• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

SHOLAWAT KA NABI

Ku Ust. Uu Suhendar

Sim kuring mindeng ngabandungan sabahagian kaum muslimin, maca sholawat téh aya anu dilagukeun, babarengan rampak sekar, aya ogé sholawat khusus. Patarosanana;
Naon dasar hukum maca sholawat, sarta lamun tiasa mah diserat téks dalilna sareng kumaha rédaksi anu aya réngkolna dina hadis.
Machfud Ali Banjarsari & Maman Ciamis

Waleran
1.Sholawat sacara harfiah mibanda harti ucapan nu ngeusi kahadéan. Lamun sholawat ti Alloh ka hambana disebut Rohmat atawa ridlo, lamun ti Malaikat ka hamba disebut Addu’a jeung Istighfar sarta lamun ti hamba ka kanjeng Nabi atawa ka Alloh disebut du’a. Ari anu jadi dasar hukum sholawat diantarana kaunggel dina QS Al-Ahzab : 56.
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا
الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا {56}

Satemena Alloh sareng Malikat sholawat ka kanjeng Nabi. Yeuh jalma-jalma anu ariman prak geura sholawat maranéh ka anjeuna, sarta ucapkeun salam ku salam anu hadé. Ayat di tadi, ngeusi pangajén ka kanjeng Nabi Muhammad Saw. Sholawat Alloh Swt, ka Nabi mibanda harti Alloh Swt maparin rohmat sareng ngariksa kasalametan Rosululloh Saw tina rupa-rupa gangguan jalma-jalma anu rék nagaganggu, sedengkeun sholawat Malikat ka kanjeng Nabi mangrupakeun du’a sareng mangméntakeun hampura ka Alloh Swt. Jalma-jalma anu iman digero sangkan sholawat ka Nabi, dina harti ngadu’akeun jeung miconto ka kanjeng Nabi. Di antara rédaksi sholawat anu dicontokeun ku Nabi ka
para sahabat, sakumaha anu kaunggel dina hadis riwayat Bukhari, Muslim, Ahmad jeung anu sanésna, sahabat Ka’ab bin ‘Ujrah kantos ngajelaskeun, nalika ayat di luhur turun aya hiji sahabat Nabi tumaros ka kanjeng Nabi : Ya Rosulalloh! Upami tata cara salam, abdi parantos terang, tapi kumaha cara maca sholawat ka Nabi? Rosululloh macakeun salawat:
اللّهمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وعَلَى آلِ محمدٍ كما صَلَّيتَ على
إِبراهيمَ وعلى آلِ إبراهيمَ إنكَ حَميدٌ مَجيد، اللّهمَّ بَارِكْ عَلى
مُحَمَّدٍ وعلى آلِ محمدٍ كما باركتَ على إِبراهيم وعلى آلِ إبراهيمَ
إِنَّكَ حَميدٌ مَجيد

Ya Alloh! Mugia Gusti maparin kasalametan ka kanjeng Nabi Muhammad sareng kulawargana anu nuturkeun anjeuna saperti Gusti parantos maparin kasalametan ka Nabi Ibrahim katut kulawargana. Satemena Gusti Maha Pinuji tur Maha Mulya. Ya Alloh! Mugia Gusti maparin barokah ka kanjeng Nabi Muhammad katut kulawargana saperti Gusti maparin barokah ka Nabi Ibrahim katut kulawargana. Satemena Gusti Maha Pinuji tur Maha Mulya.
Hadits anu ngarojong sholawat diantarana :
عن أبي هريرةَ رَضِي الله عنه أَنَّ رسولَ الله صَلَّى الله عَلَيْهِ
وَسَلَّمَ ارْتَقَى المِنْبَرَ فقالَ: «آمِينَ آمين آمين»، فقيلَ له: يا
رسولَ الله ما كُنْتَ تصنعُ هَذَا، فقالَ: «قالَ لِي جَبْرَئِيلُ عليهِ
السلامُ رَغِمَ أَنفُ عَبْدٍ دَخَلَ عليهِ رمضانُ فلم يُغْفَرْ لَهُ،
فقلتُ: آمينَ، ثم قالَ: رَغِمَ أَنْفُ عبدٍ ذُكِرْتُ عِنْدَهُ فلم
يُصَلِّ عليكَ، فقلتُ: آمينَ، ثم قالَ: رَغِمَ أنْفُ عبدٍ أَدْرعكَ
والدَيْهِ أَوْ أَحَدَهُمَا فلم يُدْخَلَ الجنةَ فقلتُ: آمينَ». ح ر
البيهقي

Sahabat Abu Huraérah ra nyaritakeun, yén Rosululloh SAW naék kana mimbar bari terus maca: “Amin!, Amin!, Amin!. Kanjeng Nabi ditaros: “Ngahaminan saha ya Rosulalloh! Nya  Rosul ngadawuh: “Malaikat Jibril ngadawuh ka sim Kuring, kacida rugina jalma anu abus kana bulan Romadlon tapi dosana teu dihampura, kuring ngucapkeun ‘Amin’. Kacida rugina hiji jalma disebut ngaran kuring tapi teu ngadu’akeun ka kuring (maca sholawat), kuring ngucapkeun Amin. Kacida rugina jalma anu panggih jeung indung bapana atawa salah saurangna  tapi teu manjing abus ka sawarga, nya kuring ngucapkeun Amin.
HR Al-Baihaqi ti Abu Huraéroh.
2. Tradisi para ulama hadits nalika nulis kecap Muhammad sok dituturkeun ku sholawat ka Nabi anu rédaksina :” صَلَّ اللهُ عَلَيْه وَ سَلَّمَ ,  sedengkeun nalika nyebut sahabat sok dituturkeun ku du’a Rodiyallôhu ‘anhu atawa ‘anha minangka pangajén kana jasa sahabat anu geus nganepikeun hadits. Sarta nalika urang nyebut ngaran jalma mumin
anu geus maot saperti Ust Shidiq Amin almarhum jeung almarhumah lamun awéwé, atawa Allôhu yarham anu hartina mudah-mudahan Alloh maparin rohmat ka Mantena. Urang ogé dianjurkeun maca sholawat, nalika urang ngadéngé anu ngucapkeun Nabi Muhammad ku sholawat anu dicontokeun ku para sahabat sareng para ulama hadits Shollallôhu ‘alaihi wa sallam.
3. Hiwar teu acan mendakan katerangan yén maca sholawat téh kedah rampak sekar dibaca berjamaah, komo jeung dilagukeun mah. Maca sholawat mah sami waé sareng ngadu’a, da mémang eusi sholawat mah du’a ka kanjeng Nabi SAW. (Hiwar BD 258)**

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: