• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Serial Abah Dinar : ‘Abdi-Abdi Allóh’

“Dédi kadieu ngagésér saeutik ka Abah”. Cék Abah Dinar.
“Aya naon Bah mani kudu deukeut sagala? Biasana ogé tara kieu”. Cék si Dédi bari ngised ngésér diukna ngadeukeutan Abah Dinar.
“Nyaho ilaing nu disebut hamba Allóh?”
“Kantenan baé atuh Abah piraku Dédi teu terang nu kitu-kitu acan mah”.
“Heueuh naon lain ngoméntaran”.

“Hamba Allóh mah sami sareng Abdi Allóh Abah”, Ceuk si Dédi.
“Heueuh Abdi Allóh téh naon?” Abah Dinar sarua tarikna jeung si Dédi.
“Abdi Allóh mah sami baé sareng abdi nagara, abdi dalem, hamba sahaya, atanapi abdi masarakat, leres kitu Abah?”
“Nya lain Dédi, nu ditanya téh abdi atawa hamba téh naon hartina?”
“Duka Abah teu terang, bantuan atuh Mang, lain di arantep baé”. Si Dédi ngarérét ka Mang Somad jeung Mang Sanusi.
“Hiiih pamuda téh kakarék diuji ku Abah sakitu baé ogé geus taak, komo lamun ujian nasional moal lulus hiji-hiji acan meureun”.
“Ulah seueur koméntar Mang, naon hartina abdi atawa hamba”.
“Abdi asal tina Basa Arab ‘abada y’abudu, hartina ibadah sumerah diri kana Kakawasaan Allóh, ngalaksankeun sakabéh paréntah Allóh sarta ngajauhan naon-naon anu dipantrang ku Mantenna. Hamba mah sesebutan pikeun jalma nu ngabdikeun dirina ka dunungannana nu disebat Abid, sarua kudu ngalaksanakeun paréntah dunungan sarta teu meunang ngalakukeun naon anu dicaram ku dununganna. Jadi hamba sareng abid téh sarua baé, ngan dina basa Arab mah abid atawa hamba disebut MUDLOF gumantung ka saha MADLOF ILEHNA, lamun mudlof ilehna Abah Dinar, nya disebut abdi Abah, lamun mudlof ilehna nagara, nya bakal disebut abdi nagara, atuh lamun mudlof ilehna Allóh, nya disebut Abdullah, atawa Abdi Allóh, ngarti Dédi?” Cék Mang Somad.
“Horéééh”. Si Dédi surak bari keprok. “Pinter geuning Mang Somad téh teu nyangka bisa Basa Arab sagala, dimana masantrénna ari Mang Somad”.
“Hus ulah sok nganggap énténg ka jelema, jeung barina ogé bisa Bahasa Arab téh teu kudu masantrén baé jadi TKI ogé bisa”. Ceuk Mang Sanusi anu ti tatadi cicing baé ngabandungan nu keur gunem catur.
“Ayeuna giliran sim kuring anu badé tumaros ka Abah”.
“Nanya naon ilaing ka Abah?”
“Jalmi nu kumaha baé anu kalebet Hamba atanapi Abdi Allóh téh?”
“Sanajan Abah ogé sanggup ngajawab pertanyaan ilaing téh, tapi bisi kurang pantes jawabanna, éta mah hancengan Ustadz, Abah mah pamuka lawang wungkul, kalebetna mah tangtu lain hancengan Abah”. Ceuk Abah Dinar bari nyumanggakeun ka Ustadz Sholéh kanggo ngadugikeunnana.
“Pinter si Abah mah nya, ari bagian beubeuratna mah dibikeun ka batur”. Mang Sanusi ngaharéwos ka Mang Somad, untung Abah Dinar na keur malaweung teu ngadangu haréwosna Mang Sanusi.
“Anu disebat hamba Allóh téh disebat dina Al-Quran Surat Al-Furqan tikawit ayat 63 dugi ka ayat 74, diantawisna anu hartosna: “Jeung hamba-hamba Allóh téh nyaéta jalma-jalma anu lamun leumpang rengkuh jeung lamun aya nu maséaan jalma teu ngarti nyarita kalawan wijaksana”.
Nu dimaksud leumpang dina ayat éta téh lain hartina leumpang biasa, maké harti Majazi, sabab lamun leumpang biasa bari tungkul tangtuna gé bakal tidagor, nyakitu deui lamun leumpangna bari tanggah, pastina bakal titajong. Jadi harti Majazi mah lain leumpang tapi lumampah, ari lumampah mah asal kecap tina lampah, pagawéan. Tah hamba-hamba Allóh mah salila lumampahna téh tara tungkul teuing, tara dangah teuing, lamun tanggah bakal nempo ka anu saluhureun. Teu kaop nempo batur gedé milik gedé bagja gedé kauntungan, hayang nurutan bari jeung tunggul diparung catang dirumpak, dapon kahayang kalaksanakeun jeung moal bisa nempo kasahandapeun. Moal rék ningali yén batur téh sahandapeun urang. Loba kénéh jalma anu sangsara nalangsa kadang manggih dahar henteu isuk ceuk babasanna mah. Atuh lamun tungkul teuing hirupna bakal reunggas harepan moal aya kamajua dina hirup, boh dina kahirupan dunia atawa keur ngudag kahirupan ahérat.
Wa idza khótobahum, khótoba téh hartina mah nyarita, tapi kusabab tho na panjang, saling omong, hartina paséa. Tah lamun saling ngomong rada patarik-tarik, disebut paséa. Béh dituna bisa gelut, bisa béntrok antar golongan atawa peperangan antar nagara, asalna mah tina omongan nu béda pamadegan, tapi pikeun hamba Allóh mah lamun aya nu ngajak paséa, nulak cangkéng dina kélék, nunjuk irung ku curuk bengkung bari nyorocos ngomong taya eureunna. Manéhna mah bakal cicing dimana réngsé anu nyarita kakarék pok ngomong ku ucapan-ucapan anu bijaksana. Sakumaha dalil Iceu Trisnawati “ Jika memandang langit jangan lupa bumi”. Tah kitu diantawisna Abah, sabagian ciri ti jalma-jalma nu disebut hamba Allóh, salajengna mah mangga aos sadayana dugi ka ayat 74 tadi”.
“Ustadz! Kapan tadi disebatna abdi Allóh tapi anu asal katana ibadah, tapi lebah mana ibadahna? Éta mah mun leumpang bari tungkul atawa tanggah, iraha ibadahna atuh ari kitu mah?” Ceuk mang Somad.
“Upami Mang Somad badé ningali ibadahna wayahna tuluykeun maca ayatna.”Jeung jalma-jalma anu tengah peuting keur sepi jempling sujud jeung nangtung ka Pangérannana (Sholat tahajud) jeung dina sujudna ngadu’a, “Nun Pangéran abdi sadaya! Mugi Gusti nebihkeun ka abdi sadaya tina siksa naraka, saéstuna siksaan naraka téh kacida peurihna”.
“Terus naon deui mang?” Mang sanusi nu nanya.
“ Ari hamba Allóh téh jalmi sanés ustadz?”
“Nya jelema atuh mang”.
“Upami jalmi mah, panginten kantos ngalakukeun kalepatan (dosa), kumaha saéna Ustadz?”
“Teraskeun wé aos ayatna didinya disebat “Kajaba jalma-jalma anu tobat jeung iman jeung amal sholéh, maranéhna mah bakal ditukeuran amal-amal goréngna ku amal-amal anu alus, jeung saéstuna Gusti Allóh téh Maha Pangampura”. Jadi kanggo hamba Allóh mah saupamina milampah kalepatan (dosa) buru-buru tobat. Carana, kahiji, rumasa anu dipilampah téh salah. Kadua, buru-buru ménta dihampura ka Gusti Allóh (lamun dosana aya putula patali jeung papada manusa buru-buru ménta dihampura ka sasamana). Katilu, éta lampah dosa ulah dibalikan deui alias kapok, neukteuk leukeur meulah jantung cadu mungkuk kudu mulang deui ka asal. ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: