• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

PAI salaku Bénténg Mahasiswa tina Ajaran Sasar

PAI salaku Bénténg Mahasiswa tina Ajaran Sasar

 Dina dunya pendidikan umumna, jeung Pendidikan Agama Islam (PAI) hususna, ngaran Pa Syahidin geus teu bireuk deui. Syahidin ngarupakeun hiji dosén PAI. Malah kiwari, Syahidin nyekel kalungguhan salaku Ketua Umum Asosiasi Dosen Pendidikan Agama Islam (ADPISI), hiji orhanisasi nu husus ancrub dina masalah PAI.

Dina danget kiwari, luyu jeung isu Nagara Islam Indonésia (NII) anu ahéng, PAI dituduh nu ngabalukarkeun aksi térorisme jeung paham aliran sasar. Naha bener tuduhan anu kawas kitu?

Pikeun maluruh éta pasualan, Syahidin nyarita panjang ka Bina Da’wah. Ditepungan di imahna di kawasan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Syahidin nyarita panjang ka reporter Bina Da’wah, Agung Aditya Subhan, ngébréhkeun sagala perkara anu aya pakaitna jeung PAI, kaasup isu ngarobah kurikulum PAI kusabab aya isu NII.

Naon anu dimaksud PAI?

PAI nyaéta pendidikan anu melakkeun ajén-inajén Islam ka mahasiswa sangkan bisa ngamalkeun ajaran agama Islam. Contona dokter, lamun dék nyuntik, maca bismillah jeung ngadu’a heula.

 

Tujuan PAI?

Udaganana sangkan Islam bisa ngawarnaan jeung jadi tatapakan kamekaran dina widang kaahlian satiap jalma. Ieu keywordna. Intina iman. Jadi iman nu jadi tatapakan pikeun ngamekarkeun kaahlian profési séwang-séwangan jalma. Salian ti éta, kumaha méré pamahaman ka mahasiswa yén Islam téh rohmatan lil ‘álamin, ngajungjung hukum, reformis, henteu anti démokrasi, henteu patojaiyah jeung Pancasila. Hal éta mangrupa pituduh ka mahasiswa ngeunaan ajaran Islam nu sajaqti.

Aya anggapan yén mahasiswa anu asup ka NII jadi tanggung jawab dosén-dosén PAI?

Wajar. Tapi nu jadi pasualanana, salila ieu dosén-dosén PAI teu kungsi ditalingakeun. Sanajan geus satékah polah usaha. Tapi, lamun di UPI béda jeung tempat séjén. PAI di UPI nepi ka 4 sks. Jadi teu kudu hariwang sabab di UPI, PAI ngahiji jeung atikan agama. Saperti kagiatan tutorial. Teu aya Paguron Luhur anu bisa ngumpulkeun rébuan mahasiswa di hiji tempat. Tapi di Upi bisa. Kunaon? Sabab Mata Kuliah agama. Tutorial jadi bagian nu teu bisa dipisahkeun tina kuliah agama. Lamun tina hiji semester henteu milu kagiatan tutorial di Masjid Al-Furqan salila sapuluh kali, nya geus pasti Mata Kuliah PAI moal lulus. Salian ti éta, dosén PAI di UPI ogé kawilang loba. Jumlahna aya 30 atawa 40 urang. Tah, dosén-dosén éta nu ngatik jeung ceramah-ceramah tina kuliah dhuha. Ku sabab kitu, sakabéh kagiatan jadi ka taliti.

 

Kumaha sikep ADPISI ka NII?

Salaku Ketua Umum ADPISI, kuring geus nepikeun ka kabéh ketua ADPISI di 22 wilayah sangkan teu kabawa sakaba-kaba ku isu-isu NII di paguron luhur. Maksudna, lamun ngajar agama, nya ngajar wé. Ngajar nu bener. Ngajar agama tong ceramah jiga di majlis ta’lim. Tapi kudu jelas jeung aya évaluasi. Sagala rupa kudu dirarancangkeun kalawan lantip tur hadé. Sok sanajan ngajar saukur dua jam.

Kana isu-isu kitu urang teu kaleuleuwihi. Sabab, isu jiga kitu téh lain perkara anyar. Isu saperti kitu sarua jeung isu Komando Jihad, Islam Jamaah, jeung sajabana. Sanajan meureun isu NII leuwih ahéng sabab kudu nepi ka ngapirkeun kolot sorangan sagala rupa

 

Jadi, lamun aya kajadian jiga kitu, sababna mahasiswa kurang atikan agama?

Bener. Sabab, di  Paguron luhur nu dijerona PAI dijalankeun ku cara nu bener, kajadian kitu teu pernah aya.

 

Contohna?

Kieu wé. Mahasiswa nu keur sumanget-sumangetna diajar agama, lamun boga patalékan ngeunaan agama, manéhna moal nanya ka mana-mana, tapi nanya ka dosén agamana. Ku sabab kitu, lamun PAI teu diurus bener-bener, hartina ngarumpak Undang Undang Pendidikan Nasional. Komo deui lamun nénjo kana Palaturan Pamaréntah nomor 55. Di dinya écés pisan dijelaskeun yén PAI kudu dilaksanakeun.

Aya ogé isu PAI kudu diganti ku sabab mahabukeun radikalisme?

Isu yén Islam téh radikal asalna ti manusa anu teu resep lamun Islam éksis. Tapi, hanjakalna, tina éta isu, Paguron Luhur nu hariwang pisan. Nepi ka aya mahasiswa dituduh NII ku sabab ngayakeun halaqoh-halaqoh saperti tutorial di dieu. Malah, ku sabab aya kaayan saperti kitu , kuring kungsi nyarita, lamun nuduh ka aya naon-naon (kabawa NII), dosén agama anu bakal tanggung jawab.

 

Jadi, aya nu ngamanpaatkeun isu NII jang ngaleutikeun PAI?

Di UPI mah, henteu nepi ka dinya. Lamun aya ogé, éta mah jalmana wungkul. Jadi, implikasi ka dinya mah euweuh. Anggapan yén PAI euweuh mangpaat, tacan nepi ka dinya. Malah, tina isu éta jadi aya anggapan yén PAI kudu dikokolakeun bari bener.

 

Mahasiswa anu kabawa NII anu diajar PAI atawa henteu?

Aya anu diajar PAI aya ogé anu henteu. Tapi, lamun diajar PAI biasana remeng-remeng asupna. Béda jeung nu teu kungsi diajar agama, pasti bablas. Kuring boga pangalaman di Itenas. Mimiti aya isu NII KW 9, aya mahasiswa borangan pisan. Sabab, lamun geus asup, biasana teu bisa kaluar deui. Manéhna terus-terusan diancam ngaliwatan SMS. Ahirna, rektorat ménta bantuan ka dosén agama. Harita, kuring koordinatorna. Mahasiswa éta saterusna dipanggil. Cukup ku omongan, “Kamu itu warga negara, kamu diancam dengan cara-cara begini, kenapa tidak lapor saja ke polisi?” Ahirna téror jeung sajabana euweuh nepi ka éta mahasiswa kaluar ti NII. Hartina, moal aya jelema paéh ku sabab ditéror. Éta mah saukur  psikologis. Agung/BD

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: