• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Rebo Wekasan

Ku Endan Sukanda

Aya-aya waé paripolah umat Islam anu teu nyunah téh. Malah anu rék dicaritakeun di handap ieu mah lain waé teu nyunah, tapi papalingpang jeung ajaran agama. Moal nyaritakeun di lembur batur, ieu mah anu (kungsi) jeung sok dilakonan ku masarakat di wewengkon kuring, lembur Cisalak Kacamatan Cibeber, Kabupatén Cianjur.

Sanajan anjrahna atawa mahabuna mah kira-kira 60 taun kaliwat, tapi tepi ka kiwari ogé masih keneh aya nu ngalaksanakeun. Tah, susuganan ieu tulisan téh kabaca ku nu sok susulumputan nyayakeun keneh acara anu nyata-nyata khurafat, malulu puguh tahayulna.

Anu dimaksud Rebo Wekasan téh nyaeta poé Rebo dina pungkasan bulan Safar. Ceuk kolot mah, ieu poé téh mangrupa poé sué, atawa poé naas anu pinuh ku kasialan. Malah aya sabagian nu nganggap, tina bulan Safar anu ngadatangkeun musibat, balai jeung sakur karugian téa, poé Rebo dina pungkasan bulan Safar mah minangka puncak kasialan.

Tumerapna, dina bulan Safar mah sagala acara kagiatan téh sok mindeng dirobah, upamana anu rék ngawinkeun, nyunatan jeung sajabana, sanajan asalna geus dirarancang dina bulan Maséhi-na, lamun pas ninggang kana bulan Safar mah sok buru-buru dibolaykeun deui.

Prak-prakan nyanghareupan poé Rebo Wekasan téa, di lembur kuring mah di antarana waé kieu. Isuk-isuk sanggeus saréréa kuramas, buuk sirah digunting saeutikna tilu lambar (kawas dina tahalul ibadah haji). Aya ogé anu sakalian muka “tutungkusan” mangrupa pakarang titinggal karuhun, upamana keris, badi, jslté bari sakalian dimandian.

Waktu nu nulis geus manjing umur sawawa, ngayakeun kabiasaan Rebo Wekasan téh geus mimiti ngurangan. Sakurang-kurangna geus teu ubyag deui saperti bihari; dina masih keneh aya ogé anu ngalaksanakeun, kari jalma angkatan kolot-kolot waé. Mingkin ngurangan anu ngalakonan acara rebo Wekasan téa, jéntré kaciri tina ngaran atawa sesebutanana, anu tadina Rebo Wekasan, béh dieu béh dieu mah geus robah jadi Rebo Kasan.

Mun dipaluruh rada gemet, katohyan yén kabiasaan Rebo Wekasan téh asalna dumasar tina implengan atawa torahan kolot (kaasup inohong kaagamaan) ahli “kasyaf” anu ngabogaan “indra kagenep” jeung tangtu dianggap lineuwih, nyaéta bisa noong perkara-perkara anu samar. Kacindekan tina implengan jalma-jalma “pinter” téa, nyebutkeun yén tina sabulan Safar aya hiji poé anu mangrupa puncak kasialan. Tah, ti dinya ngajanggélék bari sakalian ditangtukeun, yén poé Rebo dina pungkasan bulan Safar mangrupa puncak kasialan….

KUMAHA ari nurutkeun hukum Islam ngeunaan ieu kabiasaan? Dina Kitab Syu’bul Imam aya hiji hadits anu diriwayatkeun ku Imam Baihaki ngajéntrékeun, saéstuna do’a dikobul ku Gusti Alloh SWT dina poé Rebo nalika panon poé geus condong ka beulah kulon. Malah hadits anu diriwayatkeun ku Jabir Ibn Abdillah mah nétélakeun, wirehna Kangjeng Rosul nyumpingan masjid Al-Ahzab dina dinten Senen, Salasa sareng Rebo waktosna antara dzuhur sareng ashar. Saterasna Jungjunan nyimpen sorbanna. Jabir nyarios: “Kuring nempo kabingah sinareng kagumbiraan anu mancur tina raray Jungjunan”

Leuwih jéntré deui mun dumasar kana ajaran Islam anu nétélakeun, yén henteu aya poé atawa bulan anu mawa sial. Kasalametan, kacilakaan hakékatna gumantung kana katangtuan taqdir Gusti Alloh SWT, anu tangtu wé kaasup katauhidan kana Rukun Iman.

Kaasup kabiasaan jahiliyah? Urang Arab dina jaman jahiliyah (jaman anu poék peteng pinuh ku kabodoan) memang boga anggapan, yén bulan Safar téh kaasup bulan sial. Bulan anu mawa balai katut sagala katunggaraan.

Dina kapaksana ogé rék ngayakeun kagiatan, maranéhna kudu ngayakeun heula “ritual kasalametan” ku cara ngagantungkeun nasibna kana… manuk. Lamun maranéhna rék iinditan atawa kagiatan séjénna, samemehna ngaleupaskeun heula manuk. Mun manuk hiberna méngkol ka lebah katuhu, pertanda pialuseun sarta maranéhna neruskeun kagiatanana. Sabalikna lamun manuk téa hiberna méngkol ka lebah kénca, maranéhna tangtu ngabatalkeun kagiatanana.

Rosululloh SAW parantos ngadawuh:

“Henteu aya panyakit anu tépa, henteu aya katunggaraan dina nalika manuk hiber, henteu aya katunggaraan dina manuk bueuk, jeung henteu aya katunggaraan dina bulan Safar” (HR. Bukhori-Muslim).

“Diharamkeun ngaramal perkara anu goréng, ogé diharamkeun nyangka perkara pikagoréngeun, jeung teu aya kagoréngan dina bulan Safar” (HR. Bukhori-Muslim).

“Moal meunang kabagjaan (darajat anu mulya) jalma anu datang ka dukun, jalma anu sumpah pikeun kapentingan dirina sorangan, jeung jalma anu henteu jadi indit-inditan ku sabab percaya kana hasil torahan” (HR. Imam Thobroni).

Nganggap sial bulan Safar, kaasup ngayakeun kabiasaan Rebo Wekasan, jéntré teu nyunahna, mun urang inget yén Kangjeng Nabi nikahkeun salasawios putrina dina sasih Safar. Jadi, kacindekanan mah lamun aya anu ngabatalkeun kawinan, lantaran sanggeus diakurkeun jeung bulan Hijriyah, pas ninggang kana bulan Safar, alesanana tong dipakaitkeun jeung kasialan. Bawirasa ari alesan-alesan anu rasional mah kajeun, asal ulah anu nyimpang tina katauhidan. Wallohu alam bish-shawab.*

Nu nulis guru Sunda & Sajarah  SMAN 3 Kota Sukabumi.

3 Responses

  1. Kalo hemat saya mah, lebih baik berkhusnudzzhon saja . Kalo dalam kegiatan rebo wekasan yang di praktekan kegiatan-kegiatan yang tidak bertentangan dengan syare’at, kenapa tidak? Apalagi yg dilakukan adalah kebanyakan bacaan-bacaan zikir, shodaqoh dan berdo’a, kesemuannya ada anjuran dalam syareat hanya kebetulan dilakukan pada hari Rabu wekasan. Jadi, apanya yang salah…….?

  2. Betul, dzikir shodaqoh merupakan ibadah mahdoh, tidak mengenal batasan waktu, tp pelaksanaan dan caranya harus mengacu kpd perintah Allah dan Rosulullah, jelas disini yg jd intinya adalah Rebo wakasannya yg nota bene ritual non Islam yg dibungkus atas nama Islam. Tdk pernah Rosulullah mengistimewakan suatu hari untuk dzikir dll sbgnya kecuali anjuran berpuasa sunnah Hari Senin dan Kamis. Harap diingat saudaraku didalam kaidah Islam urusan Ibadah pada asal/dasarnya haram dikerjakan kecuali ada dalil yg memerintahkannya. Utk ritual Rebo wakasan bukan kebetulan tapi diadakan secara sengaja.

  3. hapunten . . . ari satungtung matak bisa ngadeketkeun aranjena ka dzat Allah mah nya sae we nua ya, mun ktu pami matak nebihan trus teu emut kana dzat Na Allah, nembe nukieu mah dilepatkeun.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: