• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Guru, Antara Gawé Jeung Bakti

Ku ASM. Romli

KASAL kecap Guru téh tina basa Sansakerta nu sacara harfiyah mah hartina téh “beurat”. Guru téh saurang pangajar hiji élmu. Dina basa Indonésia, guru umumna nyoko ka pendidik profésional kalayan pancén utamana ngatik ngadidik, ngajar, ngaping, ngalatih, meunteun, jeung ngarorés peserta didik.

Guru éta pendidik jeung pangajar dina pendidikan anak usia dini sakola atawa pendidikan formal, pendidikan dasar, jeung pendidikan menengah. Guru-guru nu saperti kieu kudu boga sarupaning kualifikasi formal.

Dina definisi nu leuwih lega, saban jalma nu ngajarkeun bag-bagan hiji perkara anyar éta ogé bisa dianggap guru. Sababaraha istilah nu ngagambarkeun pancén guru, di antarana dosén, méntor, tutor, jeung dina basa Arab mudarris.

Istilah guru asalna mah digunakeun dina agama Hindu jeung Budha. Dina agama Hindu, guru mangrupak simbol pikeun hiji tempat nu suci nu eusina élmu (vidya) ogé nu ngabagi élmu. Guru téh pancénna ngaping atawa pemandu spiritual/kajiwaan murid-muridna.

Dina agama Buddha, guru téh nyaéta jalma anu ngaping muridna nyorang jalan bebeneran. Murid hiji guru meunteun nu jadi guruna téh salaku wujud Buddha atawa Bodhisattva.

Dina agama Sikh, guru ngabogaan ma’na nu sarua jeung dina agama Hindu jeung Buddha, tapi ngabogaan kalungguhan nu leuwih punjul, sabab salah sahiji poko atawa inti ajaran agama Sikh mah nyaéta kapercayaan ka ajaran Sepuluh Guru Sikh. Saukur aya sapuluh Guru dina agama Sikh, jeung Guru kahiji, Guru Nanak Dev, éta ngarupakeun panaratas ieu agama.

Guru diperedih boga kualitas nalika medar bahan pangajaran ka nu jadi subjek didik. Kualitas hiji guru bisa diukur jeung diiker tina moralitas, kawijakan, sabar jeung neuleuman bahan pangajaran nalika aub jeung subjek didik. Sajumlah faktor éta ngajadikeun dirina mampuh nyanghareupan pasualan-pasualan nu hésé, teu babari getas harupatan, épés méér, atawa stréss boh sacara positif atawa konstruktif, jeung teu ngabalukarkeun kagoréngan.

Hiji guru mibanda tanggung jawab kana kapunjulan nu jadi anak didik. Manéhna lain saukur ditungtut sangkan bisa ngalakukeun transformasi téktékbengék élmu ka peserta didik (cognitive domain) jeung aspék katerampilan atawa kaparigelan (pysicomotoric domain), tapi manéhna ogé dipénta boga tanggung jawab pikeun ngajanggélékkeun perkara-perkara nu aya hubunganna jeung sikep (affective domain).

Mahdi Ghulsyani dina karyana, Filsafat Sains Menurut Al-Quran, nétélakeun, guru mangrupa golongan manusa nu ngabogaan fakultas panalaran, kataqwaan jeung kajembaran. Salian ti éta, Mahdi Ghulsyani ogé nyebutkeun karakteristik (pasipatan) guru, diantarana ngabogaan moral, ngaregepkeun jeung ngabandungan bebeneran, mampuh nyinglarkeun palsuna sawangan atawa ‘ilusi’, nyembah Pangéran, wijaksana, salawasna sadar tur nyokot pangalaman-pangalaman.

Al-Quran salaku tatapakan hambalan pamikiran pendidikan Islam, geus loba ngaguar analisir kapendidikan nu ngabutuhkeun panglenyepan nu jero, utamana pikeun para praktisi pendidikan.

Pamikiran pendidikan nu maké hambalan wahyu Alloh meredih ngajanggélékna hiji sistim pendidikan nu komprehensif atawa sapuratina, ngawengku kana tilu tarékah nu dina élmu pendidikan mah kawéntar ku istilah cognitive, affective, jeung psycomotoric. Tilu cara ieu nu kaharepna bakal bisa ngayugakeun pribadi-pribadi pendidik nu bakal mangaruhan kana ngalarapkeun ajén-inajén Islam turta bisa ngamekarkeun peserta didik kana jihat pangamalan ajén-inajén Islam sacara ‘dinamis’ jeung ‘fleksibel’ dina wates-wates ‘konfigurasi’ réalitas wahyu.

Karakter kapendidikan nu nyoko kana hambalan ajén-inajén al-Quran kiwari kawilang jauh tina nu dipiharep. Loba pisan ti kalangan pendidik nu kiwari saukur munjulkeun aspék kamampuhan intelektualitas wungkul (cognitive) jeung ngalésotkeun nilai-nilai étika (affective domain). Hal ieu téh teu luyu jeung nilai-nilai pendidikan nu diajarkeun Al-Quran, nu ngajarkeun kasaimbangan dina sagala perkara.

Sistem pendidikan nu hadé mah nyaéta sistem pendidikan nu bisa ngadumaniskeun tilu aspek tadi ku cara melakeun atawa “transfer” élmu jeung ngawariskeun nilai-nilai pikeun peserta didik jeung generasi saterusna.

Ukuran ideal hiji guru éta gumantung kana kaparigelan jeung pangalaman inteléktulitasna. Guru kudu boga “skill labour” nyaéta tanaga terdidik atawa terlatih ku kabiasaan-kabiasaan nu hadé, nepika mampuh merenahkeun diri jeung subjek didik. Guru mangrupa figur dina nyukséskeun pendidikan pikeun anak didik. Teu cukup saukur, leuwih jauhna guru diperedih kudu boga akhlak hadé saperti nu diajarkeun ku Rosululloh SAW.

Muhammad ‘Abd al-Qadir Ahmad medar, Rosululloh SAW téh hiji pendidik. Para sahabat salaku subjek didik waktu harita nyokot tuladan nu nyongcolang tina diri anjeunna, boga akhlak mulya, boga élmu jeung kautamaan dina sagala réngkak paripolahna.

Upama hiji guru atawa pendidik boga karakter saperti Rosul tadi, tanwandé manéhna bakal dipikaresep ku peserta didik, antukna élmu nu diajarkeunna ogé bakal dipikaresep.

Muhammad ‘Abd al-Qadir nétélakeun, “Loba siswa nu teu mikaresep hiji élmu atawa materi palajaran éta alatan watek guruna nu heuras, akhlak guru nu kasar jeung dina cara ngajar nu teu merenah.”

Di pihak séjénna, ogé teu saeutik siswa nu mikaresep jeung kataji pikeun neuleuman hiji élmu atawa palajaran, kusabab cara ngajarkeunna hadé, handap asor, jeung katuladan nu hadé. (www.acehinstitute.org).

Karaharjaan guru mangrupa tanggung jawab nagara. Dina sajarah Islam, pamaréntahan khilafah Islam kawéntar nalingakeun kana dunya pendidikan jeung élmu, kaasup kacida pisan merhatikeun kana karaharjaan anu jadi para guru.

Dina jaman Kakhilafahan Umar bin al-Khaththab, Kholifah Umar méré pangupa ka para pangajar Al-Quran masing-masing 15 dinar (1 dinar=4,25 gram emas. Lamun 1 gram emas Rp 100.000,00, 1 dinar hartina sarua jeung Rp 425.000,00. hartina, gajih hiji guru ngaji téh 15 (dinar) X Rp 425.000,00 = Rp 6.375.000,00. ieu hartina leuwih ti dua tikeleun gaji hiji guru besar (profésor) di Indonésia nu geus puluhan taun pangabdianna. Wallohu a’lam. (Laporan Utama BD 362. Ku Asep Syamsul M. Romli, www.romeltea.com).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: