• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

CARA MELAK JEUNG MAGEUHKEUN AKIDAH

* Ambara: Prof. Dr. KH. Miftah Faridl

ISLAM sacara gurat badagna ngawengku kana dua hambalan, akidah jeung syaréah, nyaéta perkara-perkara anu aya pakaitna jeung kaimanan jeung tata cara ngalaksanakeun hubungan komunikasi urang jeung Alloh sarta jeung sasama manusa. Akidah Islam, prinsip-prinsip kaimanan, nu jadi tatapakan pokona nyaéta tauhid, tauhidulloh.

Kusabab tatapakan kaimanan akidah téh tauhidulloh, nya geus tangtu pangwangunan akidah ogé kudu dina harti ngawangun tauhidulloh, nyaéta ngalelempeng akidah umat sangkan ngabogaan tauhid kalawan enya-enya.

Prosés dina ngabina kaimanan atawa akidah téh bisa ku cara:

Kahiji, ngayakeun kajian atawa panalungtikan jeung neuleuman kalawan jero ku cara loba maca buku, ngabandungan jeung ngadéngé panjelasan-penjelasan, maca siroh Rosul anu dijanggélékeun dina wujud ku ngayakeun panalungtikan kana sumber hukum, kana ajaran.

Ku cara loba maca, neuleuman jeung napakuran al-Quran, ogé loba nulad tina siroh Rosululloh SAW, nya geus pasti bakal nguatkeun jeung ngandelan akidah nu ngancik dina diri urang.

Kadua, bentuk-bentuk ibadah anu diajarkeun dina Islam, saperti sholat, shaum, dzikir, manakomo ibadah umroh jeung haji mah mangrupa prosés nu sarua boga balukar jeung muatan pangwangunan akidah.

Akidah hiji jalma bakal goyah lamun ibadahna sarua goyah, sabab ibadah dina Islam mah mangrupa hubungan jeung Alloh, kapasrahan ka Alloh ogé pangobatan spiritual (syifaa), jeung mangrupa pangwangunan pikeun ngabina kaimanan.

Jadi, langsung atawa henteu langsung, ibadah téh kudu mageuhan kaimanan. Kumargi kitu, mingkin diteuleuman ajén-ajén ibadah, nya geus tangtu jalma téh bakal mingkin panceg jeung tambah yakin.

Dina énggoning ngabina jeung nguatkeun akidah aya hambalan-hambalan anu ku urang kedah dimekarkeun.

Kahiji, kasugemaan ”rasional”, akal pikiran.

Anu dimaksud ku kasugemaan rasional nyaéta urang bisa ngajawab sagala rupa patalékan ngeunaan bebeneran jeung kaagungan Islam, ngeunaan bebeneran al-Quran salaku sumber hukum, Nabi Muhammad Saw salaku Rosul Alloh, jeung hadits salaku sumber hukum Islam saba’da al-Quran jeung sajabana. Ku lega jeung kasugema rasional urang dina hambalan-hambalan tadi, nya geus tangtu bisa debat téologis jeung sing saha baé ogé ngeunaan bebeneran Islam kalawan lantip tur hadé. Jadi, ngagem agama ogé bisa dihontal ku kasugemaan rasional atawa akal pikiran.

Kadua, mémang aya wujud-wujud kagiatan anu teu ngamungkinkeun urang bisa ngahontal kasugemaan sacara rasional, alatan teu rasional téa saperti wujud-wujud ritual ibadah, sebut baé sholat, dzikir jeung sajabana, éta lamun dikoréhan mah bisa tapi hakékatna mah kapatuhan. Tah lamun hiji jalma geus bisa ngalaksanakeun ibadah kalawan hadé, bari ditatapakan ku akidah anu bisa diadurényomkeun, nya geus pasti manéhna bakal ngahontal kasugemaan anu leuwih luhur nu disebut kasugemaan émosional, kasugemaan spiritual, jadi ni’mat karasana.

Jadi, anu kahiji mah disebutna téh kahartos, nya anu kaduana mah karaos, karasa ni’matna.

 

PUNCAK kaimanan nyaéta lamun hiji jalma geus bisa parat nepi kana hambalan ngarasa ni’mat, ngararasakeun ni’matna kaimanan. Tina ngarasakeun ni’matna iman éta bakal tumuwuh sipat-sipat nu unggul tur punjul saperti éra pikeun milampah dosa, éra ku Alloh nepika numuwuhkeun dina dirina rasa kacinta, sering boga karep hayang patepung jeung Alloh, sering nyebut asma Alloh, sering hayang maca kalam Alloh, sering hayang datang ka bumi Alloh, sabab dirina geus nepi kana hambalan ngarasa ni’mat. Tah éta mangrupa salah sahiji balukar positip tina pangalaman-pangalaman spiritual anu dimekarkeun dina tasawuf.

Tapi dalah kumaha ogé urang tetep kudu ngontrol ku koridor syara’, ulah nepika saukur hayang ni’mat wungkul, sok sanajan dilakukeunna téh ku cara anu teu luyu jeung ajaran Islam, anu kitu mah dipahing pisan.

Mémang, aya jalma anu alatan sugema, ni’mat, tapi ngarumpak papagon ajaran Islam, éta anu kitu mah matak ngabalukarkeun bahaya rongkah. Jalaran kitu urang tetep kudu ngarujuk kana prinsip-prinsip syara. Jadi, sakali deui kasugemaan rasional jeung kasugemaan spiritual éta bisa mageuhan kaimanan nu ngancik dina diri urang.

Dina hirup kumbuh di tengah-tengah masarakat ogé aya mémang tarékah-tarékah pikeun nguatkeun jeung ngandelan kaimanan mah, nyaéta kudu hirup turta aya dina hiji lingkungan masarakat nu kondusip, anu ngarojongna, ogé loba campur gaul jeung jalma nu sholéh, jalma-jalma anu ihlas, aya disatengahing kulawarga nu indung bapana ogé sholéh, tah kaayaan nu saperti kitu mah geus tangtu bakal bisa ngarojong kana kapancegan iman urang.

Anu ogé kawilang penting pikeun ditapakuran, sagala rupa luang jeung kasempetan éta kudu dijadikeun sarana pikeun nguatkeun iman, sebut baé musibah. Musibah éta kudu disanghareupan pikeun nguatkeun kaimanan urang, lain sabalikna ku musibah téh kalahka jauh jeung Alloh.

Demi nu disebut musibat mah ujian, ku sabab ujian téa, nya geus pasti bisa lulus atawa teu lulus. Upama hiji jalma geus bisa nyokot sikep kana sagala rupa ujian, kasusah, pitenah, kazholim, bari luyu jeung papagon katut pituduh agama, nya éta kabéh bisa dijadikeun lahan pikeun nguatkeun kaimanan nu ngancik dina diri urang.

Mémang aya sawatara jalma anu ku al-Quran ditétélakeun, ”Diélingan atawa teu diélingan ogé tetep noyod”. Anu ceuk basa urangna mah teu meunang hidayah téa. Anu jadi cukang maranéhna tetep noyod mibanda sikep saperti kitu, éta dina al-Quran disebutkeun, kusabab haténa ghisyawah, katutup.

Naon ghisyawah-na téh, saur al-Quran mah nyaéta abâ was takbaro, apriori jeung arogansi, nutup diri, teu daék narima kana rupa-rupa saran atawa bongbolongan ti nu séjén, éta nu nyababkeun dirina teu meunang hidayah.

Alatan arogan, ngarasa paling pinter, bener sorangan, éta ogé nyababkeun hidayah hamo turun ka dirina. Jadi balukar tina arogan, jeung apriori, teu daék narima kana naséhat jeung wéjangan nu holna ti nu séjén éta ngabalukarkeun dirina teu meunang hidayah. (Alma’/BD). ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: