• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Tanda Cinta Rosul

* Laporan Utama BD 359

Cover BD 359 Februari 2010

Cover BD 359 Februari 2010

“Saéstuna keur maranéh aya conto anu hadé di Rosululloh, pikeun jalma-jalma anu miharep Alloh jeung poé ahir tur anu loba aringet ka Alloh.” (Q.S. Al-Ahzab:21)

ALKISAH, dina runtutan Perang Salib (1095-1291), pasukan Islam ngarandapan “lesu darah” atawa tumpurna sumanget pikeun perang. Panglima perang pasukan Islam harita, Shalahuddin Al-Ayubi, ngarasakeun kondisi psikologis anggahota pasukanna nu matak prihatin.

Tangtu baé, Al-Ayubi –Muslim Turki Saljuk katurunan Kurdi — kudu narékahan cara pikeun ngagedurkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget juang (ruhul jihad) anu geus mimiti melempem ti pasukanna. Nya, lahir ideu pikeun ngayakeun acara miéling poénan babarna (maulid) Nabi Muhammad Saw. Diingetkeun deui kumaha Nabi Saw bajuang bari teu nolih kacapé, sok sanajan euyeub ku harungan jeung halangan, gogoda, jeung ancaman, pikeun nanjeurkeun syi’ar Islam ieu ieu bumi.

Disawang kumaha Nabi Saw katut para sahabatna berkorban naon baé demi ngabéla agama jeung umat Islam tina serangan musuh-musuh Alloh. Sok sanajan kudu nandonkeun nyawa (maot toh pati jiwa raga), nya anu bakal kasampeur téh taya lian anging maot syahid kalayan sawarga nu jadi ganjaranna.

Al-Ayubi bisa ngala hasilna. Ngaliwatan miéling maulid, pasukan Islam mibanda ruhul jihadna deui, ngawarisan sumanget juang nu salawasna ngagedur dina diri Rosululloh Saw katut para sahabatna, sahingga pasukan Islam mampuh ngéléhkeun pasukan Salib di sajumlah front pangperangan.

Miéling maulid Nabi Saw, numutkeun Ensiklopedi Islam (1987:88), éta diluluguan ku Raja Muzhaffar Abu Sa’id, panguasa Kota Ibrik di Irak (Abad VI H).

Jigana, urang kudu nulad ka Al-Ayubi. Lamun “Sang Pembebas Jerusalem” ieu mampuh ngahurungkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget pikeun ngabéla Islam, nepika pasukan Islam jadi gagah rongkah, nya geus tangtu “tradisi maulid” nu sok diayakeun ku umat Islam kiwari ogé kudu saperti kitu: ngahudangkeun rasa cinta ka Rosululloh Saw, nulad akhlak katut watekna, jeung numuwuhkeun sumanget pikeun ngabéla Islam.

KU sumanget juang nu nyongcolang, ruhul jihad anu terus ngagedur, Nabi katut para sahabatna, mampuh ngabéla éksistensi syi’ar Islam di ieu bumi. Nabi Saw mampuh nandangan siksaan fisik jeung psikis dina nalika ngada’wahkeun Islam. Hinaan, pangrurucah, malahan ancaman fisik disorang kalayan sabar. Pangbibita atawa sogokan –nu mangrupa harta banda jeung kakawasaan – ogé ditampik, demi kajayaan Islam wungkul. Konci kaunggulan Nabi Saw éta taya lian anging kaimanan, optimisme, kasabaran, jeung kayakinan kana bakal ayana pitulung ti Alloh SWT Anu Mahakuat tur Maha Kawasa.

Sagala rupa cocoba anu karandapan Nabi SAW katut para sahabatna ogé karandapan ku umat Islam saba’da aranjeuna. Tarékah pikeun mareuman cahaya Islam terus taya reureuhna. Ku sagala rupa cara, maranéhna nu ceuceub ka Islam katut umatna terus néangan tarékah pikeun mareuman cahaya agama Alloh, ngaliwatan fitenah, hinaan, nyasarkeun pamikiran, malahan ku cara ngajajah jeung ngarampog nagrina atawa invasi saperti anu karandapan ku kaom muslimin di Irak.

Umat Islam geus tangtu kudu nulad Nabi Saw dina nanjeurkeun syi’ar Islam: pangtang serah bongkokan, euyeub ku kasabaran, jeung maju terus ku sumanget juang nu terus ngagedur, plus kayakinan kana datangna pitulung Alloh SWT. Islam lain saukur kudu di yakinkeun jeung diamalkeunwungkul, tapi ogé kudu dida’wahkeun jeung dibéla.

Pangbéla ka Islam dina prungna dilaksanakeun éta kudu luyu jeung kamampuh (kompéténsi) masing-masing umat. Ti mimiti saukur ngadu’a, démonstrasi, nganapakahkeun harta pakaya, ngawangun opini jeung counter-opini, nepika makalangan langsung di medan pangperangan.

Nulad akhlak Rosul, nuturkeun sunnahna, jeung terus ngagedurkeun sumanget dina nalika ngabéla Islam éta mangrupakeun tanda cinta anu sajati ka Nabi Muhammad Saw. Sholwat ka anjeuna ogé kaabus tanda cinta, tapi kudu dilakukeun kalawan bener jeung teu kaleuleuwihi mana komo bau-bau khurofat mah. Rosul nyalira nampik pikeun dikultuskeun, saperti dawuhan anjeuna

“Poma arandika ulah kaleuleuwihi dina muji ka kaula, saperti geus kaleuleuwihina urang Nasroni dina muji (Isa) putera Maryam. Kaula mah saukur abdi Alloh, kumargi sakitu pok ucapkeun ku arandika, ‘Abdullah wa rasuluhu (hamba Allah katut Rosul-Na)’.” (HR Bukhari sareng Muslim).Wallahu a’lam.* (ASM. Romli/Pangjajap Laput BD 359).*

One Response

  1. Munggaranana mah ngarah kuring teh John Jacabus, lahir di Tual Maluku. Mimiti tahun 1987 ngaran kurang diganti jadi Muhammad Juhani, sakalian nalika asup Islam nu dikukuhkeun di Masjid Persis Pajagalan. Salila kuliahj di Universitas Kristen Maranatha Jurusan Teknik Industri, kuring aktif organsiasi Friends Station. Saban 3 bulan sakali ngayakeun dialog make basa Sunda, lantara kuring tandon keur juru misi dina basa Sunda. Tahun 1984 ngayakeun dialog anu narasumberna teh Drs. A. Djuhaeni, M.Si ti pihak ilmuwan. Drs. Aminuddin Saleh, M.Si. ti pihak Islam, katut Dayong Mewengkang, S.Th di pihak Kristen. Harita kuring kabengbat ku ucapan ilmuwan (Drs. A. Djuhaeni, M.Sc) ngeunaan alesan milih Islam. Ku sabab kitu kuring nyoba maca buku2 Islam. Sanggeus sataun kuring ngajak dialog sacara pribadi jeung Drs. A.Djuhaeni, M.Sc. di Yayasan Sejahtera (tempat pembinaan Misionaris Bandung). Tahun 1987 kuring asup Islam. Tahun 1994 kuring pindah ka Timor Timur alatan pacabakan nepika ayeuna pisan jadi warga Timur Leste.
    Diwawuhkeun jeung Bina Da’wah teh tahun 1998 ku Drs. H. A. Djuhaeni, MSi. pagawe LIPI. Katajina ku Bina Da’wah teh ngan ukur ku beja ngeunaan kristenisasi jeung politik. Saban bulan sok dikintunan, tapi sanggeus taun 2005, tara pisan aya kiriman. Lantaran Drs. A. Djuhaeni, M.Si indit ke Jepang salila 18 bulan. Hanjakalna ayeuna hese dihubunganana. Tah kumargi kitu, naha tiasa lamun BD ngirim ka kuring saban bulan sareng sabaraha biayana?. Biayana mah bisa ditransfer bae.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: