• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Déwan Da’wah Pengkuh Ngawangun Masjid jeung SDM Da’i

Ambara HM. Daud Gunawan

SANGKAN bisa metik hasil ngala buahna nalika ngabuburak kamusyrikan, tahayul, khurofat jeung bid’ah leuwih tiheula kudu paham kana péta masarakat sacara umum jeung kaom muslimin hususna.

Urang kudu merenahkeun mayoritas bangsa Indonésia téh golongan kaom muslimin, lain umat. Demi nu disebut kaom mah aya patula-patalina jeung jumlah, sedengkeun umat mah boga ciri-ciri anu tétéla, nyaéta kualitas, luyu jeung dawuh Alloh SWT:

Maranéh téh panghadé-hadéna umat anu dilahirkeun pikeun maslahat manusa, maranéh nitah kana kahadéan jeung nyegah laku lampah jahat, bari dibarengan iman ka Alloh. Lamun seug ahli kitab ariman mah, tanwandé hadé pisan pikeun maranéhna. Ti antara maranéhna aya nu ariman, tapi kalolobaanna mah nu parasék”. (QS. Ali Imron : 110).

Saba’da urang apal kana péta, tétéla di jero kaom muslimin téh aya sababaraha golongan.

Kahiji, golongan anu geus mahamkeun Islam tina kokocoranna nu asli, nyaéta AlQuran katut Sunnah Rosululloh SAW. Sok sanajan kuring can kungsi ngayakeun panalungtikan ngeunaan jumlah pastina maranéhna di kaom muslimin, tapi kuring yakin yén ieu golongan téh kaasup golongan leutik.

Lamun téa mah kiwari jumlah kaom muslimin téh 89 peresén tina padumuk bangsa Indonésia, jigana sapuluh persén ogé acan karuhan ayana. Sabab tina sapuluh persén ogé masih aya nu iman jeung ngamahamkeun Islam téh sawaréhna masih sabagian-sabagian acan sagemléngna.

Aya deui nu iman kana Islam téh alakadarna wungkul, malah aya deui nu iman kana Islam téh saukur sholat, shaum, haji, infak jeung perkara-perkara anu sipatna ibadah mahdloh wungkul. Tah nalika biluk kana ibadah ghoér mahdloh, tétéla  kaom muslimin téh mayoritas. Tina sapuluh persen téa, jigana nu bener-bener mahamkeun Islam dina harti jihat mikirna, manéhna satuju yén Islam téh hiji sistim.

Kadua, golongan nu iman kana al-Quran téh dipilihan, jadi iman kana sabagianna jeung kupur kana sabagianna deui. Contona, manéhna iman ka Alloh, ku ngalaksanakeun paréntah saperti sholat, shaum, haji jeung sajabana. Tong boroning dina masalah ibadah mu’amalah, ghoér mahdloh, dalah dina ibadah mahdloh ogé masih loba méngparna tina sunnah Rosul.

B.J. Habibie présidén mantén dina biantara muktamar ICMI ka-5 2010 di Bogor nétélakeun, yén pamingpin Indonésia kiwari mah féodal. Saha nu salahna? Naha présidén, gupernur, wali kota, kabéh ogé teu salah, nu salah mah tetep rahayat. Maksudna nu salah téh rahayat anu milih pamingpin. Naha kaom muslimin teu milih pamingpin saperti nu disaratkeun ku Al-Quran:

Satemenna pamingpin maranéh téh ngan wungkul Alloh, Rosul-Na jeung jalma-jalma nu ariman, anu ngadegkeun sholat jeung nyumponan zakat jeung maranéhna téh nu sumujud ka Alloh”.

Hartina sagala pasualan téh kabéh kudu ditatapakan ku ajén-ajén Ilahiyah, nyaéta Al-Quran jeung Sunnah Rosululloh SAW. Dina prungna milih pamingpin kudu jalma anu ariman, nyaéta nu ngadegkeun sholat, nu bisa ngabuah bisa nyegah dirina tina laku lampah fahsya jeung munkar.

Kiwari mah apan teu aya présidén nu nitah sangkan nutup rupa-rupa tempat ma’siat, saukur tamba bau sungut wungkul jeung nyieun undang-undang ogé saparengna, boh legislatifna, yudikatifna atawa eksékutifna.

Jalma anu nyumponan zakat jeung taat kana sagala rupa papagon Alloh, nu sacara kompréhénsifna kafah kana sagala aturan Alloh, saperti nu kaunggel dina surat Ali Imron:2, nu hartosna;

“Alloh, taya deui pangéran anging Mantenna Anu Jumeneng tur langgeng ayana, anu ngurus mahlukna kalayan terus-terusan”.

Diurusna mahluk-mahluk-Na terus-terusan hartina aturan kahirupan téh parantos didamel, diatur Alloh jeung dicontokeun Rosululloh SAW.

Kusabab kitu, tarékah dina ngabuburak rupa-rupa khurofat nu kiwari mahabu ditengah kaom muslimin ceuk kuring mah nyaéta ku pendidikan pormal, nyaéta ngayugakeun kader-kader nu tukuh pengkuh kana ajaran Alloh katut Rosul-Na jeung ngagedurkeun pendidikan non pormal saperti da’wah anu ‘terprogram’.

 

KAMUSYRIKAN nu masih nyaliara ditengah umat, gurat badagna aya dua:

Kahiji, Musyrik johir, nyaéta kamusyrikan nu nembrak, saperti lamun rék ngawinkeun hadéna kudu dina poé, bulan, jeung taun sabaraha; lamun iinditan kudu dina jam sabaraha. Sabab ceuk kayakinan manéhna mah aya waktu anu teu hadé.

Kadua, Musyrik khof, nu nyamuni anu gedé mamalana. Kiwari manusa kakara diajénan lamun kaasup jalma nu beunghar, boga jabatan atawa kalungguhan nu luhur, lain bebeneran.

Jadi ngabuburakna kudu ku dua jalur tadi jeung dua hambalan tadi kudu dirojong sapuratina, boh sarana katut prasarana kalawancukup. Lamun urang ngadegkeun lembaga pendidikan nu kiwari masih dikotomi, misahkeun antara élmu jeung Islam. Tah ieu kudu diminimalkeun ku cara satékah polah ‘ngaintegrasikeun’ al-Quran katut Sunnah jeung widang study masing-masing, ti kawit TK tug nepika paguron luhur. Saperti nalika urang medar bagbagan élmu biologi atawa pisika. Nya anu leuwih tiheula ditepikeun ka barudak téh ayat-ayat Alloh, ieu alam diciptakeun ku Alloh. Lajeng ditalungtik ku manusa nepika jadi perkara anu mawa mangpaat pikeun nu séjénna. Ku nga-integrasi’keun antara élmu agama kana élmu-élmu umum di lemabaga pendidikan pormal ieu dipiharep maranéhna bisa mahamkeun Islam sapuratina.

Tarékah kadua nyaéta ku da’wah nu ‘terprogram’, maksudna matéri da’wah téh kudu ‘terstruktur’. Hartina silabusna jelas, saperti ngatik jeung ngadidik jama’ah di pangajian hiji masjid, nya geus pasti para da’i nu rék méré pangajaran téh kudu pasti dina garapan materina. Lamun téa mah si da’i nyekel pangajaran akidah, nya kudu pasti nu ngajarna saha jeung sabaraha lila waktuna.

Dina prungna da’wah, aya hambalan-hambalan anu kudu diperhatikeun. Demi kiwari masih loba nu nepikeun ajaran Islam tapi dina prak-prakanna jauh tina papagon Alloh katut Rosul-Na; saperti nyarita anu kurang sopan, atawa nyabit-nyabit perkara-perkara anu ‘sensitiv’. Geus ninggang kana mangsana da’wah téh ‘terprogram jeung terukur’ nepika bisa tinekenan kana hasilna kalawan nyugemakeun.

Pancén Déwan Da’wah dina ngabuburak rupa-rupa khurofat nu masih nyaliara di tengah kaom muslimin leuwih ditekenkeun kana ngawangun masjid minangka sarana prasarana jeung nyitak SDM da’i nu punjul jeung boga kaparigelan nu hadé dina da’wah, ngabagikeun al-Quran jeung buku-buku pikeun bekel para da’i dina da’wah jeung bacaan keur masarakat. (Alma’/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: