• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Teu Aya Pamisahan Antara Élmu Umum Jeung Élmu Agama

Ambara : HM Daud Gunawan
(Wakil Ketua Umum Dewan Da’wah Jabar)

UPAMA urang madungdéngkeun titik panginditan kaberhasilan hiji masarakat atawa bangsa, éta hamo bisa dilésotkeun tina kaberhasilan rumah tangga, demi rumah tangga mangrupa ‘intitusi’ anu panghandapna ti hiji masarakat. Kumargi kitu, aya anu disebut RT, RW, jeung saterusna.

Rumah tangga anu disebut punjul numutkeun Islam mah, nyaéta anu euyeub ku sakinah jeung wa rohmah, nu cék basa “légégna” mah nyaéta rumah tangga anu idéal téa. Hartina, tina jihat pendidikan, éta rumah tangga téh bisa ngatik jeung ngadidik anu jadi anak-anakna. Tina jihat ékonomi, sok sanajan henteu lubak-libuk ku harta, tapi bisa nyumponan kabutuhna. Pon kitu deui dina kaséhatanna éta kulawarga téh séhat jasmani jeung rohanina. Éta mangrupa titik panginditan dina ngawangun hiji bangsa jeung nagara.

Jalaran rumah tangga téh mangrupa wanda anu pangleutikna tina hiji bangsa, nya geus sakuduna di rumah tangga téh kudu aya anu disebut ”job déscription” atawa ”pangbagian tugas gawé” anu écés.

Lamun téa mah dina Islam ditétélakeun; “Kullukum rôin wa kullukum masûliyah ‘an rôiyyatihi”, saban diri maranéh téh pamingpin jeung saban pamingpin téh pasti bakal dipénta tanggung jawabna. Ieu hiji kayakinan, hiji akidah, jalaran kitu anu jadi pamajikan nalika salakina henteu aya di imah, nya manéhna boga pancén salaku wakilna pikeun ngariksa jeung ngurus imah. Dina Islam anu jadi pamajikan mah henteu diwajibkeun pikeun nyiar kifayah, sabab anu wajib mah salakina, tapi henteu salah lamun téa mah anu jadi pamajikan icikibung aub ngabantu anu jadi salakina nyiar kifayah, tapi tetep kudu aya dina wewengkon syari’ah.

Upama kiwari rentul paménta ti sawatara pihak sangkan anu jadi awéwé ogé boga hak anu sarua, nepika dina bubuk leutikna anu loma disebut ”kesetaraan gender” téa, dina Islam mah lain perkara anu anéh, sabab sajajarna awéwé jeung lalaki dina sisi-sisi lian mah aya, tapi tanggung jawab rumah tangga mah kudu babarengan, tanggung jawab ngatik jeung ngadidik anak kudu babarengan.

Tah, kiwari mah anu dipénta ku sawatara golongan téh sajajar dina sagala-galana, antukna awéwé riab nyiar karir bari ngapilainkeun jeung ngamomorékeun anu jadi tanggung jawabna pikeun ngatik jeung ngadidik anu jadi anak-anakna, antukna loba budak anu pinter uteukna tapi bodo dina agama, boga élmu pangaweruh anu jembar tapi héngkér dina atikan akhlak, henteu boga tujuan anu tétéla dina hirupna.

Salian ti éta, sistim pendidikan di urang ogé masih dikotomi, hartina masih diwilah-wilah antara élmu nu sipatna umum jeung ajén-inajén Islam anu holna ti Alloh SWT. Padahal, urang yakin, élmu mah kabéh ogé ti Alloh SWT.

Kusabab sistim pendidikan kiwari masih dikotomi, nya tarékahna téh taya lian anging bebenah heula kurikulumna sapuratina, nepika henteu aya pamisahan antara élmu umum jeung élmu agama, ulah saperti anu kabandungan kiwari, nu neuleuman basa Inggris barudak téh paheula-heula ari kana basa Arab haré-haré, padahal balukar tina henteu ngartina kana basa Arab, apan jadi henteu paham kana al-Quran.

Pungsi basa dina Islam téh béda jeung pungsi basa dina umumna.  Umumna mah basa téh saukur jadi alat ‘komunikasi’ wungkul, bari basa dina Islam mah lain saukur alat komunikasi wungkul tapi ogé jalan pikeun mahamkeun wahyu Alloh SWT.

Kusabab sistim pendidikan masih dikotomi, nya antukna mah pendidikan di imah ogé masih loba anu tambal sulam, hartina kulawarga muslim anu hadé, turta masih gedé harepan kana masalah pendidikan jeung atikan pikeun nu jadi anak-anakna loba anu satékah polah nyakolakeun anak-anakna waktu pasosoré ka madrasah, masjid tapi tetep masih dikotomi kénéh, hartina dina widang pendidikan téh masih lumangsung sékularisasi.

Lamun téa mah pamaréntah boga karep pikeun nyieun undang-undang pendidikan, nya geus sakuduna ngaleungitkeun heula dikotomi tadi. Nepika kiwari acan aya hiji ogé lembaga pendidikan ti mimiti panghandapna nepika pagurognan luhur anu ngabuskeun ajén-ajén utamana Islam salaku agama mayoritas kana ujian nasional.

Sok sanajan kiwari keur tumuwuh anu disebut Sakola Islam Terpadu (SIT), tapi éta ogé masih mibanda sikep dikotomi kana élmu, salian ti éta SIT ogé saukur nambahan pangajaran agama Islamna wungkul jeung acan nyupu kana kurikulum anu geus nyampak.

Solusina, kudu nyieun kurikulum anu utuh sapuratina. Hartina, lamun téa nalika nganepikeun pangajaran widang Biologi anu ngaguar soal kajadian manusa, nya geus tangtu anu kudu dipedar téh lain saukur ”anatomina” wungkul, tapi ogé ngawengku kana guaran ti mimiti paamprok jeung pangéranana. Ku cara kitu, manéhna geus pasti sadar yén dirina téh abdi Alloh jeung lamun abdi nya geus pasti kudu taat ka Alloh. *** (Alma’/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: