• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Hukum Alloh Beresih Tina Faktor ‘Subjektivitas’

Wawancara: HM. Rizal Fadilah, SH, MH. Praktisi Hukum/Cendekiawan Muslim

Karakter hukum Islam téh saperti kumaha?

Hukum Islam éta mibanda sipat universal, nepika iraha jeung dimana baé ogé bisa dilarapkeun dina kahirupan manusa. Hukum Alloh beresih tina paktor ‘subjektivitas’, leupas tina paktor kapentingan. Teu saperti hukum jieunan manusa, anu loba dipangaruhan ku manusa atawa lingkungan anu nyieunna, saperti hukum jinah dina KUHP di urang, warisan Walanda. Jinah anu dilakukeun ‘suka-sama suka’ éta teu dihukuman, ku sabab meureun nu nyieun hukumna ogé saruana atawa dilingkungan manéhna anu kitu mah geus jadi hal nu lumrah, biasa. Lamun téa mah éta hukum téh matak ngarugikeun dirina, tanwandé bakal buru-buru di’reduksi’, sangkan teu jadi mamala ka diri nu nyieunna. Jadi subjektif, teu leupas tina paktor kapentingan nu nyieunna.

Leuwih jauhna, hukum manusa mah saukur keur dunya wungkul. Anapon hukum Islam  atawa hukum Alloh éta jauh tina kapentingan, universal, iraha baé ogé bakal tetep langgeng, dimana baé ogé bisa dilarapkeun, lumaku, hukum Islam mah lintas batas, jeung mibanda ‘diménsié ganda dunyawi jeung ukhrowi.

Naon anu jadi cukangna citra hukum Islam éta idéntik jeung kabengisan?

Mungkin karana dua hambalan. Kahiji, hukum Islam nu sayakti. Kadua, hukum Islam anu dicitrakeun. Hukum Islam anu sajati nyaéta hukum Alloh sareng Rosul-Na atawa jalma nu ariman dina produk pamaréntahan saperti hukum ta’zir, had. Hukum anu diciptakeun Alloh, tapi dina rumusan atawa sangsina ku manusa minangka ‘pangajawantahan’ tina paréntah Alloh. Anu kieu mah geus pasti hadé, moal mungkin goréng. Hukum ta’zir bisa goréng lamun dina hambalan pamaréntahna goréng, saperti Undang-undang di zaman kakholifahan baheula, tapi ku lantaran aya kapentingan ti panguasa nu dibawa dina nalika ngarumuskeun hukum ta’zirna. Henteu nyupu antara hukum Alloh jeung kapentingan panguasa harita, sok sanajan nu jadi panguasa harita umaku sabagé umat Islam, karajaan Islam, maké al-Quran, Hadits, tapi ku sabab aya kapentingan kakawasaan, nya dina hambalan hukum ta’zirna jadi patojaiyah jeung papagon Alloh katut Rosul-Na.

Hukum anu dijieun manusa anu disarandékeun kana al-Quran katut Sunnah Rosul, tapi dina hambalan hukum ta’zirna teu tukuh pengkuh jeung ‘konsistén’, nya geus pasti hukum Islam téh bakal jadi goréng, jadi dicitrakeun ku nu nyieun éta hukum ta’zir.

Atawa bisa jadi citrana jadi goréng, alatan salah dina ngamahamkeun hukum Islam, saperti hukum had, qishos, rajam, dipahamkeun kejem turta patojaiyah jeung kahirupan modern, antukna ngalahirkeun citra anu goréng ngeunaan hukum Islam. Anu jadi cukangna, éta bisa jadi ku sabab teu ngarti kana pilosopi anu aya dijero hukum-hukum tadi.

Hukum éta ngawengku kana tilu hambalan, nyaéta paktor filosofi, faktor yuridis, jeung faktor sosiologis. Jadi, maranéhna teu paham kana faktor filosofis, sosiologisna, naon pangna jalma nu maténi éta kudu ditibanan hukum pati, sabab numutkeun filosofi Islam, jalma nu maténi éta bakal maténi deui kusabab kitu kudu dieureunan. Dina al-Quran ditétélakeun: “Sing saha jalma nu maténi hiji jalma, nya sarua jeung maténi manusa sakabéhna, jeung sing saha nu ngamumulé nyawa hiji manusa, éta sarua jeung ngamumulé nyawa manusa sakabéhna”.

Hukum Islam upama diteuleuman leuwih jero deui, éta leuwih mulya deui, hukuman pati masih bisa disinglarkeun, nalika dihampura jeung mayar diyat. Tina hukum pidana jadi perdata, tur di du’akeun sangkan jadi leuwih hadé. Pon kitu deui hukum rajam, éta loba digambarkeun kejem, bari dirina teu nolih kana prosédurna nalika éta hukum kudu ditibankeun, kudu aya opat saksi langsung apan éta téh teu gampang. Jadi nu jinah téh geus kaleuleuwihi. Dilakukeun bari teu nyumput nyamuni, nepika babari disaksikeun batur, teu boga rasa éra, nya anu kitu mah geus payus pikeun ditibanan hukum rajam, kitu ogé lamun dirina ngaku milampah jinah, sadia pikeun dihukum jeung miharep ridlo Alloh. Bisa jadi ahli sawarga.

Pon kitu deui hukum teukteuk leungeun pikeun nu maling, digambarkeun kejem, sadis jeung pameunteun goréng séjénna. Urang teu nolih kana balukarna, nu maling diberok kana panjara lain kapok tapi kalahka gangas, antukna rampog, maling mahabu dimana-mana. Tah anu kitu upama ditibanan hukum teukteuk leungeun geus pasti bérés roés, manéhna geus teu mibanda kakawasaan pikeun maling, ngarampog, dirina bakal satékah polah nyamunikeun cacadna ku cara anu hadé batan saméméhna, atuh urang nu nempo ogé bakal mikir dua kali nalika aya kereteg hayang maling jeung réa-réa deui.

Sangkan citra hukum Islam teu goréng saperti kiwari kudu kumaha?

Ceuk kuring mah, kahiji, para cendekiawan atawa anu makalangan dina dunya pamikiran mibanda pancén sangkan bisa ngampanyeukeun hukum Islam kalawan lantip ku argumén-argumén ilmiyah, yén hukum Islam téh luyu jeung kaadilan, katut élmu, ogé bisa ditarik kana aspék manusiawina. Cendekiawan kudu satékah polah ngoréhan tatapakan akademisna tina hukum Islam tadi, nepika mibanda ajén anu bisa ditandingkeun ku argumen-argumen anu kuat tina sisi ilmiyahna.

Kadua, tangtu baé dina hambalan lapangan, kalangan ulama, para fukoha nu aub ditengah-tengah masarakat sacara langsung jeung umat, éta kudu ngamimitian ngabuskeun aspék-aspék syaréah kana widang da’wahna, pikeun ngagambarkeun éndahna umat anu hirup dina papayungan syaréah. Jadi lain ceuceub. Ieu mangrupakeun tarékah dina ngawangun kasadaran umat kana syaréah.

Katilu, tingkat pulitisi, para pulitis nu bajuang dina hambalan pulitik, tur yakin, yén hukum Alloh téh bisa dilarapkeun kana kahirupan masarakat sapuratina. Maranéhna wajib bajuang di parlemen, ulah éra, sieun, yén maranéhna aya jeung hirup dilingkungan anu lain, yén Islam téh éta ngarupakeun bahagian jeung misi perjuangan maranéhna. Tah éta kabéh ngarupakeun tarékah dina ngawangun citra yén hukum Islam téh jauh tina sipat-sipat nu goréng.

Tarékah sangkan hukum Islam bisa dilarapkeun dina kahirupan sapuratina kudu kumaha?

Jalanna aya dua, kahiji, pulitik hukum, jeung kadua, kasadaran hukum. Pulitik hukum nyaéta karep pulitik ngeunaan hukum. Hukum Islam éta kudu dilahirkeun ku kapentingan pulitik, yén éta téh mangrupakeun bahagian nu pantes jeung pas, malahan wajib lumaku. Anapon kasadaran hukum mah nyaéta pancén para da’i, ustadz, kyai, aktifis, masarakat pikeun terus-terusan ‘nyosialisasikeun’ hukum ka umat, sangkan umat téh mibanda kataatan hukum kana syaréat.

Tah, saupama pulitik hukum ngabeungkeutan jeung kasadaran hukum, dua-duana sabeungkeutan, nya geus pasti bakal aya titik panginditan pikeun lumakuna syaréat Islam dina kahirupan. Pangna kitu, sabab aya nu ngumumkeun syaréat Islam geus lumaku, tapi kasadaran hukumna masih héngkér, nya geus pasti bakal baruntak, pon kitu deui upama kasadaran hukumna ngagedur tapi teu dirojong, teu dijieun ku kapentingan perjuangan pulitik, angger bakal ngagedurkeun pacéngkadan, saolah-olah teu ‘aspiratif antara pamingpin jeung umatna.

Pangaruh hadéna upama hukum Islam dilarapkeun?

Kuring ngira, saperti kasus pembunuhan nu kiwari mahabu, lamun anu maténi dihukum pati deui nya geus pasti moal aya deui pembunuhan. Moal aya deui nu diberok 12 atawa 7 taun, saperti kasus Tomy Suharto, nu geus écés maténi hakim agung, kiwari apan bébas kuluyuran, ukur diberok taunan wungkul, alatan paktor duit, konéksi jeung réa-réa deui.

Tah upama nu maténi éta di hukum, ditilasan deui, nya geus pasti bakal posisitf moal mungkin goréng, boh pikeun dirina atawa anu séjénna, maranéhna bakal mikir panjang pikeun ngarogahala batur. Atawa saperti nu maling diteukteuk leungeun, komo deui koruptor, bisa-bisa sirahna anu diteukteuk téh, sabab manéhna geus ngagasab jeung ngarugikeun nagara, rahayat loba, jadi kudu leuwih beurat deui hukumna batan maling. Nalika hukum Islam, jinayah lumaku dina kahirupan, nya geus pasti nu disebut korupsi téh bakal ngurangan.

Sangkan hukum Islam nanjeur dina kahirupan urang kudu kumaha?

Dina narékahan sangkan hukum Islam, bisa lumaku dina hambalan jinayah éta kudu dibarengan ku argumen pilosofi, ngeunaan kaadilan hukum Islam anu bisa dimasarakatkeun, nepika masarakat henteu meunteunna sacara harfiah atawa letterlaks, tapi kudu dibantu ku dalil-dalil ilmiyahna. Tah ceuk kuring mah upama éta disosialisasikeun, tur dibaca ku ngabandingkeun jeung kaayaan kiwari, nu mana kiwari hukum Islam saeutik ogé teu nerap dina hukum pidana, paburantak saperti kiwari.

Jadi, kaheureuyan, jadi bojégan, sinetron, drama nu ditongton, atawa didéngé sacara écés, urang saukur bisa ngelus dada. Ku sabab kitu, dina mémérés sagala rupa karamijudan tadi taya lian anging kudu satékah polah ngabuskeun hukum Islam kana ranah korupsi, KKN. Tah éta ngarupakeun pancén jalma-jalma nu makalangan jeung ngancokeun diri kana syaréah.

Ogé kudu dipahamkeun yén hukum Islam téh éta lain perkara anu tabu, sabab dina sistim hukum nasional, geus dikanyahokeun yén hukum anu lumaku di Indonésia téh aya tilu, hukum adat, hukum Barat, jeung hukum Islam. Jadi hukum Islam éta lain perkara anu patojaiyah jeung hukum nasional, éta ngarupakeun bahagian tina hukum nasional, pék bandungan, dina sisi perdata, nu disebut warits, pirak, hibah, wakaf, zakat ogé haji éta geus lumaku hukum Islam, malahan bank bisnis syaréah kiwari geus lumaku syaréah, tapi anu acan lumaku téh dina hambalan jinayah, dina widang hukum pidana.

Sedengkeun tongtongan nu kabandungan sapopoé kiwari éta lobana dina hukum pidana, pangadilan jeung kasus saperti kasus mapia jeung sajabana, éta aya dina hambalan pidana. Tah kumaha moméntum karamijudan nu aya kiwari, pikeun ngalahirkeun perkara anu leuwih seger, formulasi nu hadé jeung argumentasi ilmiyahna nu lantip, jeung bisa dipertanggung jawabkeun, terus nu ngadagangkeunana ogé pikaresepeun.

Tah urang asongkeun Islam dina hambalan pidana pikeun ngungkulan sagala rupa karamijudan, korupsi, manipulasi jeung KKN atawa sogokan, mapia paradilan, karamijudan hakim jeung kagoréngan lianna, hukum Islam bisa teu dijanggélékeun kiwari dina bentuk pidana atawa sangsi-sangsina, boh had atawa ta’zirna. (Alma’/BD/Laput 358).*

2 Responses

  1. setiap muslim bersaudara na.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: