• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Gerentes Haté, BD 370

TEU karaos, saupami urang numpak beus anu ka Jakarta ti Cicaheum ka Kampung Rambutan, mingkin jauh ti Cicaheum sanés mingkin nebihan Kampung Rambutan téh, tapi kalahka mingkin deukeut. Pon kitu deui jeung umur urang, ti ngawitan gubrag lahir ka dunya, kiwari tos nambihan deui yuswa téh sataun. Ari terminal ajal urang ku tambahna bilangan umur téh lain mingkin ngajauhan tapi mingkin ngadeukeutan.

Taun 1432 H parantos lahir, saperti kailaharanna umat Islam, dina mapag taun téh sok dieusi ku;

Kahiji, tasyakur, hartina urang syukuran ka Gusti, yén urang téh masih dipaparin hirup dugika taun ayeuna.

Kadua, ku tadabbur, hartina mikiran, naha umur téh mangpaat atawa henteu, boh keur kulawarga atawa keur balaréa.

Katilu, ku tadarrus, hartina ngaderes kana élmu-élmu Alloh nu nyampak dina ajaran Islam.

Pon kitu deui ku ta’allum, hartina urang tetep daék diajar jeung bisa ngajarkeun élmu nyaéta ta’lim ka batur sangkan bener umur urang téh aya mangpaatna. Malah anu pangheulana ditalék ku Alloh saméméh suku urang gerak téh apan umur heula lin? Ieu mangrupa gerentes haté pikeun masing-masing  urang, anu aya pakuat-pakaitna jeung umur.

Kaasup tadabur kénéh lamun urang nyoréang katukang, saperti nu didawuhkeun Alloh dina al-Hasyr ayat 18, “Cik sok koréksi, evaluasi ku maranéh kalakuan-kalakuan maranéh sataun katukang, tur tataharkeun ku maranéh rarancang gawé pikeun nyanghareupan taun nu bakal kasorang”.

Jadi, salian ti tadabbur kana kalakuan urang nu tiheula téh ogé tadabur kana diri urang, ku muhasabah, balitungan. Naha geus cukup bekel urang keur balik ka Gusti, mulang ka rahmatulloh.

Dina du’a anu dipedar dina Bina Da’wah sasih Dzulhijjah 1431 H. No. 369, dina pamungkasna aya kecap robbî wa robbukallôh, nétélalkeun yén Rosululloh téh aya kamelang, yén bisi jeung bisi kaom muslimin nu jadi umatna boga kayakinan, yén nu ngatur nasib maranéhna téh pananggalan. Malahan mangpirang-pirang umat Islam aya nu ngaku, yén poé-poé téh, aya poé nu sial ogé aya nu teu sial sagala rupa.

Malahan dina buku Rusdi mah, nyaéta Paririmbon, ngaran-ngaran poé téh ngandung harti rupa-rupa, saperti Senén téh Kembang, Salasa Seuneu, Rebo Daun, Kemis Angin, Juma’ah Cai, Saptu mah Taneuh, jeung Ahad Méga.

Nepika lamun téa mah aya hiji muslim nu percaya kana harti éta poé, boga budak awéwé lahirna poé Salasa, kabogohna poé Rebo, montong diteruskeun deuleu sabab bakal leumpeuh, sabab seuneu jeung daun mah teu sapagodos, moal pieucreugeun.

Salasa mah kudu jeung juma’ah, Salasa nu disebut Seuneu, Juma’ah nu disebut cai kacéos, da seuneu mah pareumna ku cai.

Tah balatak kénéh pirang-pirang kayakinan nu saperti kitu téh.

Pon kitu deui masih loba umat Islam nu masih sok itung-itung tai lutung kana pananggalan, malah kana jam jeung menitna ogé, tah ieu téh méngpar tina papagon kanjeng Nabi Muhammad SAW, atawa ajaran Islam anu bener.

 

LOBA kénéh diantara umat Islam nu percaya, yén masing-masing bulan Islam téh aya anu kudu dipaké ogé aya anu ulah dipaké. Saperti bulan anu pantes pikeun ngawinkeun mah  kudu bulan Mulud, Silih Mulud, bulan Haji atawa bulan Rayagung téa. Jeung kahadé ulah ngawinkeun dina bulan Safar, paragi kawin anjing éta mah, cenah.

Jadi, lamun aya nu ngawinkeun dina bulan Safar sarua jeung anjing, kitu anggapan sawaréh umat Islam. Padahal, apan geuning urang can kungsi ningali anjing karawin bulan Safar, nya sugan kitu KUA téh ngawinkeun anjing?

Malah dina bulan Safar téh loba kénéh nu boga kayakinan turunna 70 rébu balai. Kusabab sakitu dina Rebo Wekasan, nyaéta Rebo pamungkas bulan Safar, sok aya nu sholat nu disebut sholat Rebo Wekasan anu dibungkus ku istilah basa Arab sholat Daf’ul balâ.

Lamun téa mah maké usholi téh kieu meureunan, “Ushollî sholatan rebo wekasan sunnatan lillâhi ta’ala”.  Dina Islam mah teu aya ajaran anu saperti kitu téh. Jeungna deui istilah wekasan-wekasan kitu mah holna ogé ti masarakat sangsakerta lain ti Islam. Tah ieu téh masih euyeub di kalangan umat Islam.

Islam mah éstuning bérés, lain saukur dina pasualan akidah nu aya pakaitna jeung kapercayaan ka Alloh, kaimanan ka Rosul, kitab jeung poé ahirna wungkul; tapi urusan bulan, taun, pananggalan dalah nepika poé ogé ku Islam mah diberesihan tina sagala rupa patékadan jeung kayakinan tina perkara khurofat jeung tahayul.

Pék bandingkeun jeung bulan-bulan nu séjénna saperti bulan-bulan Nasrani atawa bulan Maséhi, apan éta mah neruskeun kayakinan bangsa Romawi, anu kapan ngaran-ngaran bulanna ogé kabéh ngaran dewa jeung tokoh-tokoh, nu dianggap manggung di karajaan Roma baheula.

Aya anu disebut bulan Januari nu asalna mah tina Januarius atawa Janus nu hartina téh dewa pintu gerbang langit. Kitu deui jeung Februarius, Martius, Aprilis, Mayus, Junius, Sektilis, Quentilis nepika Desemberius. Tah ieu téh saterusna diparaké ku umat Islam.

Indung-indung umat Islam nu boga budak boh awéwé atawa lalaki méré ngaran ka budak téh ku ngaran-ngaran bulan Nasrani, anu lahir dina bulan Januari, nya dibéré ngaran Januar, nu lahir dina bulan Februari, jadi Feby, nu lahir dina bulan Maret jadi Martin, nu lahir dina bulan April jadi Apriliani, nu lahir dina bulan Juni dibéré ngaran Néng Yuni, Néng Yuli (Juli), Cép Agus (Agustus), Néng Septi (September), jeung Néng Oktavia (Oktober), malah jeung Néng Dési (Desember).

Tah indung-indung muslimah téh éstu teu arapaleun kana asal muasalna yén bulan-bulan Nasrani téh dicokot tina ngaran déwa-déwa sesembahan bangsa Romawi kuno. Malah bulan katujuh nu asalna bulan Sektilis, dirobah ku hiji ngaran raja nyaéta Caésar Julius, nu dipaéhan ku anggahota déwanna, terus nu ngagantina téh anak kukutna nu ngaranna Agustus, nya atuh bulan ka dalapan nu asalna Quéntilis téh jadi bulan Agustus, da bongan anu manggung waktu harita ngaganti Caisar Julius téh Octavianus Agustus.

Tétéla kabéh ogé bulan-bulan nu aya dina bulan Maséhi atawa taun Maséhi mah éstuning déwa jeung tokoh-tokoh Roma. Ku umat Islam kalahka der dibikeun ka anak-anakna. Pék geura tapakuran, naha anak-anak urang téh rék dibéré ngaran déwa-déwa? Tah kuduna mah diganti, nyieun bubur beureum jeung bubur bodas éta ogé pipilueun kana kayakinan batur deuih.

 

BULAN-BULAN Islam mah éstu beresih tina sagala rupa unsur kultus jeung ngadéwakeun. Nu jadi cukang tina lahirna bulan Islam taya lian nyaéta saba’da Sayidina Umar nampi surat ti gupernurna nu aya di Irak, Abu Musa al-Asy’ari. Abu Musa ngajawab kieu, “Serat anu dikintunkeun ku kholifah Umar, nu teu nganggo tanggal, bulan sareng taun ku sim kuring parantos katampi”. Gebeg Umar ngagebeg, bari sasauran, “Bener urang téh acan boga pananggalan, bulan jeung taun”.

Kacaturkeun ku uar pangajakna Umar, ngumpul tujuh jalmi, nu katelah panitia tujuh, Sayyidina Umar, Ustman, Ali, Jubair bin Awwam, Tholhal bin Ubaidillah, Amer bin Abi Waqos, Abdurrahman bin Auf rodiallôhu anhum. Ieu panitia tujuh téh ngahaja ngariung sareng Sayyidina Umar salaku Kholifah pikeun nyawalakeun pananggalan Islam.

Harita loba anu ngusulkeun, sangkan pananggalan Islam téh dimimitian ti lahirna kanjeng Nabi, saur Umar apan Islamna ogé acan aya, da Nabina ogé karék lahir. Kumaha upama taun Islam téh ditetepkeun tina waktos Muhammad jadi Rosul, walon Umar sarua Islamna ogé acan aya.

Nya Ali usul sangkan pananggalan kalénder Islam téh ti kawit hijrah ti Makkah ka Madinah kalayan alesan. Kahiji, di Madinah mah urang geus jumawa, atuh nu Kaduana, hijrah bakal jadi moméntum nu penting pikeun umat Islam sakumna. Jeung Katiluna, Ngajénan kaom Muhajirin. Tah ahirna ieu usul téh disatujuan ku Umar salaku kholifah. Harita ninggang dina taun 638 Maséhi ditetepkeunna ping 1 Muharram poé juma’ah salaku tanggal munggaran dina Islam, taun Maséhina 622.

Pidawuh Alloh dina At-Taubah: 36, nu hartosna, “Saéstuna bilangan bulan mungguhing Alloh mah mung dua welas bulan, ti saprak Alloh nyiptakeun langit katut bumi éta parantos ditetepkeun ku Alloh, diantara nu dua welas ieu aya opat bulan anu diharamkeun atawa dimulyakeun…”.

Opat bulan anu diharamkeun atawa di mulyakeun Alloh tadi ku Rosul disebatkeun nyaéta bulan kahiji, katujuh, ka sawelas jeung ka dua welas.

Rata-rata kalolobaan umat Islam teu apal kana ngaran-ngaran bulan Islam, sabab teu aya pakaitna jeung urusan gajih, antukna teu arapaleun.

Malah upama urang ningali kana kalender-kalender nu ngagarantung di imah-imah saban umat Islam lolobana kalénder Nasrani. Aya kétang kalénder Islam téh handapeun angka nu ngajegir badag, ngan sagedé tai cileuh, teu kadeuleu-deuleu acan, kakara kadeuleu téh upama maké kaca pembesar. Cik atuh sok paraké jeung pikareueus kalénder Islam téh, ulah saukur kalénder Maséhi wungkul, pédah aya pakaitna jeung urusan pangsiunan, atawa gajih. Jigana téh meureun ari kalénder Islam mah teu aya urusanna jeung sual kaduitan jadi wéh teu diparaké.

Padahal, pasualan katangtuan agama téh kabéh ogé keur umat Islam. Malahan Alloh netepkeun yén kalender Islam mah lain saukur keur umat Islam wungkul tapi keur sakumna manusa. Mangga tingali dina al-Quran, “Yasalûna anil ahillah, qul hiya mawâqîtu linnâs”, apan lain mawâqitu lil muslimin.

Jadi, waktu atawa kalender nu lumaku tur ditetepkeun ku Alloh di ieu bumi, éta téh ngagunakeun kalénder bulan, bulan atawa taun Islam nu k u Alloh parantos ditetepkeun 12 bulan téa, nu saeutik ogé teu aya pakaitna jeung pasualan déwa atawa kultus. Sugan aya kituh bulan Abu Bakar, Umar jeung réa-réa deui?

Mémang, nalika rosul masih jumeneng taun Islam téh teu acan aya, anu kakoncara téh paling ’âmun Fiil – taun Gajah, ‘âmul bi’tsah – taun kanabian, ‘âmul hajan – taun kasedih, jeung ‘âmul isro wal mi’roj – taun Isro mi’raj. Tapi kadieuna mah teu dipaké deui sabab geus ditetepkeun ku Sayidina Umar, nu nyawalakeun katangtuan pananggalan téh nyaéta ti saprak Hijrah, ‘âmul Hijrah téa.

 

KIWARI urang hirup dina taun 1432 Hijriyah. Sakapeung umur urang sok maké kalénder maséhi, sabab nu dicatet nalika lahir téh taya deui kajabi kalénder maséhi. Padahal kuduna mah ngitung umur téh ku kalénder Islam, kaasup nangtukeun haul, ngaluarkeun zakat sataunna téh kudu sataun Islam. Pon kitu deui nangtukeun iddah hiji awéwé nu dikantunkeun maot ku salakina kudu ngantosan opat bulan sapuluh poé téh, éta opat bulan Islam.

Nyakitu deui ngawitan balégna murangkalih urang nu lalaki, umur 15 taun téh taun urang, taun Islam téa. Geus puguh ari nu aya pakaitna jeung ibadah saperti Romadlon, haji mah.

Ditingali tina lebah ngaran-ngaran bulanna, teu aya saeutik ogé nu aya pakaitna jeung urusan pribadi, saperti Muharram, bulan anu diharamkeun, lajeng Shofar hartina konéng, aya pakaitna jeung musim, hartina tatangkalan geus karonéng, Robi’ul Awwal, Robiul Akhir, musim gugur kahiji jeung kadua, terus musim ngecrek hujan nyaéta Jumadil Ula, jeung Jumadil Tsaniyah, nembé Rojab nu hartina agung, anu aya pakaitna jeung urusan agama.

Sya’ban hartina cabang, pangna disebut Sya’ban sabab kahadéanana dina éta bulan ngarandakah, mekar pisan. Romadlon hartina kebul, maksudna taya kajabi anging dosa umat Islam téh ngebul saperti kenul ku ayana shaum di bulan Romadlon.

Syawwal mah asalna tina kecap Syala-yasyulu jadi Syâwil terus dibentuk ku syighot mubalaghoh jadi Syawwal, saperti Jabbar, Rozzaq, Ghoffar, nu hartina ngandung ma’na leuwih, nu dihartikeun Maha, jadi Syawwal téh Maha Ningkat, nyaéta kalintang pisan undakna takwa saba’da shaum. Saba’da Syawwal dzulqoidah nu hartina ngajedog, cicing teu ingkah. Maksudna salian ti harita mah panas, tapi nu kawilang penting mah caricingna téh nyaéta diajar manasik haji, sabab mayunan dzulhijjah.

Tétéla bulan-bulan urang mah raket pakaitna jeung urusan musim katut kaagamaan. Kumaha ari bangsa Januari, Februari jeung sajabana tina bulan Maséhi eupeun, pokona mah eupeunlah.

Lamun téa mah urang ngabandungan ka sawaréh umat Islam nu masih kénéh ngait-ngaitkeun nasibna kana taun, bulan jeung tanggal, nya nu kitu mah jahiliyah. Saéstuna Alloh teu ngabénten-béntenkeun kana pasualan poé katut bulan, ngan aya anu diagungkeun jeung kahadé ulah ngalampahkeun dosa. Malahan ti sawaréh umat Islam dina bulan silih mulud kalahka hayoh sing alabring ka Cirebon, pajahkeun téh rék neukteuk buntut jeung mulung jimat.

Loba kénéh pasualan nu ceuk barudak ngora mah masih ribet di kalangan umat Islam téh. Atuh pikeun urang dina ngeusi taun anyar ieu, saperti nu disebutkeun tadi, hayu urang kandelan kaimanan, kayakinan katut pangamalanna ogé ronjatkeun pangaweruh kaislaman katut akhlak nu hadé.

Saur Nabi, “Sing saha jalma nu taun ieu leuwih hadé batan taun kamari, nya manéhna téh jalma nu untung. Jeung sing saha jalma anu taun ieu taya bédana jeung taun kamari, nya manéhna téh kaasup jalma anu rugi. Jeung sing saha jalma nu taun ieu leuwih oléng atut batan taun kamari, nya manéhna téh kaasup jalma anu dibendon”.

Naha urang téh hoyong dibendon waé? Upama téa mah ngarasa amit-amit jabang bayi ari kudu dibendon mah, nya hayu atuh urang tingkatkeun kaimanan, kayakinan urang ka Alloh, tebihkeun pamadegan urang salaku muslim tina sagala rupa unsur bid’ah jeung kamusyikan. Mudah-mudahan wé upama dipundut ku nu rahayu, dicandak ku nu kawasa, akidah urang téh beresih. Nya geus tangtu kaasup husnul khotimah. (BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: