• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Sholat Ngaberesihan Kokotor Diri

Hadirin Rohimakumulloh!

DINA ieu kasempetan, kuring ngajak sakumna jama’ah, hususna diri khotib sorangan pikeun terus ngaronjatkeun katakwaan diri urang sadaya ka Alloh SWT, nyaéta ku ngalobakeun amal ibadah bekel pikeun madep Ilahi Robbul Jalil. Jeung ngalaksanakeun sagala rupa paréntah-Na ogé ninggalkeun sagala rupa nu dicaram-Na.

Dawuh Alloh;

“….jeung maranéh kudu bebekelan, ari bekel anu panghadé-hadéna nyaéta takwa. Ku kituna, maranéh kudu tarakwa, yeuh jalma-jalma nu baroga pikiran!” (al-Baqoroh : 197)

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Urang kumalendang di ieu alam téh lain saukur keur mentingkeun urusan dunya baranah wungkul sabab urusan ukhrowi éta kawilang penting. Kahirupan dunya kawates ku umur jeung waktu, jeung dina mangsana urang bakal balik ka alam nu langgeung anu teu kawates ku waktu. Sakabéh amal urang sadaya salila jumeneng di dunya bakal dipénta tanggung jawabna, sabab sagala rupa amal kiwari éta ngarupakeun tabungan akhérat.

Kabagjaan di dunya éta bisa dihontal ku cara soson-soson urang digawé tur hasilna bisa dirasakeun salila urang jumeneng, boh dina wanda harta banda atawa anu saukur dirasakeun ku batin. Sawangsulna kabagjaan akhérat éta teu nembrak kiwari, tapi bisa dihontal ku jalan ngaikhlaskeun diri dina ibadah nu khusyu dina sholat jeung nyinglarkeun diri tina sagala rupa nu dibenduan ku Alloh SWT.

Hadirin Sidang jum’ah Rohimakumulloh!

Nalika sora adzan geus kadéngé, ngalanglaeu pikeun ngagero manusa nyumponan panimbalan Alloh. Upama sora adzan abus kana haté jalma nu bener-bener iman, lep haténa téh bakal ngalenyap jeung sieun, kasawang bari témbras sagala rupa kaagungan jeung kamahakawasaan Alloh SWT. Antukna ku haté nu pepek ku rasa sieun jeung ikhlas, manéhna bakal gura-giru nyumponan panggero ti Alloh, manéhna nguculkeun sagala rupa urusan dunyana pikeun sujud madep ka Alloh SWT.

Dawuh Alloh;

Padahal maranéhna henteu ditimbalan, salian ti supaya ibadah ka Alloh, kalawan ikhlas ngalaksanakeun agama karana Mantenna jeung nyingkahan lampah sasar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat, sabab éta téh agama nu lempeng. (al-Bayyinah : 5)

Bakal béda pisan jeung jalma-jalma nu jauh tina hidayah jeung taopék Alloh SWT. Sora adzan téh ku maranéhna mah bakal dianggap sora nu biasa, sora adzan nu ngalanglaeu saeutik ogé teu matak ngoét kana haténa pikeun nyumponan panggero Alloh SWT. Teu bina ti omongan, asup kana ceuli kénca kaluar tina ceuli beulah katuhu, bari teu aya pangaruh naon-naonna saeutik ogé kana dirina. Ceulina geus torék ku panggero Alloh, panon haténa geus lolong ku panggero adzan. Nya kitu pisan haténa jalma nu geus nutup tina inayah jeung hidayah Alloh SWT.

”Sanggeus maranéhna, nya datang gantina, jalma-jalma nu naringgalkeun sholat, jeung anu ngalajur hawa napsuna. Ku kituna maranéhna bakal digebruskeun kana naraka Jahannam”. (Maryam : 59).

Jalma nu sombong, éta lain saukur ku némbongkeun harta pakaya, atawa anu agul ku kalungguhan jeung sajabana. Tapi jalma nu teu daék ngalaksanakeun sholat ogé bisa disebut jalma nu kawilang sombong. Naha maké jeung kitu?

Apan Alloh nu parantos ngayugakeun diri manéhna tina sagumpal getih jeung daging nepika jadi manusa, tapi manéhna mumul nedunan panggero Alloh. ”Adegkeun ku maranéh sholat pikeun dzikir ka Kaula”.

Tina ayat tadi kapaham, urang sadaya diwajibkeun ku Alloh pikeun ngadegkeun sholat téh kalayan tujuan éling ka Mantenna. Sabab ku sholat urang sadaya satékah polah ngadeuheuskeun diri jeung éling ka Mantenna, sholat éta mangrupakeun kawajiban pikeun hiji muslim. ”Jeung Kaula henteu nyiptakeun Jin jeung Manusa kajaba pikeun nyembah ka Kaula”.

Dumasar kana ayat tadi, nya mangrupakeun kawajiban urang pikeun babakti jeung nyembah téh saukur ka Alloh wungkul. Ku nyumponan sholat lima waktu dina sapoé sapeutingna minangka ciri pangabdian urang ka Alloh al-kholik.

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Kadang-kadang jalma nu henteu ngalaksanakeun sholat téh éta lain ku alatan teu apal yén sholat téh tihangna agama. Malah bisa jadi dirina nyaho yén sholat téh bisa negah tina kajahatan jeung kamungkaran. Dawuh Alloh

….. Satemenna sholat téh nyegah tina ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung saéstuna dzikir ka Alloh téh leuwih agung (tibatan naon-naon). Jeung Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maranéh dilampahkeun”. (al-Ankabut : 45).

Dina hiji waktos Rosululloh Saw nalék ka para sahabatna;

Cik kumaha ceuk pamanggih maranéh, lamun téa mah di lawangeun panto imah maranéh aya hiji walungan nu maranéh mandi dina saban poéna lima kali. Naha bakal aya kénéh kokotor anu napel dina awak maranéh? Para sahabat ngawaler, ”Tangtos baé moal aya, Ya Rosululloh”. Rosul ngadawuh; ”Tah kitu misilna sholat lima waktu ogé, ku sholat lima waktu Alloh mupus kasalahan”. (Mutafaq ’alaih).

Manusa mémang pinter, maranéhna bisa ngajadikeun waja nu tilelep, jadi hiji kapal nu bisa ngangkut barang-barang nu beurat.

Maranéhna bisa ngajadikeun waja nu beurat jadi kapal nu bisa kakalayangan hiber di jomantara. Tapi hanjakal loba anu teu pandé syukur ka Alloh kana pirang-pirang ni’mat-Na, teu ngaluangkeun waktu pikeun sujud sumerah ka Mantenna.

Barokallohu lî walakum fil qurânil ’azhîm. Wa nafa’ani wa iyyâkum bimâ fîhi minal âyati wa dzikril hakîm. Aqûlu qoulî hâdza wa astaghfirullôhal azhîma lî walakum.  Innahû huwal ghofûrurrohîm.

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Jalma nu aya di luar Islam hamo wani ngancurkeun Islam bari terang-terangan. Maranéhna kudu mikir panjang pikeun ngancurkeun masjid-masjid tempat ibadahna kaom muslimin, tapi ku akalna nu bulus, maranéhna nyiptakeun urang poho kana sholat, saperti play station jeung sajabana. Apan nu disebut anak téh éta amanat ti Alloh, ngamomorékeun amanat kaabus dosa, ku sabab kitu riksa jeung jaga nu jadi anak katut kulawarga urang. Saperti dawuh Alloh. Qû anfusakum wa ahîkum nâron. Riksa diri jeung kulawarga maranéh tina seuneu naraka.

Tina ayat tadi urang sadaya tiasa nyokot hiji palajaran, urang sadaya kudu rempan jeung salempang lamun téa mah urang sadaya jaga jadi jalma nu ngamomorékeun sholat. Urang sadaya kudu salawasna neneda ka Alloh sangkan nu jadi anak incu urang sadaya jadi jalma nu bagja di dunya jeung akhérat jaga, tetep ngadegkeun sholat, jeung miharep sangkan maranéhna jaga ulah kaasup golongan jalma nu nuturkeun hawa napsuna.

Hayu urang ronjatkeun ibadah sholat urang sadaya ku cara ngajak nu jadi anak incu urang katut kulawarga sangkan urang sadaya meunang jangji Alloh nyaéta kabagjaan di dunya jeung akhérat, sabab hadé jeung goréngna nu jadi anak incu urang sadaya éta gumantung kana ikhtiar urang sadaya nu jadi kolot dina ngatik jeung ngadidik maranéhna.

Mudah-mudahan urang kaom muslimin, salawasna ku alloh dipaparin pituduh pikeun ngalaksanakeun sagala rupa nu diparéntahkeun ku Mantenna jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dipahing-Na. Amin.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: