• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Gerentes Haté

UPAMA jaman Orde Baru mah, saperti hiji mobil sedan diasupan ku opat welas jalma, bakating ku heurin-heurinna geus pasti bakal caricing teu bisa hojah. Nalika dinasti Orde Baru bubar, nya muncul éra anu disebut Éra Réformasi, sok sanajan kanyataan di kampung nyingkur mah sok diwancahan “répot nasi”. Nyao naon ari réformasi téh, da pipikiran urang kampung nu nyingkur mah saukur nasi wungkul.

Tah, nalika datang éra réformasi, mun ibarat mobil mah eureun, terus pantona dibuka, atuh jalma-jalma anu dijero mobil téh kalaluar, nu ceuk barudak ngora mah‚ “menghirup udara segar”. Ngan, aya nganna, nyaéta réformasi téh rada kabablasan. Anu ditungtut dina mangsa harita nyaéta kabébasan, ngabudalkeun sagala rupa bangbaluh rahayat, nungtut pikeun nanjeurkeun démokrasi, nu holna ti Barat.

Jadi, nagara téh kudu diatur ku kumaha kahayangna rahayat, kitu numutkeun papagon urang Barat. Ari urang Islam mah dina ngokolakeun nagara téh lain kumaha karep rahayat, tapi kudu numutkeun papagon Alloh katut Rosul-Na. Sok sanajan enya rahayat bébas nganepikeun sagala rupa pasualan, tapi ari patojaiyah jeung papagon Alloh katut Rosul-Na mah apan ulah digugu. Tapi keun baé da ieu mah nyaritakeun batur.

Tah ti harita di urang téh muncul pamingpin-pamingpin nu rupa-rupa. Kahiji, nu ngagenti Pa Harto, nyaéta Pa Habibie, nu nyekel kakawasaan ukur 500 poé, dirurud dina sidang MPR waktu harita. Saba’da kitu muncul Gus Dur nu sok sanajan inyana teu ningali tapi katingali, meureunan ceuk urang-urang MPR téh rada mendinganlah Gus Dur mah, sabab bisa ngahijikeun bangsa, henteu biluk ka ditu atawa kadieu, tapi biluk ka sararéa cenah kitu.

Tapi kitu gening Gus Dur mah loba ngalalana ka manca nagara. Istilahna téh loba sapari ka luar nagri. Jadi cul wé nagara téh loba ditinggalkeun, dina saban mulang, mantri nu teu panuju ka dirina dilirénkeun saperti ngalirénkeun Rois wé di pasantrén, da meureun asalna jadi lurah santri téa.

Nya dua taun tah yuswana harita téh Gus Dur, dipuragkeun ku DPR alatan kabaud kana urusan bulog gate cenah, sok sanajan harita meni hararésé ninggalkeun istana téh. Muncul wakilna, nyaéta hiji istri nu numutkeun patokan Islam mah apan teu kéngéng ku istri téh, tapi da urang mah lain nagara Islam meureun, teu nanaon ku istri ogé diwuwuh saukur pikeun nuluykeun hanca, sabab masa berlakuna présidén téh lima taun, jadi nyéépkeun tilu taun.

Réngsé tilu taun, torojol pamilihan présidén, nya muncul SBY, malihan tos kaduakalina, tapi rahayat téh tetep wé “répot nasi” gening. Barang-barang apung-apungan, malah seueur musibah. Musibah nu ditimbulkeun ku bencana nerekab di mana-mana.

 

TAH kamari démo teu lirén-lirén, da kapan ayeuna mah parantos dibébaskeun téa, saperti jalma-jalma anu kaluar tina mobil sédan téa, bébas. Teu wudu rupa-rupa unjuk rasa anu dikordinir ku para mahasiswa ti sakuliah nusantara, ping 20 kamari, sok sanajan teu aya korban nu berarti.

Tapi unjuk rasa sataun kana sataun nanjeurna deui pasangan SBY sareng Dén Budiono, anu ditungtut ku rahayat téh kapan, tegakna hukum. Sabab kanyataanana hukum di urang mah seuseueurna api-api wungkul. Jalma anu maok bonténg sasiki mah apan nepika bararengepna terus diberok opat sasih, kumaha ari nu bangsat triliyunan atawa maling milyaran mah nyakitu téa wé dihukuman ku hakim opat taun dipasihan grasi, kakara genep bulan geus kaluar deui.

Kasus-kasus korupsi di urang mah jiga anu satengah-satengah, palanggaran ieu hukum ieu téh nembrak katingali ku sararéa.  Jadi rahayat téh meredih ka para inohong ti bojong jakarta supaya najeurkeun hukum ulah api-api, boh jaksana, pulisina éta kudu kompak, kaasup para pangacarana, atawa advokat-advokat anu pararinter ngarungkal-ringkel basa, anu buktina kanyataan hukum teu saluyu jeung kahayang undang-undang.

Pon kitu deui dina widang legislatif nu kapergo téh apan gening saukur sing alabring wé, seueur “studi banding” ka luar negri, nyéépkeun duit bari bilyaran artos rahayat. Jadi, katingali para législatif di urang mah teu biluk ka rakyat, bilukna téh ukur keur kapentingan partéy jeung golonganna wungkul, keur ngabeungharkeun dirina nu ceuk istilah Prof. DR. Pabotinggi mah, “législatif penghianat”.

Asa can karasa naon-naon, mana atuh salila sapuluh taun urang ngayakeun reformasi téh, asa can katingali pisan tapak nu timbulna parobahan, malah mah bangsa deungeun ogé jadi mingkin calutak ka urang téh saperti malaysia, sabaraha ratus dulur urang anu diberok ku malaysia tapi saeutik ogé teu aya pangbélaan.

Tah ieu téh katingalina ku rahayat téh diakur-akurkeun, pajahkeun téh asa ngeunah baheula cenah, jaman Pak Harto. Padahal, baheula ogé loba perkara-perkara anu jadi pacéngkadan, ngan ku lantaran harita mah dibekem, nya rahayat téh nyaritana saukur dina haténa wungkul. Saperti ayeuna Gerentes Haté, nyarita dina haté wé. Ku naon atuh maké jeung ditulis Gerentes Haté téh, supaya kabaca meureun ku saréréa.

Tah lamun kacindékan kakawasaan dipaké keur ningalikeun kawibawaan sangkan tetep dihormat, supaya tetep dipuja-puja, henteu disorénkeun pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah daérah, atawa ngaheuyeuk taneuh ngolah nagara, malahan ceuk para mahasiswa mah gening katingalina inohong téh belikan, sacara pribadina téh épés méér, loba kasieun.

Rék nindak ka Malaysia ogé meni abrug-abrugan da meureun di ditu mah pakarangna langkung ranggéténg.  Kantos ti payun nalika parebut dua pulo, Sepadan jeung Legitan téa apan. Urang téh nataharkeun opat armada kapal perang angkatan laut, apan diladénan ku 50 kapal angkatan perang nepika ngabecir kabur. Antukna dua polu téh jadi milik batur.

 

KAHIRUPAN kiwari téh asa pabeulit, geus puguhning banjir mah teu aya reureuhna, nu diakibatkeun nu cek istilah koran mah global warming, pamanasan global, ku alatan tina lobana corobong haseup, nu ngaruksak lapisan ozon, ogé dampak rumah kaca.

Kiwari di Kanda aya bongkahan és nu gedéna sagedé kota Jakarta cair, pék sawang sabaraha juta galon, atawa sabaraha juta metrik ton éta és nu cair, balukarna pantéy-pantéy nu harandap mah saperti Semarang jeung Pekalongan mah kiwari bénténgna geus diluhuran deui dua meter kaluhur.

Ieu téh pépéling ti Alloh, kulantaran manusa rakus kaeunteupan ku sipat kapitalis. Ari sipat kapitalis téh nyaéta rakus kana kakayaan alam, nu teu mikirkeun dampak jeung balukar nu ditimbulkeun tina karuksakan alam saperti nu kiwari disebut global warming téa. Ku ayana corobong pabrik, knalpot, rumah kaca, nu ngajadikeun lapisan ozon mingkin ruksak. Ayana lapisan ozon téh pikeun nyaring bahayana sinar sréngéngé, nu ceuk barudak mah kahiji, ultra violet, kaduana sinar cosmis. Katiluna, radioaktif. Tah bahaya-bahaya éta kiwari mah geus teu kasaring, padahal Alloh nétélakeun: “Satemenna Kami geus ngajadikeun langit (ozon) minangka hateup, kenténg anu dimumulé.”

Tah upama lapisan ozon ruksak ku ayana rupa-rupa gas nu ditimbulkeun ku industri, nya antukna sinar tadi téh bakal nimbulkeun balukar nu kawilang dasyatna.

Kaping 27 September lintasan planet Mars ngadeukeutan ka bulan urang, urang kudu syukur ka Alloh. Upama Alloh ngersakeun éta si bulan kasedot ku grapitasi Mars, nya bulan urang téh bakal leungit, pindah ka ditu, antukna urang moal boga bulan.

Naon ari peranan bulan, bulan mah lain saukur keur nyaangan jeung ngitung kala, tapi bulan téh bisa ngatur pasang surut cai laut, lamun teu aya bulan, nya geus tangtu pasang surutna cai laut téh moal teratur, bakal loba kajantenan Tsunami di mana-mana.

Tapi jalma loba anu teu mikir, peranan bulan anu sakitu ageungna henteu disyukuran. Para ahli mah nyawang kajadian nu ayana saratus taun sakali saperti kitu téh galeumpeur, sabab bumi bakal hancur, loba pulo-pulo hancur. Jakarta ogé cenah taun 2050 mah bakal euweuh leungit.

Pépéling ieu téh ku Alloh parantos ditingalikeun ka urang ku koropokna taneuh Jakarta, saperti anjlokna Jalan Supratman téa, lamun téa mah karakusna manusa téh teu gura-giru dikadalikeun ku aturan ilahiyah, atawa aturan Alloh, aturan al-Quran, nya geus tangtu dugika iraha ogé cita-cita nu didugikeun ku para utusan téh moal laksana.

Geura mikir, cik atuh ayeuna mah ulah maké aturan hawa napsu. Jeung aturan-aturan jieunan manusa anu pasulangkrah jeung aturan Alloh saperti undang-undang patali marga nomor opat welas, salah sahijina, ti mimiti maké hélm nepika sabuk apan teu dilaksanakeun, buktina apan angkot mah gening teu maraké sabuk.

Da meureun angkot mah supirna téh meureun lain jelema, aya nu nurut ogé aya nu henteu, pokona mah teu laksana. Padahal ieu undang-undang téh hasil urun rembukna para inohong susulur urang di luhur, padahal sakali ngeusahkeun UU téh pangaosna téh ém-éman.

Saban para eksékutif atawa pingpinan boh di kabupatén, kota, propinsina ngajengkeun perda ka para inohong wakil-wakil urang, éta nu pangheulana ditanyakeun téh gaduh sabaraha acisna, kituh, saanu!

Wah moal cekap ari saanu mah, jadi aya adu tawar kanggo ngesahkeun undang-undang atawa perda téh. Tah kitu kondisi masarakat urang téh. Jadi badé dicandak ka mana nagara urang téh? Asa lalieur ngabandunganana ogé.

Dina widang pendidikan urang geus teu maké akal budi, teu aya pendidikan nu ngajarkeun ka barudak nu disebut akhlak, tatakerama, sopan santun, atawa budi luhur, nu disingkat akhlak téa. Ngan lamun madungdéngkeun akhlak asana éta mah tina Islam, nu sumberna tina al-Quran. Kurikulum Diknas saeutik ogé teu ngajarkeun nu disebut akhlak. Sedengkeun di Depag mah lumayan masih kénéh aya, nyaéta akidah akhlak, kanyataan upama ku urang dibandungan, kalakuan nu disebut pelajar téh, ti mimiti SMP, SMU jeung Mahasiswa, gawéna téh ukur gelut waé.

Hayu urang arémutan ieu bangsa téh badé dicandak ka mana. Mudah-mudahan panggeuing kana ati, panggeuing kana rasa nu ariman, nalungtik diri nu ceuk basa wétan mah tepok siro atawa nalipak manéh ceuk basa kasarna mah, bisi nyeri ari nalipak atawa ditalipak ku batur mah, nya atuh urang nalipak manéh wé heulaanan mah.

Sareng seueur-seueur deui pacéngkadan di masarakat urang, ti kawit urusan prilaku, budaya, pulitik, pendidikan, agama jeung aliran-aliran nu salalasar.  Anu kanyataanana aliran nu salasar téh saperti Ahmadiyah, atawa LDII éta téh apan diréstui ku MUI téh, dan cenah LDII téh geus arruju’ ilal haq, balik kana bebeneran, wadul wungkul.

Lamun di Syi’ah aya taqiyah, di kalangan Islam Jama’ah aya  bithon, tong percaya. Jadi, kiwari MUI téh geus teu pati dipercaya jigana téh, da geus nampa utusan-utusan ti LDII nu pajahkeun téh maranéhna téh geus biuk kana bebeneran, bari kanyataanana mah tetep Islam jama’ah-Islam jama’ah kénéh anu dikeukeupan ku Golkar cenah kitu ogé.  (Alma’/BD).*

One Response

  1. Assalamu’alaikum,

    Cep Romeltean nulis:
    “Anu kanyataanana aliran nu salasar téh saperti Ahmadiyah, atawa LDII éta téh apan diréstui ku MUI téh, dan cenah LDII téh geus arruju’ ilal haq, balik kana bebeneran, wadul wungkul.”
    “Jadi, kiwari MUI téh geus teu pati dipercaya jigana téh, da geus nampa utusan-utusan ti LDII nu pajahkeun téh maranéhna téh geus biuk kana bebeneran,”

    -> Namung, kanyataananana utusan ti Ahmadiyah mah teu acan ditampa ku MUI. Janten hartosna, mung Ahmadiyah anu teu nyasar teh. Sabalikna malah MUI anu ngaluarkeun fatwa yen Ahmadiyah teh di luar Islam, Nyasar jeung Nyasarkeun, kanyataananana MUI anu Nyasar teh nya, leres henteu cep Romeltea?

    Wassalam,

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: