• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

SABAN MUSLIM WAJIB NANJEURKEUN HUKUM ALLOH

Ku Syaikh Muhammad Nashiruddin Al-Albani

ANU jadi kawajiban pikeun saban muslim, nyaéta milampah amal luyu jeung kasanggupna, Alloh moal ngabangbaluhan hiji jalma anging nu sakira kadada kaduga ku manéhna. Nanjeurkeun tauhid jeung ibadah anu bener éta teu kudu dibarengan ku nanjeurkeun daulah Islamiyah di nageri-nageri anu teu ngahukum ku naon perkara nu ku Alloh di turunkeun, sabab hukum Alloh anu pangheulana wajib pikeun ditanjeurkeun téh nyaéta nanjeurkeun tauhid.

Teu diragukeun deui, aya perkara-perkara husus anu lumangsung di sabagian jaman, nyaéta uzlah (nyingkurkeun diri) éta leuwih hadé batan pagaliwota, sagebrugan, nepika hiji muslim anu nyingkirkeun manéh ka hiji léngkob anu nyingkur, jeung manéhna terus ibadah ka Pangéranana, salamet tina kajahatan manusa ka dirina jeung tina kajahatan dirina ka papada manusa. Ieu parantos nembrak tur kaunggel dina hadits-hadits nu loba, sok sanajan hukum asalna mah saperti anu kaunggel dina hadits ibnu Umar Radliyallôhu ‘anhuma.

“Hiji mumin anu campur gaul jeung papada manusa tur sabar tina pirang-pirang kajahatan maranéhna éta leuwih hadé batan hiji mumin anu teu aub campur gaul jeung papada manusa bari teu sabar ku rupa-rupa kajahatan maranéhna” (HR. Tirmidzi, Ibnu Majah, Al-Bukhari, Ahmad).

Nya, daulah Islamiyah –geus teu diragukeun deui – éta sabagé lahan pikeun nanjeurkeun hukum Alloh di ieu bumi, tapi lain tujuan.

Kaasup perkara anu ahéng geus tumiba ka sabagian da’i, nyaéta: Maranéhna geus ngetrukkeun sakabéh perhatianna kana perkara-perkara anu teu kadada kaduga pikeun dilakonan ku maranéhna bari ngalésotkeun kawajiban nu babari pikeun dilaksanakeun ku dirina! Nyaéta jihad ngalawan hawa nafsu sorangan saperti anu disaurkeun ku hiji da’i muslim anu maparin wasiat ka para pangikutna ku ucapanna:

“Tanjeurkeun daulah Islam dina diri-diri maranéh, tanwandé daulah Islam bakal ajeg di bumi maranéh”.

Dina waktu nu sarua, kuring ogé manggihan ti kalolobaan nu jadi pangikutna loba madungdéngkeun éta wasiatna, maranéhna ngajadikeun puncak da’wah maranéhna nyaéta ngaésakeun Alloh Azza wa Jalla dina hukum, jeung maranéhna ngaistilahkeun éta perkara téh ku istilah anu kawéntar: “Al-Hakimiyah pikeun Alloh”.

Urang yakin yén hukum mah éta kagungan Alloh wungkul, teu aya sandingan pikeun Mantenna, boh dina éta perkara atawa anu séjénna. tapi sabagian ti maranéhna téh kaasup jalma nu taklid ka madzhab ti antara madzhab-madzhab anu opat saperti nu aya kiwari, saterusna nalika disodorkeun ka maranéhna As-Sunnah nu tétéla tur shohéh, nya maranéhna ngajawab: “Ieu mah geus nyalahan kana madzhab kuring”. Ana kitu mah dimana atuh bebeneran hukum anu ku Alloh di turunkeun dina énggoning nuturkeun sunnah téh?

Di antara maranéhna ogé aya jalma-jalma anu ibadah ka Alloh nuturkeun tarékat-tarékat shufi! Ari kitu mah dimana atuh bebeneran pikeun ngahukum ku perkara-perkara anu diturunkeun Alloh dina perkara tauhid? Sahingga maranéhna nungtut ti anu lian naon-naon anu ku maranéhna teu ditungtut ti diri maranéhna sorangan.

Satemenna kaasup perkara anu kawilang gampang pikeun nanjeurkeun hukum ku naon-naon anu diturunkeun Alloh dina hambalan aqidah, ibadah, akhlak maranéh dina ngadidik anak di imah, dina adab jual jeung meuli maranéh, sedengkeun ngeundeuk-ngeundeuk atawa maksakeun panguasa anu dina kalolobaan hukum-hukumna ngahukuman ku hukum nu teu diturunkeun Alloh éta kaasup perkara anu kawilang hésé pisan. Naha maké jeung kudu ngécagkeun anu babari pikeun ngalaksanakeun perkara anu kawilang hésé?

Ieu nuduhkeun kana salah sahiji tina dua kamungkinan, kamungkinan kahiji alatan didikan jeung bingbinganna anu goréng, kamungkinan anu kadua mah balukar ku goréngna aqidah anu ngadorong maranéhna nepika leuwih loba merhatikeun naon perkara anu maranéhna teu kadada kaduga pikeun ngajanggélékkeunna tibatan merhatikeun perkara-perkara anu masih dina wates kasanggupan maranéhna.

Kiwari, kuring teu ninggali anging anu nyibukkeun diri pikeun ngayakeun tashfiyah jeung tarbiyah sarta ngada’wahan manusa kana aqidah jeung ibadah anu bener. Éta kabéh luyu jeung wates kamampuhan séwang-séwangan. Alloh moal ngabangbaluhan hiji jalma anging luyu jeung kasanggupna.  (Laput BD 258).*
[Dicutat tina buku At-Tauhid Awwalan Ya Du’atal Islam, edisi Indonesia TAUHID, Prioritas Pertama dan Utama, ku Syaikh Muhammad Nashiruddin Al-Albani, pedalan Darul Haq].*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: