• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

DÉMOKRASI VS SYARI’AH

Dunia Arab harénghéng. Ku aksi démonstrasi – anu kawéntar ku “Révolusi Melati”. Rahayat Tunisia geus bisa ngarurug rézim panguasa Présidén Zine El Abidine Ben Ali bulan Januari 2011.

Révolusi Melati nu ngabringkeun yutaan warga Tunisia turun ka jalan puluhan poé lilana tinekenan kana hasilna bisa ngaléngsérkeun Présidén Ben Ali nu geus nyekel kakawasaan salila 30 taun leuwih.

 

Tunisia bréh jadi nagara nu nyaliarkeun wabah révolusi di Afrika Barat jeung dunya Arab. Virus révolusi tumalépa ka Mesir. Gerakan rahayat nu démo salila dua minggu, geus bisa ngeundeuk-ngeundeuk jeung ngaruntuhkeun rézim Présidén Husni Mubarak dina ping 11 Februari 2011.

Saba’da Tunisia jeung Mesir, sajumlah nagara Arab séjénna ogé digeunjleungkeun aksi démo nu sarupa, tapi acan tinekenan kana hasilna, pikeun maksa turun rézim panguasa. Aksi-aksi démo ogé rentul di nagara Arab séjénna, saperti Arab Saudi, Yaman, Bahrain, Uni Emirat Arab (UEA), Kuwait, jeung Libya.

Henteu saperti di Tunisia jeung Mesir, di nagara Arab séjénna mah aksi démonstrasi téh ku panguasana diladénan ku cara nu gangas. Puluhan korban nyawa ngababatang. Moammar Khadafi (Libya) diiberkeun nurunkeun “tentara bayaran” pikeun ngabuburak jeung numpes démonstrasi. Bahrain ngondang bantuan militer nagara tatangga pikeun nyanghareupan gajolak rahayatna.

Tungtutan rahayat Arab utamana mundurna rézim nu geus lila teuing nyekel kakawasaan bari jeung ngabekem aspirasi maranéhna. Leuwih jauhna, rézim Tunisia (Ben Ali) jeung Mesir (Mubarak) kawéntar pro-Barat (Amérika) jeung nindes gerakan-gerakan Islam.

Ben Ali ngalarang Gerakan Islam An-Nahdah (Ennahda). Pingpinan An-Nahdah, Rasheed Al-Ghanushi malahan kudu hirup di pangasingan (London) ku alatan diboro ku rézim Ben Ali. Ayeuna mah Al-Ganushi geus mulang tur tatahar pikeun bajuang ngarebut kakawasaan di Tunisia jeung ngalarapkeun ideu-ideu pamaréntahan Islamina.

Pon kitu deui Mubarak ogé nyaram Al-Ikhwan Al-Muslimun (Ikhwan) anu diadegkeun ku ulama kharismatis nu ‘melegenda’ di dunya Islam, Hassan Al-Banna. Kiwari, saba’da Mubarak léngsér, Ikhwan dilégalkeun tur bisa laluasa pikeun makalangan dina pemilu. Ikhwan ogé keur tatahar pikeun ngarebut kakawasaan jeung ngalaksanakeun visi-misina ngeunaan pamarén tahan Islami.

Iran jeung Turki téh dua nagara nu neundeun harepan gedé tur ngarojong kana kabangkitan rahayat Arab dina ngagusur jeung ngeureunkeun panguasana sewang-séwangan. Nu jadi cukangna, ampir sakabéh panguasa nagara Arab téh kacida pisan pro-Amérika. Di sisi lain, Amérika geus ngamusuhan Iran ogé curiga ka Turki ku alatan ayeuna dipingpin ku partai Islamis AKP.

Amérika sabalad-balad jeung nagara-nagara Barat kacida pisan sieunna, Tunisia, Mesir, jeung nagara Arab séjénna dicekel ku gerakan Islam.  Barat inggis kapentinganna, utamana pasokan minyak, kaganggu lamun téa mah kalangan Islam nyupiran jeung ngadalikeun nagara-nagara Arab.

Namung, nu paling dipikasieun deui ku Barat mah nyaéta, syariat Islam dilumakukeun di nagara-nagara Arab lamun téa mah kalangan Islamis kumawasa. Upama syariat Islam dilarapkeun, nya geus pasti gaya hirup Barat bakal kairid. Hartina produk-produk Barat téh hamo laku deui di pasar Arab.

Di Tunisia jeung Mesir kran démokrasi geus muka kalawan lega. Démokrasi datang pikeun méré kabébasan ka nu jadi rahayat di éta dua nagara pikeun nyoarakeun aspirasi, sakaligus nangtukeun pamaréntah jeung jihat kawijakan nu jadi nagarana. Anakitu mah, hartina, syari’at Islam boga lolongkrang pikeun ditanjeurkeun di éta dua nagara.

Nya geus tangtu, agénda di dunya Arab nu saterusna, hususna Tunisia jeung Mesir, nyaéta tarungna démokrasi vs syari’ah Islam.

Dina hambalan démokrasi, sagala rupa téh ditangtukeunna ku sora mayoritas rahayat (prinsip kadaulatan rahayat). Rahayat dijadikeun kakawasaan, nya lebah dieu pisan kufurna sistem démokrasi.

Dina démokrasi, lamun téa mah mayoritas nyoarakeun A, nya geus pasti A nu lumaku téh, lésot tina bener atawa salah, hak atawa batil. Dina sistem démokrasi, sakabéh sora boga ajén nu sarua. Saperti sora hiji ulama, dipeunteun sarua ajénna jeung sorana hiji palacur. Sora hiji cendekiawan, dipeunteun sarua jeung sora sahayat kuricakan bari pangbodona.

Dina syariat Islam, sakabéhna  ditangtukeun ku hukum Alloh SWT nu nyoko kana Al-Quran, Sunnah, sareng Ijtihad (prinsip kadaulatan hukum Alloh). Pikeun hiji muslim, ngaitna sakabéh hurip hirupna kana Syariah Islam wajib hukumna (QS 4:59). Meungkeutna muslim jeung Syariah Islam mangrupakeun konsékuénsi tina kaimananna kana Islam (QS 4:65).

Naha Tunisia, Mesir, jeung nagara Arab séjénna ogé Indonésia minangka nagri Muslim panglobana di dunya masih bakal terus ngagem sistem démokrasi, jeung ngapilainkeun syariah Islam? Nepi ka mana batilna démokrasi jeung kumaha cara miceunna? Nya ieu pisan nu jadi téma BD édisi ayeuna téh. WAllohu a’lam. (ASM. Romli/BD).

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: