• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Hadé Sangka Kana Aturan Alloh Ta’ala

:: Aweuhan Mimbar

AL-HAMDULILLAH  sagala puji sareng syukur urang sanggakeun ka Alloh Robbun Ghofur. Urang parantos dipaparin kani’matan hirup dugika urang tiasa nyumponan sawaréh tina kawajiban urang ka Alloh, sabab henteu saban jalma anu dipaparin kaséhatan awak bisa ngaléngkahkeun sukuna ka masjid.

Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma anu nuturkeun sunnahna dugika ahir jaman.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Alloh SWT dina surat al-Baqoroh ayat 214, nalék ka urang ku hiji patalékan anu sipatna lenyepaneun:

“Naha maranéh nyangka  yén maranéh bakal asup ka sawarga, padahal tacan tumiba ka maranéh kajadian nu kungsi karandapan ku jalma-jalma saheulaeun maranéh, maranéhna ngarandapan kasusah hirup anu aya pakaitna jeung kahirupan ékonomi, jeung kasangsaraan anu aya pakaitna jeung diri katut kulawarga jeung maranéhna digénjlongkeun ku cobaan bencana alam, nepika Rosul nu kuat imanna katut jalma-jalma anu ariman nyarita, “Iraha atuh dongkapna pitulung Alloh téh?” “Sing inget saenyana pitulung Alloh téh deukeut”.

Urang bisa ngarasakeun pait jeung peuheurna kahirupan, pating térékélna hahargaan, héséna néangan kasab, jalma anu miskin mah dipahing pisan gering sabab hamo bisa meuli obat, panon poé geus leungiteun barokah nepika tibeurang éréng-éréngan ogé lampu motor kudu dihurungkeun, kamana sora wakil rahayat, nu cenah mah rék buméla ka rahayat.

Anu puguh mah nalika rahayat ngababatang di Mentawai jeung di Jogja ngarandapan musibah Tsunami jeung gunung bitu, henteu pamingpinna, henteu susulurna kalahka nganjang ka nagara deungeun jeung pelesiran nyacapkeun napsu amengna.

Musibah kahirupan jeung bencana alam éta bisa jadi adzab pikeun jalma anu kupur, tapi jadi ujian pikeun jalma anu ariman. Namung henteu saban jalma anu ujian éta bisa lulus, gumantung kana mampuh jeung henteuna nyanghareupan éta ujian.

Hadirin Rohimakumulloh!

Sangkan lulus dina nyanghareupan ujian-ujian ti Alloh éta, nya aya dua syarat anu ku urang kudu dicumponan.

Kahiji, boga méntal munfiqin. Méntal munfiqin téh baris ngabuah kamandirian dina hirup jeung kahirupan. Para sahabat nalék ka Rosululloh SAW ngeunaan naon-naon anu kudu dinapakahkeun jeung kudu ka saha méré napakahna. Saperti anu dijelaskeun dina ayat saterusna:

“Maranéhna bakal naranya ka hidep, naon anu kudu dinapakahkeun ku maranéhna. Pok jawab, yén saniskara kahadéan anu diinfakkeun ku maranéh téh keur indung bapa katut dulur-dulur nu landes, keur barudak yatim, keur jalma-jalma miskin, jeung keur jalma anu katalangsara di panyabaan. Jeung kana saniskara kahadéan anu dipilampah ku maranéh tangtos Alloh uningaeun.” (QS. 2 : 215)

Hadirin Rohimakumulloh!

Suksés jeung henteu suksésna hirup hiji jalma gumantung kana hadé jeung goréngna ka anu jadi kolot kaasup ka nu jadi guru nu geus méré pangarti jeung élmu panemu katut akhlak. Dina hiji hadits Rosululloh SAW ngadawuh:

“Di antara dosa-dosa badag téh nyaéta nyarékan indung bapa sorangan, para sahabat ngarasa héran, sabab aya jalma anu wani nyarékan nu jadi kolot pituin nepika nalék, “Saha nu boga peta kitu téh ya Rosul?” Rosul ngawaler: “Lamun maranéh nyarékan kolot batur, nya anu kitu téh sarua jeung nyarékan kolot sorangan. Lamun maranéh mihéman ka nu jadi kolot batur, éta sarua jeung mihéman ka nu jadi kolot sorangan”.

Nalika urang infak, zakat atawa sidkah séjénna, pasti Alloh nu baris maparin kabagjaan nu sajati, du’a ti sasama jeung jaminan moal pinanggih jeung kasangsaraan nalika madep ka Alloh SWT.

Inti tina ékah jeung nyukur rambut orok dina poé katujuh kalahiran éta hakékatna mah ngalatih anak nu kakara lahir sangkan boga jiwa munfiqin. Kumargi kitu biasakeun nu jadi anak téh ngeusian kéncléng boh di pangajian atawa di waktu juma’ahan saperti kiwari.

Hadirin Rohimakumulloh!

Lamun téa mah aya aki atawa ninina nu nganjang ka imah, poma anak téh ulah dilatih jadi préman, punta-pénta ka nu jadi nini atawa akina. Sabab lamun nu jadi budak geus dibiasakeun punta-pénta, nya ka saban jalma anu nganjang ka imah téh bakal dipéntaan duit.

Jeung lamun nu jadi anak jadi pajabat, nya geus pasti bakal jadi jajaluk, sok punta-pénta, boh di jalanan atawa di kantoran. Bédana préman jeung pajabat téh ukur saeutik. Pajabat mah upama ménta sok maké SK, ari préman mah maké urat jeung otot.

Hadirin Rohimakumulloh!

Anu kadua nyaéta ngawangun pola pikir anu positif. Dawuh Alloh dina ayat saterusna, nyaéta ayat 216, Alloh ngadawuh:

 

 

“Geus diwajibkeun ka maranéh perang, sanajan peperangan téh dipikaceuceub ku maranéh. Bisa jadi perkara anu dipikaceuceub ku maranéh téh kacida hadéna pikeun maranéh, jeung bisa jadi perkara anu dipikaresep ku maranéh kacida pisan goréngna pikeun maranéh. Alloh uninga, sedengkeun maranéh mah henteu nyaho nanaon”.

Perang ngalawan musuh éta hiji kawajiban nu kacida dipikaceuceub, sabab risiko tina perang mah saukur dua kamungkinan, maot atawa tatu saumur hirup. Tapi sing inget ku alatan perang ieu kahirupan bakal aman, moal aya nu ngajajah. Perang jaman kiwari mah geus tangtu lain ngusir penjajah tapi ngusir panyakit kedul, jorok, korét, borangan jeung panyakit-panyakit séjénna nu ngancik dina diri urang.

Hadirin Rohimakumulloh!

Urang kana sagala rupa katangtuan jeung kawajiban ti Alloh téh kudu boga sikep positip. Nalika urang gering, datang ka dokter disuntik tuluy balikna dibahanan obat nu sarwa pait jeung teu aya nu ngeunah bari kudu mayar dokter. Sok sanajan éta obat téh parait, tapi ku urang teu wudu diinum, sabab urang hayang cageur. Urang percaya yén dokter téh méré obat nu bisa nyageurkeun kasakit urang. Tapi naha ari ka Alloh nu maparin kahirupan urang samasakali henteu percaya?

Sholat, shaum, zakat jeung qurban katut ibadah-ibadah séjénna éta karasa pait, nepika datang ka masjid nalika juma’ahan ogé sok elat jeung pangtukangna waé. Béda jeung datang ka ondangan atawa ka tempat hiburan, sok sanajan kudu mayar, urang teu weléh datang jeung sok pangheulana.

Musibah nu ku urang sadaya karandapan kiwari éta bisa jadi kanyaah Alloh sok sanajan karasana pait. Urang terus-terusan ngadu’a sangkan jadi jalma anu beunghar tapi angger miskin, éta ogé bisa jadi kanyaah ti Alloh, sabab upama urang jadi jalma anu beunghar urang bisa jadi teu wawuh jeung masjid atawa jalma-jalma anu katalangsara.

Barokallohu lî walakum fil Qurânil azhîm, innahû huwal ghofûrurrohîm.

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina khutbah nu kadua ieu sim kuring henteu petot-petot pikeun ngajak, hususna ka diri khotib umumna ka jama’ah sakumna sangkan terus ngaronjatkeun iman jeung takwa sabab éta mangrupakeun bekel anu utama nalika madep ka Alloh Anu Maha Wijaksana. Bulan Muharram, bulan kahiji dina bulan Islam, hayu urang jadikeun titik panginditan pikeun ngaronjatkeun élmu, iman jeung amal.

Pamungkas tina khutbah nu ayeuna, tiasa dicindekeun, yén sakabéh hirup urang téh éta ibadah, jeung urang sadaya kudu sadar yén urang téh keur diuji pikeun ngaronjatkeun martabat hirup jeung kahirupan urang sadaya.

Sangkan lulus dina ujian, nya urang kudu tatahar. Sakabéh aktifitas urang, ku urang kudu diluyukeun jeung katangtuan Alloh sok sanajan karasana pait. ***

2 Responses

  1. alhamdulillah lakod kana lakum pi rosululloh uswatun hasanah., redaksi bina dakwah,mudah2an cing salawasna aya dina ginanjar kawilujengan ,mi’raj na rosululloh urg tos nampi hasilna nyaeta sholat 5 waktu.,perjalanan anu aheng jeung teu aya mahluk anu nyaksian kajadian eta ,jeung teu aya argumentasi ngeunaan rosul bulak balikna menta di kurangan jumlah rakaat..

  2. nyuhunkeun widi ngopi, haturnhn

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: