ogé ulah ngagogoréng ku sebutan nu goréng. Sabalikna kudu ngalandi ku landian nu matak ngagumbirakeun haténa saperti kanjeng Nabi ka nu jadi bojona, Aisyah ku landian ‘Ya humairo’. Ulah sok goréng sangka, ulah sok ngintip-ngintip kasalahan nu jadi salaki atawa istri ogé ulah ngabokér aéb nu jadi pasangan urang.

Lamun téa mah dina rumah tangga aya pakia-kia pacéngkadan antara salaki jeung pamajikan tur duanana henteu bisa mémérésna, nya kudu aya nu ngakurkeunna, boh ti pihak lalaki atawa ti pihak awéwé atawa ku jalma anu dipercaya ku duanana.

Lamun téa mah di jero imah aya nusyuz, atawa nukang nonggongna nu jadi istri ka salaki, agama ngajarkeun, pék papatahan. Lamun téa mah ku naséhat teu bisa meruhkeun haténa, nya jauhan tempat saréna. Lamun tetep noyod teu robah-robah saur al Quran pék babuk ku cara nu hadé.

Upama téa mah nu jadi salaki di imah bengis saperti nyangkalak nu jadi istri, nepi ka awakna balangsak ruksak dina Islam aya ajaran nu ngawenangkeun istri pikeun khullu, nyaéta istri ménta pirak ka pangadilan. Tapi ieu ogé dilakukeun saba’da sagala ihtiarna geus disorang. Lamun aya pasalia paham, nya lakukeun ku cara musyawarah. Lamun téa mah henteu réngsé-réngsé, nya ditiiskeun ku cara hijrah téa, jauh tina tempat saréna. Upama téa mah tetep kudu papirak, nya laksanakeun istihoroh leuwih tiheula, nepi ka pipirakan téh dilaksanakeun ku cara nu hadé jeung sopan, lain ku alatan dengdem.

Kawilang penting pikeun dilenyepan nyaéta nalika urang keur hoghag cékcok, tong boroning tatangga atawa deungeun, dalah anak ogé ulah nyaho, manakomo buru-buru bébéja ka nu jadi indung bapa mah. Demi maranéhna geus ngarorok urang ti leuleutik, kalahka hayoh dibangbaluhan ku pirang-pirang kasusah rumah tangga urang. Pék réngsékeun ku duaan heula atawa maké panengah ti jalma-jalma nu ku urang dipercaya bisa ngungkulan pasualan rumah tangga urang.

Nabi maparin apingan, lamun di rumah tangga terus-terusan harénghéng, nya hudangkeun nu jadi istri atawa salaki téh di waktu peuting kalayan kebek ku kahéman tur ajak pikeun tahajud babarengan. Prak geura ngadu’a ka Allóh, ménta bongbolonganna nu hadé. Ieu bongbolongan nu diajarkeun ku kanjeng Nabi sangkan komplik téh ulah terus-terusan nyaliara. Komplik téh ulah dipungkas ku pipirakan, kajaba upama geus teu aya jalan anu sejenna (BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: