• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

TUNGKUL KA JUKUT TANGGAH KA SADAPAN

Ku Ki Édas

Tungkul kana Jukut

TUNGKUL hartina sirah dielukeun sarta beungeut diarahkeun ka handap. Naon anu di tingali téh? Nyaéta jukut. Jukut sok dipapandékeun sabagé jelema leutik, atawa rahayat. Tanggah ngarupakeun lawan tina tungkul, nyaéta nyanghareupkeun beungeut ka luhur.

Ningali ka luhur. Naon anu kudu ditingali di luhur téh? Taya lian nyaéta sadapan. Sadapan nyaéta tempat ngala lahang kawung atawa kalapa nu ditandéan ku lodong. Lahang lamun ditaheur, dipanaskeun terus di guis ku pangarih bakal ngahasilkeun gula. Gula rasana amis. Jadi lantaran kitu sadapan sok dipapandékeun kana rejeki, kauntungan atawa jabatan pikeun ngudag kasenangan hirup.

Pikeun pamingpin disagigireun ti ngudag kasenangan, nyaéta ku ningali sadapan téa, ogé kudu ningali ka handap. Ningali ka jukut, bisi aya hama anu matak ngaruksak jukut. Sabangsaning bereng, wereng, hileud atawa simeut. Teu saeutik rahayat nu sok di hihileudan, disingsieunan, diperes ku ulon-ulon nu jadi pamingpin.

Nu matak rahayatna kudu diroris, diaping sareng dijaring, ulah antepan boh bisi aya kabutuhna. Sareng ulah mercayakeun teuing badéga. Lantaran kiwari mah loba nu carmuk, cari muka. Atawa ABS, asal bapa senang. Anu dilaporkeun ngan ukur anu pikasenangeun wungkul. Ari anu pikakuciwaeun mah tara ieuh dilaporkeun. Malah rahayat sok dijarieun sawah, tah ku badega téh. Dipaké céngcéléngan pikeun nyumponan kabutuh pribadina.

Hiji pamingpin kudu inget yén rahayat téh anu ngadeudeul kana ayana pamingpin. Moal aya pamingpin mun teu aya rahayat. Jadi lebah dieu mah, pamingpin téh kudu bisa merenahkeun dirina. Kudu saimbang antara ngudag sadapan jeung nyébor jukut ku cai atawa di gemuk.

Conto pamingpin anu boga laku lampah hadé kitu di urang baheula, nyaéta KH Agus Salim. KH Agus Salim, mangrupakeun ulama moyan, pinter. Bisa biantara, cumarita. Basa anu dikawasana salianti basa daérahna nyaéta basa Minang jeung basa Indonésia, ogé capétang dina sababaraha basa deungeun alias basa asing kalawan paséh. Basa Arab, Walanda, Prancis, Jerman, jeung basa Inggris. Tapi anjeuna henteu gumedé, hirupna basajan. Mun ceuk basa kiwari mah merakyat, meureun. Anjeuna ku Présidén Soekarno diangkat sabagé mentri luar nagri. Hiji kamantrian anu henteu cicing baé di jero nagara, tapi kudu ngacacacng ka luar nagri. Anggoanana teu béda
jeung pakéan rahayat biasa. Anjeuna henteu ngarasa risih, gimir, leutik burih
dina babarengan jeung diplomat urang asing waktu sawala. Anjeuna teu lingsem
nganggo anggoan tatambalan.

Pamadeganana mah yén kahormatan diri téh lain ku gulubur jeung hurung hérangna pakéan luar, tapi uteuk. Hal ieu saluyu sareng Khalifah Umar bin Khotob anu sering nganggo anggoan nu dijarumat. Aranjeuna ngalakukeun kitu téh lantaran jabatan ngarupakeun amanah, cenah. Amanah ti rahayat, anu kudu di
mumulé. Amanah kudu pertanggung jawabkeun lain waé ka rahayat, tapi ogé ka
Gusti Alloh. Janten KH. Agus Salim mah ngarupakeun hiji pamingpin nu sok tungkul ka jukut sarta tanggah ka sadapan.

Henteu katungkulkeun ku sadapan wungkul. Tapi sok inget ka rahayat anu waktu harita kakara lésot tina ranggeuman penjajah Walanda jeung Jepang. Waktu harita rahayat di urang loba anu mariskin.

Dina ngemban amanahna, anjeuna kantos
kacaturkeun, nalika anjeuna diutus ku Présidén Sukarno pikeun ngaluuhan hiji gempungan anu diayakeun di Solo. Anjeuna angkat ka Solo nganggo SS (KA). Nu mangku hajat di Solo, ngutus utusan pikeun mapag anjeuna ka Stasion. Nu marapagkeun kabéh naringalina kana daréksi (gerbong KA) kélas hiji, kelas éksékutif
meureun mun ayeuna mah, nyaéta daréksi anu matak pikagenaheun.

Sanggeusna daréksi kelas hiji kosong, nu ngajemput pating olohok. Margi KH Agus Salim teu katingal kaluar. Nuju caralangak ceuleungeuk milarian anjeuna, tah nu mapag téh, na atuh jebul téh KH Agus Salim norojol kaluar tina daréksi kelas tilu. Angkat ngagandeuang, teu ngarasa haringhang jeung honcéwang, ngajingjing tas kulit
kumal. Ku pamapag diburu, bari pok nyarita, :”Naha juragan bet calik di daréksi kelas tilu?” Bet walerna téh matak pikahélokan, “Kuring maké daréksi kelas tilu, lantaran euweuh kelas opat,” cenah.

KUMAHA ari pamingpin urang kiwari? Langka, mun teu disebut moal aya téh. Mani jauh tanah ka langit, upama ku urang dibandingkeun jeung akhlakna KH. Agus Salim. Éta kamari urang ngadéngé mantri-mantri anyar dibagi mobil méwah. Mobil anu hargana 1,3 milyar rupiah. Tapi koméntarana matak pikasebeleun. Aya nu nyebutkeun, teu kaasup méwah atuh mobil kieu mah! Ah wajar-wajar wé sakieu mah!

Aya oge nu nyebutkeun murah lantaran gampang miarana, béngkél geus pabalatak. Jeung aya anu nyebutkeun leuwih heurin tibatan mobil nu kamari, cenah. Teu euleum-euleum nyararitana téh. Teu ngaragap haté rahayat pisan. Padahal lamun duit anu dipaké meuli mobil éta, dibandingkeun jeung upah buruh atawa pangsiunan ganjorna gé, leuwih ti lungkawing. Lain matak pateuh deui mun suku tijalakeuh téh, tapi matak pejah jeung burakrakan awak. Jajauheun atuh kana mikirkeun nasib rahayat
anu katalangsara mah.

Sakola raroboh … lantaran kelas wangunan teu nyukupan akibat kurang waragad, nepikeun ka barudak dialajarna téh dihandapeun ténda jeung panyawéran, aladiprek teu maké bangku, atuh dina ngolomentaran ulah pikanyerieun.

Teungteuingeun. Para pamingpin di urang mah, bet kawas nyai ronggéng, ari tungkul bari imut, ari tanggah lelenggakan. Tungkul ngan ukur ngitut, supaya kataji, boga perhatian, padahal aya nu dianjing cai. Aya anu dihéroan. Nepikeun ka jalma bodo parogot. Kairut ku imutna.

Nepika werat méré panyombo kanu donto, nyumbang ka si lénjang. Atuh dina tanggahna, ngadon lelenggakan, nyeungseurikeun talajakna jukut anu teu baha, teu walakaya. Bungah, ningali rahayat nu satia tur satuhu, sanajan bari kurat karét. Wallohu a’lam.*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: