• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

GERENTES HATÉ – 375

ANU kapendak ku urang, boh dina pangalaman boh dina pangaweruh ngeunaan ékonomi, di dunya téh aya dua sistim ékonomi nyaéta kahiji, ékonomi kapitalisme liberalisme, kaduana, ékonomi kominisme proletrisme. Tah éta téh numutkeun pandangan Islam mah lamyacreug alias teu eucreug. Margi saur Allóh dina surat al Baqoroh, 2 ayat 177. “Laisa al birro an tuwallû wujûhakum qibala al masyriqi wal maghribi, teu hadé pikeun maranéh, nyanghareupkeun beungeut ka wétan atawa ka kulon”. Dina naon? Nya dina sagala kahirupan, dina sistim pulitik, ékonomi, kabudayaan, pertahanan jeung kaamanan katut sistim-sistem séjénna, éta kabéh teu diangken ku Islam mah, da duanana ogé lain kitu cék Islam mah, da kapan cék Islam mah, “wa fî amwálihim haqqun lissáili wal mahrum”, dina harta jalma nu baleunghar téh aya hak batur, pikeun jalma-jalma nu ménta tulung, ménta bantuan. Pon kitu deui jalma-jalma anu kudu dipikanyaah. Tah dina sistim kapitalis mah nu kitu téh teu aya pisan.


Anu dianut ku sistim kapitalis mah ngeruk kauntungan nu saloba-lobana, teu mikirkeun infak, zakat atawa shodaqoh, eupeun nu karitu mah. Samalihna upama dina sistim kominisme mah apan teu aya milik pribadi, nu aya téh milik saréréa, nu matak dina ajaran kominisme mah aya ajaran; “sama rata sama rasa”, téa.
Ari dina Islam mah aya hak pribadi ogé aya hak keur batur, upama urang nénjo kana sistim ékonomi nu dilarapkeun di nagara urang. Ieu téh condong kana liberalismeu. Dina Républika 20 Méi 11 kamari SBY nétélakeun yén ékonomi liberal téh teu pas pikeun Indonésia mah. Tapi upama diguar kalawan jero tétéla omonganna téh patojaiyah jeung kanyataan, sabab aya opat ciri tina ékonomi liberal nu dilarapkeun di Indonésia. Kahiji, ngajaga stabilitas makro ékonomi jeung disiplin anggaran. Kadua, liberalisasi dina perdagangan. Katilu, liberalisasi dina kauangan. Kaopat, liberalisasi dina pripatisasi.
Jadi naon-naon anu diomongkeun ku SBY salaku présidén jeung kabuktian nu nyampak dina kahirupan nagara éstu tojaiyah. Naha ieu téh ku alatan aya nu disebut BOS, Raskin, Jamkesnas atawa baheula di jaman Habibie mah disebutna téh JPS (Jaringan Pengaman Sosial) nu kadituna mah robah jang paokeun saréréra. Anu sajatina mah ngadidik masarakat sangkan jadi tukang jajaluk.
Para ahli hikmah nétélakeun, laku lampah kitu téh leuwih jujur batan omongan saperti nu kaunggel dina Diwan al Ma’ani jilid ka 1 kaca 51. Jadi upama urang nampik liberalismeu tapi patojaiyah eujeung kanyataan nu kitu téh bohong. Sabab saur para ahli hikmah ogé écés, ulah ningali naon anu diucapkeun tapi tingali kabuktian. Istilah nu ku urang sering kapendak nyaéta cariosan para ulama, fahum bizzawahir.
Kiwari anu keur haneut obrolan-obrolan di warung kopi téh nu disebut ékonomi naga. Hiji istilah anu dilarapkeun ka nu boga naga, saha cik nu boga naga téh? Taya lian nu boga naga téh Cina téa. Lamun Rosul SAW kantos sasauran, “Utlubul ‘ilma walau bissîn – pék téangan ku maranéh élmu sok sanajan nepi ka nagri Cina”. Cik élmu naon nu aya di Cina? Saur para ahli mah élmu nu positip ku urang tiasa dicuprih pangaweruh Cina téh, nyaéta kahiji tina pangaweruh pangobatan, kadua masalah manajemen kaasup kauletanna. Katilu, dina masalah pulitik dagang. Tah ieu tina sisi positipna. Tapi tétéla pulitik dagang téh ku batur mah diparaké ku cara goréng, antukna upama ku urang ditingali Cina-Cina nu aya di luar nagri Cinana, maranéhna ngagunakeun sistim kapitalisme, ngokop kana sagala rupa ékonomi nu aya di tempat maranéhna nganjrék. Saperti di urang balatak Cina-Cina nu ngungsi ka urang di dieu, kalayan gampil jadi warga nagara, sok sanajan teu bisa basa Indonésia, sarua kabéh ogé ngarokop pisan. Antukna bangsa urang leuleutikanna mah ukur jadi laden, karyawan, buruh. Anapon nu jadi inohongna mah, nyaéta nu boga capital, nya maranéhna. Tah ku ayana capital nu dicekel ku maranéhna, nya maranéhna bisa nyieun bank nu kiwari rajég di urang. Aya nu disebut BCA (wancahan tina Bank Cina Asli lain Bank Central Asia) da enya kitu hakékatna mah. Aya LIPPO téa, Cina-Cina sorangan mah nganjuk ka LIPPO téh ngalepo pisan atawa hipu. Ari bangsa urang mah hararésé. Bangsa Cina lamun nganjuk ka bank-bank nagara sok sangeunahna. Maranéhna nganjuk ku cara ngaborehkeun atawa ngaanggunkeun tanah-tanah nu dibareulian ku maranéhna saba’da harga tanahna ditaékeun saratus tikel tina harga nu samistina. Atuh bro bank téh maréré sakitu puluh milyar, ari anggunanna mah paling ogé milyaran. Tapi kulantaran harga tanahna geus ditaékkeun ku maranéhna saratus likur tikel, nya ku bank téh dibéré, bari eukeur mah eukeur deuih bagian perkriditan jeung direktur bank urangna ogé kabagian hancenganna.Ulah lalawora. Tah ieu naga, naga mah kitu karepna téh sok ngokop waé, apan naga mah sungutna téh badag, lin?
Upama kaayaan téh terus-terusan kieu, kaayaan ékonomi nagara urang téh masih kénéh dikekewek ku bangsa asing. Katingali urang téh merdéka ari awak mah, dina harti geus teu aya penjajah. Sistim pamaréntah dicekel ku bangsa urang. Tapi kapan sistim ékonomi mah tetep dicekel ku naga. Bangsa urang nu jadi inohong sok jaradi gogog pikeun naga. Numatak aya istilah Ali Babah jeung Babah Ali. Naon bédana? Lamun nyaritakeun Ali Babah, hartina Ali nu kahareup Babah nu ditukang. Jadi hartina nu jaradi gogog , nu ragég kahareup téh bangsa urang, da aya nu ngeprokan ditukang, nu méré tulang jeung sabangsana. Sabalikna upama aya Ali Babah, Babahna nu maju kahareup, Ali-na nu ditukang, manéhna jadi gogog di tukang. {ta ogé tetep kabagian tulang nu dialungkeun ku si Babah. Tah kieu kaayaan bangsa urang téh. Jadi salami bangsa urang masih jadi piaraan dikalangan inohong ku naga bakal tetep kahirupan ékonomi téh kieu ayana.
Kumaha aya jalan kaluarna? Rada hésé ogé milarina, salagi kapital dicekel jeung teu gedé mangpaatna keur balaréa, nya geus pasti kriminalitas bakal tetep mahabu, kriminalismeu bakal tetep ngarajaléla di ieu nagri nu kaayaan pendudukna hirup dina kaayaan rupek, hararésé.
Diantawis tujuan ékonomi téh kapan saur Allóh mah, “Li allá yakûna dûlatan bainal aghniyái minkum”, sangkan kapital, modal atawa harta pakaya téh ulah kukulibekan di kalangan jalma nu baleunghar wungkul. Sabab sistem ékonom Islam mah kapan teu ngaharepkeun kaayaan ékonomi sarua jeung ombak laut kidul, teu kitu. Tapi cariosan nu dilaporkeun ka Sayidina Umar ku para panaliti ahli ékonomi nu dikirim ka propinsi Homa di Syiria harita. Talék Umar, kumaha kaayaan ékonomi di Hom nu dipingpin ku Sa’id bin Umer? Jawabna kumaha? Ékonomi di Homa mah rata-rata cai, hartina ‘ukur ririakan wungkul, nu beunghar téh ukur saeutik, tapi rata-rata harirup. Sawangsulna upama nu disebutkeun ombak atawa gelombang, tah nu kieu mah matak riweuh, sabab nu beunghar mingkin beunghar, nu nyungseb mingkin nyungseb. Hadé sotéh gelombang pikeun salancar keur nu salancar, ari dina ékonomi mah kawantu teu hadé.
Jadi, bongbolonganna pikeun sim kuring mah rada bingung. Da kuring mah lain ahli ékonomi. Ngan meureun, cik atuh nu baleunghar ti kalangan kaom muslimin, kahayang téh kudu bisa nyaingan naga-naga ieu nu ngaruksak ngagalaksak di mana-mana. Sabab salagi kaayaan ékonomi saperti kieu, nya rahayat urang bakal tetep sangsara kadungsang-dungsang, ngocéak sapapaosna. Ari bangsa deungeun atawa kaom naga tetep bakal tetep mohaka ngaraja.
Étnis kalangan naga téh ari dina panon mah maranéhna téh pararétét, tapi dina kanyataanna mah sok sanajan maranéhna téh malalétét tapi dina kacapangan ékonomi mah maranéhna téh éstu buncelik tur kawasa. Samentawis bangsa urang mah panonna téh balalotot tapi teu bisa naon-naon. Upama bangsa naga panonna balalotot, pisakumahaeun teuing tah.
Cing atuh lenyepan, ka para agniya nu leres-leres ku Allóh dipaparin lolongkrang pikeun ngokolakeun ékonomi, biluk kana ékonomi syariah. Tapi ékonomi syariah nu bener-bener syariah lain kawas kiwari, aya Bank Mandiri Syariah, BRI Syariah, BNI Syariah, BCA Syariah. Malah Bank Amerika ogé aya nu syariah sagalarupa, matak pikasebeleunna téh. Tapi cik ngarti teu Bank Amerika kana syariah? Ah boro-boro da éta mah ukur keur pasar wungkul, taméng sangkan kaom muslimin kataji ku maranéhna. Da geuning kadituna mah tetep baé diurus ku BI. Sanajan urang kiwari gaduh Bank Muamalat, tapi ari tetep aya dihandapeun dampal sukuna BI mah sami mawon baé. ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: