• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Gerentes Haté, BD 374

ALLOH SWT ngadawuh, “Poma maranéh ulah rék maéhan diri maranéh, saéstuna Alloh kalintang nyaah tur hémanna ka maranéh”. Ieu ayat nétélakeun yén maéhan manéh mah, dina wujud kumaha baé ogé tetep ulah jeung haram. Samalih Rosululloh SAW kantos sasanggem, “Sing saha nu maéhan manéh ku péso, bakal asup naraka. Di narakana manéhna bakal terus-terusan nubleskeun péso kana awakna sorangan, saha nu ngagantung manéh, nya di narakana ogé bakal ngagantung manéh bari taya reureuhna”.

Kiwari mah aya deui maéhan diri sorangan téh dina wujud nu katelah ‘bunuh diri dengan cara yang nyaman’. Ku cara disuntik, nepi ka hosna paéh. Ayana téh di nagara “paman urang”, emang urang, nyaéta Amérika. Kumaha tah, maténi sorangan tapi teu karasa nyeri, cenah? Nyaho-nyaho geus hos wé paéh? Tetep anu kitu ogé kaasup bunuh diri anu dicaram ku Alloh SWT.
Anu jadi alesan diayakeunna bunuh diri samodél di nagara “emang urang” téh nyaéta ku lobana jalma-jalma anu geus ngarasa bosen hirup alatan geus ropoh kolot, atawa mungkin ku lantaran nandangan kasakit nahunan.
Para ulama ti jaman kapungkur, boh di urang atawa di nagara séjénna tos nandeskeun yén “bunuh diri” kumaha baé carana tetep haram. Kumaha cenah upama maéhan manéh téh di masjid, saperti nu kacatur kamari. Ari tidituna mah enya cék ujang Syarif mah kitu téh jihad, manéhna ngabeledugkeun bom bareng jeung takbirna imam dina sholat Jum’at di Kapolrés Cirebon cikénéh.
Kumaha tah hukumna kalakuan kitu patut téh? Sami waé, éta ogé haram. Ari cék maranéhna mah kitu lampah téh, (ku alatan dikacowkeun pipikiranna, jeung disasarkeun aturan hukumna) kaasup jihad. Engkéna bakal dipapagkeun ku tujuh widadari nu langsung bakal jadi pangantén. Numatak jalma anu siap maéhan manéh, nu niat jihadna modél kitu sok disebut kemantén.
Cik pangémutankeun ku sadaya, naon ari jihad téh? Mémang kalintang seueurna kecap jihad anu téndénsi hartina téh kana perang. Tapi naha jihad téh perang wungkul? Apan henteu. Atawa saban perang téh jihad? Henteu éta ogé. Balatak perang anu dilakukeun di jaman kalarung. Saperti perang antara Hayam Wuruk jeung Sri Baduga Maharaja, lalakon perang bubat téa. Naha éta sabilillah? Apan henteu, da éta mah antara Hindu jeung Hindu.
Jadi teu satiap perang téh jihad. Ari perang nu kaasup jihad mah écés, nyaéta pamustungan tina da’wah. Alternatif da’wah nu pamungkas, teu aya deui kajaba perang. Pék tingali dina jaman Rosululloh SAW. Naha waktos jaman Rosul, tapékong-tapékong atawa berhala-berhala anu rajeg ngajarentul di sabudereun Ka’bah téh diancurkeun ku Rosul? Apan henteu, diantep wé. Naon margina? Nuju lemah harita mah. Anu terus-terusan dipedar mah apan saukur bagbagan Lá iláha ilallóh. Malihan nalika para sahabat dikakaya, atawa dirogahala saperti Khobab, Bilal bin Robbah, Amr bin Yasir, apan harita henteu aya nu ngalawan kana kalakuan gangasna kaom kapir Quraisy ka para sahabat Nabi. Lantaran nuju lemah téa, malah digeneng ku Alloh, “cicing éta leungeun”, tarjamah tina, “kuffú aidiyakum”, ngajedog éta leungeun ulah ngopépang kana pakarang. Anggur mah adegkeun sholat.
Salami tilu welas taun Rosululloh SAW ningali kagangasan kaom kapir ka diri anjeunna katut ka para sahabatna téh ukur tiasa diwaler ku ngusap dada wungkul. Saba’da hijrah ka Madinah, lajeng bebenah di dinya, nya Alloh ngalungsurkeun ayat Na, “Udzina lilladzína ámanú biannahum zhulimú- ayeuna mah geus diidzinkeun ka jalma-jalma anu ariman pikeun ngalawan lantara maranéhna dikaniaya”.
Nembé diwidian ngalawan, hartina ari nyerang mah henteu. Sabab sistim perang dina Islam mah sadayana ogé tos apal sipatna téh ‘defensif’ henteu ‘opensif’. Saperti pidawuh Alloh, “Qótilulladzína yuqótilúnakum walá ta’tadú – pék lawan ku maranéh, jalma-jalma anu merangan maranéh, tapi poma ulah kaleuleuwihi”. Jadi saba’da perang téh ulah der ngararuksak jeung ngagalaksak. Jalma anu teu tua teu dosa hayoh dirogahala jeung ditilasan. Atawa saperti kalakuan bobotoh ti Surabaya anu loma disebut Bonék téa, ku alatan klub nu diagulkeunna éléh dina méngbalna, atuh sapaparat jalan téh murang-maring. Nu keur leumpang sisi jalan karéta, belewer dibalédog, jeung ngaruksak nepi ka teu stasiunna teu karéta apina, kabéh diraruksak.
Saba’da Rosululloh nganjrék di Madinah tur ku Alloh diwidian pikeun ngalawan, bari apan perangna ogé ulah kaleuleuwihi téa. Atuh saba’da réngsé perang téh bring baé mulang ka lemburna. Sugan kacaturkeun sasaparat jalan mulang ti medan jurit téh ngaruksak atawa ngarogahala batur, saperti prajurit-prajurit Jepang atawa Amerika boh kiwari atawa nu bihari apan ngagalaksak ngaruksak téh lain bobohongan, saperti nu didawuhkeun al Quran, “Inna al mulúka idzá dakholú qoryatan afsadúhá wa ja’alú ai’zzata ahlihá adzillatan wa kadzálika yaf’alúna”- Saéstuna raja-raja ( nu durjana) baheula upama asup ka hiji nagara, sok ngarurug éta nagara, sarta para gegedénna anu mulya sok diharinakeun ku maranéhna. Tah nya kitu anu bakal dipilampah ku maranéhna”. (an Naml,27 : 34).
Dina Islam mah hamo aya nu kitu lampahna. Usum teu perang, atawa gencatan senjata cék ayeuna mah, apan teu silih rogahala, saperti nu dilakukeun ku Salahuddin al Ayyubi dina perang Salib ngalawan raja Richard Lion Heart. Saba’da si éta raja brek gering, diayakeun genjatan senjata, aman teu aya naon-naon, biasa deui pasuliwer jeung pagaliwota antara muslim jeung kapir téh. Sugan kituh nalika gencatan senjata téh silih kakalakeun atawa silih culik. Henteu aya nu kitu dina Islam mah.
Jadi lamun téa mah aya golongan nu ngaku-ngaku Islam, beledug ngabitukeun bom bari jeung manéhna sorangan suwargi, cik tuduhkeun timana dasarna, mana alesanana? Da teu diwenangkeun, teu ditolélir ku Islam mah. Aya sotéh dina usum perang, éta ogé lamun darurat. Saperti nalika keur campeuh perang, aya hiji bénténg musuh anu kudu ditalukeun. Sabab lamun teu kitu bakal ngaruksak jeung ngarugikeun barisan umat Islam atawa umat Islam moal aya dina kaunggulan. Nya pék téh teuing da éta mah darurot, demi nu haram mah henteu mutlak haramna.
Maéhan manéh téh haram. Tapi ari keur darurot mah teu naon-naon. Nu jadi pasualanna, naha kiwari geus kaasup darurat golongan téroris téh? Malahan pulisina ogé harita mah keur jaruma’ahan, keur aribadah ka Alloh. Nya muga-muga wé meunang pangampura ti Alloh. Na ari beledug téh ujang Syarif ngabitukeun bom, nepi ka loba jalma anu taratu bari dirina sorangan ogé maot. Apan kitu peta téh kawilang salahna.
Dina jaman sahabat Abu Bakar, nalika anjeunna kapéto jadi kholifah, kantos anjeunna mingpin perang. Anjeunna hoyong muka lawang bénténg musuh nu dikonci pageuh. Nya anjeunna nyalukan ka para prajuritna, “saha diantara maranéh nu hayang abus ka sawarga?” Méh ampir sakabé prajurit réang saur manuk, hayang dibalangkeun ka jero bénténg pikeun muka tulak panto, nu geus pasti bakal paéh, tapi panto bisa muka jeung umat Islam bisa meruhkeun éta bénténg, tah nu saperti kitu darurat mah.
Jadi, hayu urang balikkeun deui harti jihad téh kana hartina nu sajati. Jihad dina harti qital atawa perang téh panyambung tina da’wah, mangrupa tarékah pamungkas, kitu ogé upama ditangtang. Ari teu ditangtang mah, ujug-ujug nyerang batur bari kaayaan aman apan dipahing pisan ku Islam mah. Pan tadi ogé disebutkeun perang dina Islam mah sipatna téh depensif henteu opensif.
Salajengna jihad téh tiasa dimekarkeun kana ambahan anu langkung lega. Dina hartos sagala rupi laku lampah nu ngabalukarkeun kacapé kelebet jihad, upama dina jalan Alloh. Kituna téh upami dicandak tina kecap dasarna, aljuhdu, hartosna capé. Nya sagala rupa amaliyah nu nyababkeun capé dina jalan Alloh kalebet jihad.
Kumargi kitu jihad nu dilakukeun ku jalma-jalma anu ngaku majuangkeun Islam saperti ku ngabeledug-beledugkeun bom disawatara tempat, punten pisan ti pihak Déwan Da’wah mah teu panuju pisan. Kitu peta téh saukur ngajadikeun citra Islam mingkin jadi goréng. Nepika dianggap ku sawaréh manusa, utamana di Éropa, Islam téh agama nu gangas, radikal, galak, telenges. Kusabab kitu geus ulah daék kataji ku Islam”. Apan jadi kitu sikepna téh, keur mah eukeur deuih rukal-rékol kitu téh jieunan maranéhna sorangan. Da lamun téa mah bener-bener hiji muslim ngarti kana Islam nu sajati atawa universal geus tangtu moal rék kikituan.
Umat Islam di Indonésia téh kondisina keur lemah. Sok wé aku ku urang, kahiji lemah dina widang akidah, da dimamana apan kamusyrikan nu digedé-gedékeun téh. Kadua lemah dina hambalan jama’ah, Katilu, lemah dina imamah, jeung Kaopat, lemah dina ittihadul ummah, nepi ka rarasaan mah asa teu aya ummat di urang mah. Atawa lemah dina widang ékonomi, ÉsDéM jeung lemah dina widang intelektual. Buktina partéy-partéy Islam téh apan gawéna téh ukur ngudag-ngudag jabatan wungkul. Paribasana cék Rosihan Anwar rohimahulloh, pancén anggahota DPR téh ukur majuangkeun harta banda wungkul, atawa nyarieunan undang-undang terus dipasangan bandrolna. Boh ti sékulér atawa ti partéy nu ngaku Islam ari geus asup ka sistem mah samimawon.
Jadi upama maranéhna ngaku jihad, ah punten baé, da ari jihad mah kudu tétéla naon anu diperjuangkeunna, nyaéta syariat Islam. Ari ieu kumaha? Saperti nu kabandungan kamari nu diperjuangkeunna téh ukur komisi, “rapat pariporno” (rapat paripurna DPR RI bari nonton vidéo porno), apan ngisinkeun pisan. Maenya keur rapat penting kalahka hayoh ningalian gambar nu kararitu, bari nu boga laku lampah goréng patut téh cenah ti partéy Islam, apan ngawiwirang pisan anu kitu mah. Ari nu kitu jihad? Punten nu kitu mah lain jihad pisan.
Tah jadi, balikeun deui pama’naan jihad téh kana harti nu sajatina, ulah nepi ka citra Islam téh rujit ku laku lampah sawaréh manusa nu ngaku Islam, saperti kajantenan di Cirebon cikénéh, anu dipilampah ku ujang Muhammad Syarif, bari ninggalkeun pamajikan nu keur meujeuhna bubureuyeungan salapan bulan. Cék sakaol mah jiwana keur kaganggu. Nya pantes waé da jiwana terus-terusan diganggu ku ajaran nu nyaliwangkeun ma’na jihad, kana harti nu heureut, bari ku maranéhna mah diaku-aku yén ketak kitu téh bakal nganteurkeun kana karidlo Alloh nu supna ka sawarga. Punten, Déwan Da’wah mah teu panuju pisan. ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: