• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

TARBIYAH SIYASAH:Bingbingan Pulitik Mapag Daulah Islam

Bingbingan atawa apingan pulitik (Tarbiyah Siyasah) téh mangrupa bagian ’intergal’ tina ajaran Islam ogé bagian tina materi da’wah Islamiyah. Tujuanna mah sangkan umat paham kana ajaran atawa konsép Islam ngeunaan pulitik, sakaligus milih kakuatan pulitik, wakil rahayat, atawa pamingpin (Ulil Amri) anu Islami.
Dina Islam, apingan pulitik hartina nataharkeun kaom Muslim sangkan jadi warga anu hadé, nyaho kana hak jeung kawajiban, terus ngalaksanakeunna ku kasadaran demi miharep ridlo Alloh.
Numutkeun Utsman Abdul Mu’iz dina buku Tarbiyah Bingbingan Pulitik Ikhwanul Muslimin (2000), apingan pulitik téh mangrupa bagian nu poko atawa fondamén tina bingbingan Islam, sabab bingbingan Islam mah mangrupa bingbingan nu ngawengku pribadi satiap jalma jeung masarakat.

Bingbingan pulitik dina danget ieu mah hukumna wajib, demi nataharkeun élémén-élémén nu leuwih hadé pikeun ngawujudna masarakat muslim. Bingbingan pulitik téh mangrupa tihang utama di antara pilar-pilar bingbingan Islam, sabab bingbingan Islam téh ngawengku kana bingbingan spiritual, bingbingan intéléktual, bingbingan fisik, bingbingan émosi, bingbingan sosial, bingbingan militer, bingbingan ékonomi, jeung nu séjén-séjénna.
Islam téh agama pikeun sorangan jeung masarakat. Masarakat Islam hamo ajeg upama teu aya pulitik nu Islami. Jadi, bingbingan pulitik téh nyaéta nataharkeun warganagara sangkan ngalaksanakeun urusan-urusan umum dina hambalan kahirupan jeung mekelan maranéhna sangkan bisa ngalaksanakeun nu jadi kawajiban maranéhna jeung ngariksa hak-hak maranéhna.
Sakabéh lembaga bingbingan nu aya di masarakat, saperti kulawarga, sakola, forum, média informasi boh citak atawa éléktronik, paguron luhur jeung pabukon umum, kabéh kudu milu aub dina nyiapkeun warga nagara muslim sacara pulitis sangkan ngayuga masarakat muslim.
Di antara ujian nu disanghareupan umat Islam kiwari nyaéta maranéhna sieun kana pulitik, sarta jauhna para ulama katut da’i tina dunya pulitik. Balukarna, golongan sekulér, anti-agama, jeung musuh-musuh umat Islam éta nu nyokot kadali pulitik.
Numutkeun Khalid Ahmad Asy-Syantut dina Da’wah Pulitik antara Pragmatisme dan Profesionalisme (2010), miang tina karakteristik Islam nu syamil, anu ngatur sakabéh widang kahirupan, Tarbiyah Siyasiyah téh kudu jadi udagan nu poko.
Tarbiyah Siyasiyah nu ngandung harti bingbingan pulitik, sajatina mah kawilang lega. Henteu saukur ngaguar tiori-tiori pulitik, tapi nepi ka bubuk leutik metodeu ngokolakeun nagara. Atikan pulitik lain saukur sawates élmu pulitik, tapi ogé tarékah ngararancang umat sangkan aub makalangan dina mémérés pamaréntahan atawa islahul hukumah.
Tarbiyah Siyasiyah didefinisikeun Asy-Syantut minangka: “Tarékah ngawangun jeung numuwuhkeun kayakinan ogé ajén pikeun ngawujudkeun kapribadian pulitik anu dipiharep, tina ngawujudna oriéntasi jeung sénsivitas pulitik para anggahota, nepi ka jadi partisipan pulitik aktif dina kahirupan pulitik sapopoéna”.
Udagan nu rék dihontal tina ketak Tarbiyah Siyasiyah téh nyaéta mucunghulna kasadaran pulitik (wa’yu siyasi), ngajanggélékna kapribadian pulitik (dzat siyasiyah) jeung lahirna partisipasi pulitik nu aktif (musyarakah siyasiyah).
Antukna mah, salian ti boga pamahaman ngeunaan pulitik dina Islam jeung kayakinan jalan Islam minangka solusi (al-Islam huwal hallu), umat nu geus meunang Tarbiyah Siyasiyah ogé bakal sabeungkeutan dina amal jama’i dina raraga ngawujudkeun pulitik Islam nu ku maranéhna geus dipiyakin.
Kaberhasilan bingbingan pulitik baris ngalahirkeun masarakat Islam nu yakin jeung ngamalkeun pulitik nu nyoko kana agama (Islam). Umat ogé bakal satékah polah merhatikeun urusan kaom muslimin, ku cara ngaleungitkeun kazholiman panguasa jeung numpes kajahatan musuh kafir ti maranéhna.
Standar bebeneran dina pulitik Islam écés, nyaéta Al-Quran jeung hadits. Standar pamingpin (Ulil Amri) ogé puguh, nyaéta kudu nyumponan eutikna tilu syarat: integritas kaélmuan, integritas moral (kasoléhan individual), jeung kamampuhan profésional.
Hésé jeung acan kahontalna masarakat Islam nu nyoko kana syariat Islam (Daulah Islam) utamana mah ku alatan acan lajuna bingbingan pulitik kalawan hadé di kalangan umat Islam. Partéy nu asasna Islam ogé salila ieu kalahka hayoh pahibut ngurus”bagi-bagi kekuasaan” atawa ”stratégi pemenangan pemilu”, tinimbang ngalaksanakeun fungsina minangka agén bingbingan pulitik (political education).
Malahan, partéy Islam téh ngamimitian maluguran, dileglegan hiji-hiji ku partéy badag anu sékulér. Hiji-dua partéy Islam nu masih ajeg, ogé ”kapaksa” jadi ”khadam” partéy panguasa diburuhan korsi menteri. Aya ogé partéy nu ngalésotkeun ideologi Islam, jadi ”partai terbuka”, duka téh teuing demi stratégi pulitik atawa mémang watek aslina lain bajuang demi izzah Islam?
Kumaha samistina bingbingan pulitik di kalangan umat dilaksanakeun? Saha nu kudu tanggung jawab? Kumaha tarékah ngajadikeun bingbingan pulitik sangkan ngabukur Daulah Islam? Éta sabagian tina patalékan nu bakal diguar dina Laporan Utama BD ayeuna. Wallohu a’lam. *** (ASM. Romli/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: