• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NII MAHABU, PIAGAM JAKARTA DIPOPOHOKEUN

BÉWARA NII KW 9 nu digegedékeun ku média massa ahir-ahir ieu geus metik hasilna dina ngawangun citra goréng keur Islam katut ummatna, malahan mah geus ngarambah kana aktivitas pembinaan mahasiswa jeung barudak sakola. Sababaraha rohis jeung aktivitas masjid kampus dijadikeun sasaran pikeun dieureunkeun kusabab cenah geus kaasupan doktrin NII.
Salian ti ngajejeléh citra Islam ngaliwatan iber NII dina media massa ogé aya gerakan anu sistématis sangkan ummat Islam mopohokeun kana eusi Piagam Jakarta nu ku sawatara tokoh nu anti Islam disebut minangka akarna radikalisme nu pepek ku kekerasan. Padahal éta Piagam téh mangrupa tonggak awal lumakuna syariat Islam di Indonésia.

Dina sajarahna, ping 18 Agustus 1945, aya kajadian nu kawilang penting. Kusaking pentingna éta kajadian, nya teu mungkin bisa dipopohokeun ku sakumna jalma. Saban jalma ti sababaraha generasi baris inget kana éta kajadian. Éta kajadian téh nyaéta dicorétna tujuh kecap dina Piagam Jakarta (Jakarta Charter).
Dina ping 7 September 1944, Perdana Menteri Jepang, Kuniaki Koiso, ngumumkeun kamerdékaan pikeun Indonésia. Léngkah munggaran nu dilakukeun pikeun mapag kamerdékaan téh nyaéta ngabentuk Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPKI) dina kaping 29 April 1945, nu jumlahna 62 urang. Éta Badan téh mancen tugas di Gedung Pejambon dua kali; nu kahiji ti ping 29 Mei – 1 Juni 1945, nu kadua ti ping 10 – 16 Juli 1945.
BPUPKI saterusna milih Panitia Sembilan pikeun nyieun rarancang Pembukaan Undang-undang Dasar. Kasalapan urang panitia téh nyaéta Soekarno, Muhammad Hatta, Muhammad Yamin, Achmad Soebarjo, Abikoesno Tjokrosoejoso, Abdul Hamar Muzakkir, Abdu Wahid Hasyim, Haji Agus Salim, jeung A.A. Maramis. Para ahli biasana ngawilah-wilah éta salapan jalma téh jadi tilu golongan; opat jalma réngréngan kahiji nasionalis sekuler, opat urang réngréngan kadua disebutna nasionalis Islam jeung nu saurang deui nu pangahirna nyaéta Kristen biasana diasupkeun ka golongan nu kahiji.
Kusabab tugasna pikeun nangtukeun mangsa kahareup jeung dasar negara ieu bangsa, nya Panitia Sembilan dina sidang-sidangna kacida pisan alotna. Salila sidang, aya dua arus polarisasi anu paaduhareupan nyaéta golongan anu mikahayang Islam dijadikeun dasar nagara jeung golongan anu mikahayang misahkeun agama ti nagara. Éta perdebatan téh dieureunkeun dina kaping 22 Juni 1945 ku ditandatanganna kamupakatan saréréa. Nya kusabab ditandatangan di Jakarta, katelah wéh ku sebutan Piagam Jakarta.
Dina tanggal 10 Juli 1945, di hareupeun sidang BPUPKI, Soekarno macakeun éta Piagam nu jadi kamupakatan panitia sembilan nyaéta;
“Pembukaan: Bahwa sesungguhnya kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa, dan oleh sebab itu maka penjajahan di atas dunia harus dihapuskan, karena tidak sesuai dengan perikemanusiaan dan perikeadilan. Dan perjuangan pergerakan kemerdekaan Indonésia telah sampailah kepada saat yang berbahagia dengan selamat-sentausa mengantarkan rakyat Indonésia ke depan pintu gerbang Negara Indonésia yang merdeka, bersatu, berdaulat, adil dan makmur. Atas berkat Rahmat Allah yang Maha Kuasa, dan dengan didorongkan oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan kebangsaan yang bebas, maka rakyat Indonésia menyatakan dengan ini kemerdekaannya. Kemudian dari pada itu untuk membentuk suatu Pemerintah Negara Indonésia Merdeka yang melindungi segenap bangsa Indonésia dan seluruh tumpah-darah Indonésia, dan untuk memajukan kesejahteraan umum, mencerdaskan kehidupan bangsa, dan ikut melaksanakan ketertiban dunia yang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi dan keadilan sosial, maka disusunlah kemerdekaan kebangsaan Indonésia itu dalam suatu Hukum Dasar Negara Indonésia, yang terbentuk dalam suatu susunan Negara Republik Indnesia, yang berkedaulatan rakyat, dengan berdasar kepada: keTuhanan dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya, menurut dasar kemanusiaan yang adil dan beradab, persatuan Indonésia, dan kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan perwakilan, serta dengan mewujudkan suatu keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonésia.”
Perhatian jalma ngeunaan Piagam Jakarta téh utamana kana tujuh kecap “dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya”. Loba pisan pakar nu nyatetkeun polemik ngeunaan éta tujuh kecap. Ngan Saoekarno kungsi ngingétan, “upama kalimat ieu teu diasupkeun, teu bisa ditarima ku kaum Islam”.
Cindekna, sanajan loba adu renyom, éta Piagam téh ditarima jadi kamupakatan saréréa. Piagam Jakarta ngarupakeun kamupakatan kompromis nu ditarima ku sakabéh pihak. Malahan, hiji-hijina pihak Kristen nu diwakilan ku AA Maramis, henteu nampik kana éta kamupakatan. Soekarno nandeskeun “Kuring negeskeun sakali deui yén ieu téh ngarupakeun hiji babadamian pikeun ngaréngsékeun kasusah diantara urang saréréa. Éta babadamian téh sanggeus kesang urang saréréa ngucur. Tuan-tuan, tos wéh ayeuna mah sabab kecap “dengan didasarkan kepada ke-Tuhanan dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya” tos ditarima ku panitia.
Dina kaping 17 Agustus 1945, bangsa Indonésia mroklamirkeun kamerdékaanana. Isukna Panitia Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonésia dibentuk. Rapat nu kahiji rencanana dimimitian jam 09.30, tapi kakara bisa dilaksanakeun jam 11.30. Naon nu nyababkeun éta rapat diundur dua jam?
Elatna éta rapat téh kusabab aya hiji peristiwa nu kacida pentingna pikeun ummat Islam mah. Dina jero dua jam éta, tujuh kecap nu kacida pentingna tur meunang hésé capé téh kalahka dicorét. Ngeunaan éta kajadian, Mohammad Hatta nandeskeun yén “ieu pisan hiji parobahan nu kacida pentingna pikeun ngahijikeun sakabéh élémen bangsa”.
Loba pisan misteri nu jadi cukang lantaran dicorétna éta tujuh kecap téh. Endang Saefuddin Anshari nuliskeun éta misteri téh dina bukuna nu kawentar, Piagam Jakarta. Alesan nu pangsohorna mah nyéata carita ngeunaan hiji opsir Kaigun (Angkatan Laut Jepang) nu datang ka Hatta, éta opsir nyebutkeun yén lamun éta tujuh kecap masih kénéh aya, nya wakil-wakil Protéstan jeung Katolik kacida teu narima kana éta kecap téh.
Kumaha réaksi ummat Islam kana éta kajadian? Prawoto Mangkusasmito manghanjakalkeun éta bet kajadian, naha kamupakatan nu meunang hésé capé bet bisa dirobah ngan dina sababaraha menit, aya naon iyeu?
Sedengkeun KH. M. Isa Anshari negeskeun yén “ kajadian nu nyolok mata buncelik téh karasana ku ummat Islam mah minangka hiji sulap nu masih kénéh dipinuhan ku kabut rusiah,,, minangka permaenan pat-gulupat pikeun golongan muslim, tapi arinyana tumut patuh henteu ngayakeun perlawanan kusabab luhungna jiwa toléransi ummat Islam.
Tah saperti kitu sikep tokoh-tokoh Islam kana kajadian nu kacida pentingna. Sikep tadi némbongkeun eunteung jiwa, pangorbanan jeung toléransi ummat Islam nu kacida gedéna ka ieu nagara. Mantan Menteri Agama, H. Alamsjah Ratu Prawiranagara kungsi ngoméntaran ngeunaan éta pangorbanan, “Ieu hal ditarima taya lian kusabab kahayang ummat Islam ngawangun persatuan di jero kamerdékaan, nepi ka lahirna Pancasila sakumaha nu dipikawanoh ku urang ayeuna. Tah ieu téh pangorbanan jeung hadiah nu pangbadagna pikeun bangsa Indonésia”.
Piagam Jakarta, éta saukur salasahiji kasus nu ngabéjérbéaskeun kumaha gedéna pangorbanan ummat Islam pikeun ieu nagri. Upama ditarik ka zaman kasultanan jeung révolusi, pangorbanan umat Islam bakal beuki rongkah. Gedéna pangorbanan ummat Islam téh sakuduna jadi bahan tapakuraneun sakabéh bangsa Indonésia. Kusabab ummat Islam, éksisténsi ieu nagara moal aya. Kusabab jasa-jasana nu sakitu gedéna, sakuduna mah ummat Islam téh dibéré tempat nu luyu jeung maqomna nu pantes di ieu nagri, lain terus-terusan dicuriga tur dituduh ku pirang-pirang tuduhan anu matak ngaraheutkeun manah umat Islam. Arif Munandar Riswanto/BD

One Response

  1. sakedahna umat islam anu masih keneh sadar kana agamana kedah ngahiji sabeungkeutan dina merjuangkeun islam teh..tong kahalangan pedah benten acuk..

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: