• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Manusa Anu Sajati

Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i, Lc,. MA.

SABA’DA urang aub dina latihan anu dilatihkeun Alloh sabulan campleng dina sasih Romadlon, kiwari urang diperedih sangkan bisa ngarumat jeung ngajanggélékeun hasil latihan tadi dina hirup kumbuh urang sapopoé.

Alloh ngandika, “Naha hidep teu niténan, kumaha Alloh ngadamel misil omongan anu hadé, lir ibarat tangkal anu hadé, akarna pageuh jeung dahanna ngarandakah ka awang-awang. Éta tangkal téh buahan unggal usum kalawan widi ti Pangéranna. Jeung Alloh midamel misil téh pikeun manusa sangkan aréling”.

Insan Qurani ku Alloh ditamsilkeun dina ayat tadi kaayaanna saperti hiji tangkal, nu akarna nanceb pageuh di jero taneuh, ari dahanna ngarandakah ka awang-awang. Éta tangkal tumuwuh kalawan subur, buahna bisa dirasakeun mangpaatna ku jalma-jalma anu hirup disakurilingeunna dina unggal usum atawa waktu.

Ahli tafsir sapuk yén nu dimaksud ku kalimah Thoyyibah téh nyaéta kalimah tauhid, “Lâ ilâha ilallôh”. Kalimat tauhid Lâ ilâha ilallôh éta lir ibarat akar nu nanceb pageuh ka jero taneuh. Jadi upama aya jalma nu hirupna teu nyepeng deleg kana kalimah “Lâ ilâha ilallôh”, manéhna teu bina ti tangkal nu taya akaran, ngangkang dina bumi.

Saperti nu diécéskeun dina ayat saterusna, ”Ari misil omongan nu goréng lir ibarat tangkal nu goréng, akarna ngangkang dina bumi, teu bisa ajeg”. Tong boro buahan dalah keur hirup kalawan alus ogé geus teu mungkin. Pon kitu deui jalma anu teu nyekel deleg kana kalimat tauhid, ”Lâ ilâha ilallôh” bakal saperti kitu.

Ku akidah anu kuat ibarat akar hiji tangkal nu nanceb kuat kana jero taneuh, éta tangkal téh bakal tumuwuh kalawan subur, nepika dahan jeung régangna ngarandakah ka awang-awang.

Jadi, insan anu paripurna, idéal jeung sampurna mah teu cukup ku boga akidah nu kuat, salian ti kudu hadé hubunganna jeung Alloh kalawan langsung, hablim minallôh anu diibaratkeun ku dahan jeung régang nu ngarandakah ka awang-awang, lain saukur kitu waé tapi ogé kudu subur jeung buahan kalawan mayeng, anu diibaratkeun ku bubuh unggal usum nepika bisa dirasakeun ku jalma-jalma anu aya disabudereunana kalayan widi Alloh. Nalika éta tangkal paéh nya bakal loba masarakat nu ngarasa leungiteun, utamana jalma-jalma anu remen ngasaan buah tangkal tadi. Jadi, upama insan paripurna maot nya bakal loba jalma nu ngarasa leungiteun, utamana jalma-jalma anu ngasaan buah tina hasil karya amal sholéhna.

Tina ieu guaran bisa kapaham, nalika aya hadits nu nétélakeun, upama hiji muslim maot, tuluy aya 40 urang jalma anu ngadu’akeun dirina kalawan ikhlas, nya kaula saur Rosul SAW ngajamin du’ana pasti ditarima Alloh SWT. Asal nu 40 urang téh bener-bener ikhlas. Hartina anu 40 urang téh bener-bener ngarasakeun kaleungitan kasholéhan ti jalma anu maot.

Opat puluh rébu jalma ngadu’akeun ka urang ari teu ikhlas mah taya harti jeung gunana. Jadi, upama urang madungdéngkeun targét, lamun téa mah isuk jaganing géto maot, kira-kirana aya moal nu ngadu’akeun urang kalawan ikhlas? Targét minimalna 40 urang, pikeun bapa-bapa, ari keur ibu-ibu mah targét minimalna teu kudu 40 urang, cukup ku saurang, nyaéta anu jadi salakina.

Rosululloh SAW dina haditsna sasauran, upama aya hiji awéwé maot, bari nu jadi salakina ikhlas, ridlo diwuwuh manéhna boga akidah nu bener, hablim minallohna alus, pon kitu deui dina campur gaulna jeung papada manusa atawa hablim minannasna ogé ngajadikeun salakina ridlo, saur Rosul istri nu sarupa kitu mah bakal abus ka sawarga.

Ridlo jeung ikhlas mah lain gumbira, sukan-sukan, tapi nu jadi salaki téh bener-bener ngarasa leungiteun kasholéhan nu jadi pamajikanana. Jalaran kitu, ajén ibadah nu jadi pamajikan atawa awéwé ka Alloh téh leuwih loba dina wujud baktina ka nu jadi salaki, sabab Islam ngaharepkeun nu jadi istri téh leuwih loba aya di imah.

Jadi, kalintang bagjana kaom istri nu boga target minimalna téh ngan saukur nu jadi salaki. Béda jeung nu jadi salaki salian ti kudu diridlo jeung di ikhlaskeun nu jadi pamajikan ogé kudu dipikaridlo jeung diikhlaskeun ku awéwé nu séjénna nyaéta masarakat nu aya disabudereunana, sabab kudu nyumponan opat puluh urang téa. Naha maké jeung kudu dibédakeun saperti kitu? Sabab nu jadi salaki boga kawajiban pikeun néangan napakah nepika meunang lolongkrang nu gedé pikeun bermasarakat upama dibandingkeun jeung kaom awéwé.

 

KALIMAH tauhid téh mangrupa perkara anu kalintang penting, sabab mangrupa akar tina nu disebut tangkal. Saur Rosul : ”Sing saha jalma nu nepi ka geletuk maotna masih kénéh ngucapkeun Lâ ilâha ilallôh tangtu asup sawarga”. Dina hadits séjén mah : ”Haram abus ka naraka jahannam”.

Anu dimaksud ku haram pikeun abus ka naraka nyaéta haram langgeng di naraka. Naha nganjang heula atawa henteu mah éta gumantung kana amalna.

Jadi, hablim minallôh jeung hablim minannas éta nu bakal nangtukeun hiji jalma pikeun nganjang atawa henteuna ka naraka.

Salian ti éta kalimah tauhid ogé mangrupakeun tiket pikeun asup ka sawarga. Di ahérat jaga manusa téh kabagi kana tilu golongan badag, nyaéta:

Kahiji, golongan manusa anu abus ka sawarga bari henteu ngaliwatan hisab heula, di antarana para Rosul, Nabi, Siddiqun, Syuhada, ditambah ku 70 rébu ti umat Rosululloh SAW.

Kiwari umat Rosul nu hirup téh kurang leuwih 1,3 milyar urang, nu geus maot salila lima welas abad geus aya sabaraha. Ditambah ku nu acan lahir nepika poé kiyamah sabaraha milyar deui. Tina sakitu milyar, nu kapilihna saukur 70 rébu urang, kuring mah jadi pegat harepan pikeun abus ka sawarga téh!

Tapi sok sanajan kitu, aya harepan ngaliwatan hadits nu nétélakeun, yén masing-masing ti 70 rébu urang tadi téh bakal mawa 70 urang. Aya deui katerangan saban saratus rébu urang bakal mawa 70 rébu. Upama nu 70 rébu mawa 70 rébu urang jumlahna jadi 4,9 milyar, ana kitu mah asa aya deui harepan téh nya!

Tah kira-kirana saha anu bisa asup kana nu 70 rébu atawa anu bakal kabawa ku nu 70 rébu tadi? Digambarkeun ku ayat tadi saperti tangkal nu akarna nanceb kuat ka jero taneuh, dahanna ngarandakah ka awang-awang bari bubuah saban usum nyaéta golongan jalma nu boga akidah nu kuat, hablim minallôhna hadé, pon kitu deui hablim minannasna ogé alus pisan.

Dina hadits disebutkeun, aya tujuh golongan manusa nu bakal meunang panyalindungan ti Alloh di akhérat jaga. Di antarana pamingpin nu adil, hiji jalma anu haténa kabéngbat ka masjid, dua sahabat nu duduluran karna Alloh tur papisah ogé karna Alloh, hiji jalma anu digoda ku awéwé nu geulis kacida rupawan tur beunghar, tapi manéhna ngajawab innî akhôfullôh, kuring sieun ku Alloh SWT jeung jalma nu loba shodakoh.

Kadua, golongan manusa nu ngaliwatan hambalan hisab heula, nyaéta nu masih tetep ngagem kalimah Lâ ilâha illallôh, salian ti mumin, muslim ogé boga dosa, hartina kumplit amal sholéh boga, dosa ogé loba, nepika diantara amal jeung dosa téh saimbang.

Lamun téa mah urang yakin masih kaabus golongan jalma anu kadua, nya hayu urang satékah polah ngaronjatkeun ajén jeung kualitas ibadah urang, susuganan baé atuh ku bekel ibadah shaum sabulan campleng undak jadi golongan nu kahiji nepika asup ka sawarga téh teu dihisab heula.

Idéalna urang kawas nu dijéntrékeun dina ayat tadi, kudu boga akidah nu kuat, nu teu babari oyag. Nalika rentul pamikiran ararahéng urang saeutik ogé teu kabéngbat tur kabita, urang éstu tukuh pengkuh dina kaimanan ka Alloh SWT, salawasna hadé hubunganna jeung Alloh, ogé hadé hubunganna jeung papada manusa. Nepika mudah-mudahan nalika geletuk maot aya opat puluh urang nu ngadu’akeun ka urang.

Katilu, golongan manusa nu asup ka naraka kalawan teu dihisab, saperti jalma kapir, munapék. Naon pangna maranéhna henteu ngaliwatan hisab, sabab henteu aya hisabeunana. Da nu disebut amal sholéh mah tetep kudu ditatapakan ku Lâ ilaha ilallôh, jalaran kitu Alloh dina saban nyebat amal sholéh téh sok diréndéngkeun atawa dimimitian ku kecap âmanu. Iman jeung amal sholéh téh lir ibarat dua jangjang manuk.

Kuring wajib nandeskeun hal ieu, sabab kiwari hususna di Bandung aya jalma nu jadi embahna pluralisme, ku nétélakeun yén sakabéh agama téh sarua jeung sakabéh jalma anu ngagem agama boga hak pikeun asup ka sawarga. Ceuk manéhna mah sawarga téh lain milik urang Islam wungkul, tapi milikna sakumna agama, asal manéhna sholéh. (Alma’/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: