• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Iman Ka Nabi Muhammad SAW

* Aweuhan Mimbar

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh!

Hayu urang titénan tur émutan deui, dua sifat luhung minangka kalungguhan jeung kaagungan anu husus pikeun umat Islam, pikeun hadirin jama’ah jum’ah, husus pikeun jalma anu ariman. Dua sifat tadi nyaéta syukur jeung sabar.

Ti kawit ayeuna sareng saterusna tug nepika ahir hayat, hayu urang cekel kalawan pengkuh dua sifat tadi, ‘Syukur jeung Sabar’.

Dina ieu kasempetan, saba’da urang syukuran ku hidayah iman, Islam jeung takwa, nya urang guar bag-bagan syukur jeung iman ka Nabi Muhammad SAW, sarta sabar dina énggoning nanjeurkeun sunnahna.

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina salah sawios hadits Rosululloh Muhammad SAW ngadawuh:

Hadits 1

“Islam diwangun dina lima rukun, nyakséni yén teu aya deui Pangéran anging Alloh, sareng Muhammad téh éta hamba katut Rosul-Na” (HR Bukhori Muslim).

Saba’da iman ka Alloh SWT, nya iman ka Rosululloh Muhammad SAW éta mangrupakeun hambalan tatapakan anu utama. Sabab sakabéh tatapakan nu séjénna éta diwangun dumasar kana kaimanan ka Alloh katut Rosul-Na. Sahingga jalma anu teu iman ka Rosululloh, ngan saukur iman ka Alloh wungkul, éta teu cukup jeung iman anu kitu mah kaasup batal, teu sah. Dawuh Rosul

Hadits 2

“Demi Dzat anu jiwa Muhammad aya dina kakawasaan Mantenna! Henteu aya hiji ogé jalma nu nguping ngeunaan kaula ti ieu umat manusa, boh Yahudi atawa Nasroni, tuluy maranéhna maot bari teu iman kana anu kaula diutus pikeun mawa éta perkara, anging bakal jadi pangeusi naraka.”

Nya ieu pisan anu jadi cukang tina pentingna iman ka Rosul minangka tatapakan agama jeung amal ibadah. Upama teu iman ka Rosul atawa nampik ka Rosul, tanwandé sakabéh amal hadéna bakal gugur, turta jauh tina rahmat. Hal ieu tiasa dilenyepan tina dawuhan Alloh anu kaunggel dina Surat al-Maidah: 5, sareng surat al-Jin: 23.

Leuwih jauhna jalma nu teu iman ka Rosululloh éta bakal ditibanan cocoba jeung adzab nu nyelekit, saperti pidawuh Alloh nu hartosna:

Sakuduna jalma-jalma nu sulaya kana paréntah-Na pikeun taat ka Rosul kudu ngarasa sieun ditibanan cocoba atawa ditibanan siksa anu nyelekit” (QS. an-Nuur: 63).

Kumargi kitu, urang kudu syukur ka Alloh kana hidayah iman urang ka Rosululloh SAW tur sabar dina nuturkeun sarta ta’at ka anjeuna.

Hadirin Rohimakumulloh!

Rosululloh éta manusa biasa, lain malaikat ogé lain anak Pangéran atawa anu lianna. Anjeuna sacara manusiawi sarua jeung urang sakumna. Buktina anjeuna lahir ti jinis manusa, bapana Abdullah bin Abdul Mutholib, jeung indungna Aminah, duanana ngayuga ti suku Qurésy di Makkah al-Mukarramah, rundayan Nabiyulloh Ismail bin Nabi Ibrohim as minangka rahmat jeung waleran kana paneda Abul Anbiya Ibrohim as saperti anu kaunggel dina Surat al-Baqoroh ayat 129.

Ayat al-baqoroh 129.  ka 3

“Nun Gusti Pangéran abdi sadaya! Mugi Gusti ngutus Rosul ti antawis maranéhna (rundayan abdi) anu baris mangmaoskeun ayat-ayat Gusti ka maranéhna sareng anu ngawulangkeun kitab katut hikmah, sarta anu bakal ngaberesihan diri maranéhna tina kamusyrikan. Sayaktosna nya Gusti pisan Nu Maha Gagah Rongkah tur Nu Maha Wijaksana.”

Alloh ngawawadian ka Rosul sangkan nétélakeun dirina, saperti nu kaunggel dina al-Kahfi : 110. Qul innamâ ana basyarun mitslukum yûhâ ilayya annamâ ilâhukum ilâhun wâhidun = Pok caritakeun ku hidep, “Saéstuna kaula téh ngan manusa biasa saperti arandika, ngan kaula mah dipaparin wahyu, yén taya lian Pangéran arandika ngan Pangéran Nu Maha Tunggal…. ogé saperti nu kaunggel dina Surat al-An’am ayat 50.

Hadirin Rohimakumulloh!

Rosul ogé ngawawadian ka urang sangkan anjeuna teu diajénan ku cara-ara nu kaleuleuwihi, saperti urang Nasroni nu ngajénan Nabi Isa as. Tong boroning ngajadikeun kuburanna minangka tempat sujud anu dipahing ku anjeuna dalah ngalandi jeung ngagelaran anjeuna ku pirang-pirang gelar jeung landian anu arahéng saperti gelar jeung landian anu kabandungan kiwari, dalah ku cara ajeg nangtung  pikeun mihormat nalika anjeuna hadir kana majlis para sahabat nu keur diuk ogé dipahing pisan. Ieu ku urang tiasa diaos tina dawuhan anjeuna;

Hadits ka 4

“Poma arandika ulah muji ka kaula ku pupujian nu kaleuleuwihi saperti urang Nasroni muji Isa putra Maryam. Satemenna kaula mah saukur abdi Alloh. Kumargi sakitu pok ucapkeun ku arandika hamba Alloh jeung Rosul-Na” (HR al-Bukhori).

Barokallôhu lî walakum fil Qurânil azhîm wanafa’anî wa iyyâkum bimâ fihi minal âyâti wa dzikril hakîm wa taqobbala minnî wa minkum tilâwatahu innahu huwal ghofûrur rohîm.

KHUTBAH KADUA

Dina khutbah anu kadua ieu, hayu urang pancegkeun iman jeung takwa urang ka Alloh ogé urang kandelkeun iman ka Rosululloh sakaligus ngalaksanakeun sagala rupa paréntahna. Diantara rupa-rupa paréntah ti Rosul téh, nyaéta;

Kahiji, Ngayakinkeun bari dibarengan ku tanggung jawab kana bebeneran Nabi Muhammad jeung sagala rupa perkara anu dibawa ku anjeuna.

Kadua, Ikhlas taat ka Rosul bari ngalaksanakeun sagala rupa paréntah jeung nyinglarkeun diri tina sakabéh nu dipahing ku anjeuna. Pidawuh Alloh:

Nya demi Pangéran hidep (Muhammad), maranéhna henteu ariman satungtung maranéhna tacan ngangkat hidep jadi hakimpikeun mutus perkara anu ku maranéhna disawalakeun, tuluy maranéhna henteu ngarasa nyeri haté kana putusan hidep, jeung maranéhna narima kalawan sumerah anu sabener-benerna. (An-Nisa: 65)

Katilu, Micinta Rosul, kulawargana, para sahabatna jeung ka sakabéh jalma nu nuturkeun tapak lacak aranjeuna.

Hadits ka 5

“Henteu sampurna iman hiji jalma sahingga kaula leuwih dipikacinta ku dirina batan nu jadi indung bapana, anakna jeung manusa sakumna.” (HR Bukhori Muslim)

Kaopat, Ngabéla jeung merjuangkeun ajaran Nabi tur ngada’wahkeun pikeun ngabébaskeun manusa tina jalan nu poék kana jalan nu caang ngempray, tina kadoliman kana kaadilan, tinu batal kana bebeneran, sarta tina ma’siat kana ta’at. (al-A’rof : 157)

Kalima, Nulad akhlak jeung kapamingpinan Nabi dina sagala réngkak paripolah hirup, nya éta pisan nu disebut pituduh Alloh nu kaunggel dina Surat al-Ahzab ayat 21.

Kagenep, Ngamulyakeun anjeuna ku loba maca sholawat tur salam utamana saba’da nyebat jenengan anjeuna. Dawuh Rosul; Roghima anfun abdin dzukirtu ‘indahu wa lam yusholli ‘alayya = Temen rugi jalma anu disebut ngaran kaula, tapi manéhna mumul maca sholawat ka kaula (HR tirmidzi)

Ati-ati tur taliti tina pirang-pirang ajaran nu patojaiyah jeung ajaran Nabi saperti ati-ati tina syirik, tahayul, bid’ah, jeung khurofat. Nya ieu anu dimaksud ku dawuhan Alloh saperti nu kaunggel dina Surat an-Nuur ayat 63.

Syukuran ku hidayah iman ka Alloh katut Rosul-Na ku ngaraksa persatuan umat bari nyinglarkeun pacéngkadan, pakia-kia pacéngkadan ku nyekel deleg al-Quran katut sunnah Rosul-Na anu shohéh.

Mudah-mudahan urang kalebet jalma nu salawasna syukur tur sabar dina énggoning iman ka Alloh katut Rosul-Na. Amin.* (Alma’ Muhsin/BD).*

One Response

  1. nyuhunkeun widi bade ngopi haturnhn

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: