• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

GERENTES HATÉ BD 358

“Yeuh manusa, satemenna ancurna umat-umat saméméh maranéh téh éta alatan maranéhna sok ngantep nu jadi para pamingpin, kalangan élit atawa para pajabat maranéhna anu maraling tara dihukuman. Tapi upama nu ngagasab atawa nu jahatna ti kalangan handap, rayat kuricakan, éta hukum téh ku maranéhna ditanjeurkeun, maranéhna ngalarapkeun hukum had.”

LAMUN téa mah Anggoro jeung Anggodo katohyanna maling motor di jalanan, sawang, naon anu bakal tumiba ka maranéhna? Maranéhna geus pasti bakal diperekpek dibabukan jalma loba nepika bengep, babak-belur, digiringkeun, sarta mungkin digebugan nepika hos maotna. Pulisi ogé bakal saged rancagé sigap “ngamankeun” duanana, tuluy diprosés, jeung dijagragkeun ka pangadilan, saterusna dijebloskeun ka pangberokan.

Tapi Anggoro jeung Anggodo mah éta lain rahayat samanéa. Duanana ogé jalma jegud anu bisa nyingcetkeun dirina tina hukuman, sok sanajan duanana gé geus katohyan salah gedé: bangsat nu ngagasab harta rahayat jeung satékah polah nyogok ka patinggi KPK (Komisi Pemberantasan Korupsi).

Ironisna, bandungan Nini Minah. Manéhna ngala tilu siki buah coklat nu hargana ukur 500 pérak jeung langsung diprosés pulisi tur dijagragkeun ka pangadilan. Jeung ditibanan hukuman.

Geus lila mémang para ahli hukum katut masarkat nanyakeun dina ngalaksanakeun prosés hukum di ieu nageri. Anu ngaranna sajajarna manusa dihareupeun hukum téh éta saukur aya dina keretas. Da kanyataanana mah, éta téh teu kungsi ngajanggélék aya.

Para koruptor loba anu leupas. Pajabat luhur anu korup loba anu disimbutan. Di pihak lain, hukum éstu tegas ditibankeun ka rahayat kuricakan nu maling leuleutikan. Nya antukna hukum di nagri urang mah jadi “hukum bedog”, nyaéta seukeut ka handap tur mintul ka luhur. Teges ka rahayat leutik jeung teu neurak pikeun kalangan élite, pajabat, katut jalma-jalma nu jaregud (konglomérat).

Bank Century téh saukur bank leutik. Tapi, nalika éta bank kabaud pasualan, Gubernur Bank Indonesia katut Menteri Keuangan, gura-giru ngeruk jeung ngagolontorkeun duit nagara nu jumlah jamléhna teu kurang ti 6 Triliun sabagé dana talangan. Rumor atawa desas-desus nu mekar mah nétélakeun, sabab Bank Century (nu ayeuna salin ngaran jadi Mutiara Bank), mibanda nasabah anu loba katut loba ngabantu dana kampanyeu salah sahiji parpol jeung salah sahiji kandidat presiden dina Pemilu anu katukang.

Kasus Polri lawan KPK, loba anu yakin cukang lantaranna mah tina masalah Bank Century. Kuat sangkaan nu mekar, KPK mémang “digembosi”, dikerdilkeun, jeung “dikriminalisasi”, sangkan KPK teu nyusud kasus korupsi nu mahabu dina kasus Bank Century. Anu jadi cukangna, lamun kasus dana talangan trilyunan rupia éta  dibokér nepika akar-akarna, nya geus pasti bakal aya dua pajabat luhur nagara nu kabaud, nyaéta Gubernur Bank Indonesia jeung Menteri Keuangan. Pikeun ngahalanganna sangkan teu disusud, nya kudu ngeundeuk-ngeundeuk KPK.

Hukum Thogut anu lumaku di ieu nagri, mémang babari diulek caikeunana. Para penjahat gerot kalayan gampang dikeukeupan ku panguasa. Pangusaha anu boga jasa ngawaragadan dana kampanyeu, disalametkeun jeung dilindungan minangka imbal-balikna.

Hukum sekulér di ieu nagri, ti baheula kénéh ogé geus jadi “hukum bedog”. Rahayat leutik anu salah, éstu babari diberok jeung ditibanan hukuman. Sedengkeun pajabat nagara atawa “jalma jegud” (gegedén), lamun salah, sering leupas tina hukum.

HUKUM éta kuduna mah teu nolih kana saha-sahana. Sakumna jalma nu salah éta kudu dijagragkeun ka pangadilan jeung dihukum.

Kholifah Umar bin Khattab parantos maparin conto anu tandes, kumaha carana nibankeun hukum bari teu nolih kana darajat atawa kadudukan jalma nu didakwana. Dina hiji mangsa nalika hiji raja ti suku al-Gasanah, Jabalah bin al-Aiham, ngalaksanakeun thowaf di sakurilingeun Ka’bah. Ngadak-ngadak kelir kaén ihromna katincak ku hiji pamuda. Raja Jabalah gaplok baé nyabok éta pamuda, nepika irungna cacad. Éta pamuda indit ngadu ka Kholifah Umar pikeun nungtut kaadilan.

Saba’da Raja Jabalah diprosés, nya Kholifah Umar nibankeun hukum qishash, nyaéta si pamuda anu dicabok tadi boga hak pikeun males ku cara nampiling deui, kajaba lamun si éta pamuda téh rék ngahampura. Raja Jabalah protés kana katangtuan Kholifah, kalayan nyodorkeun alesan yén dirina téh hiji raja, sedengkeun pamuda anu ditampiling mah budak ngora biasa.

Kholifah Umar ngajawab, “Numutkeun hukum Islam, kadudukan raja jeung rahayat biasa téh sajajar, sarua, teu aya anu ngaistiméwakeun raja di payuneun Alloh mah anging karana takwana, atawa karana silih leberkeun kasalahanana.”

Katohyan éta pamuda téh henteu ngahampura kana laku lampah si Raja Jabalah, nya antukna ka éta pamuda téh hak hukumna pikeun nyabok deui éta raja téh dipasrahkeun.

Kisah anu sarupa ieu kaunggel dina hiji hadits. Rosululloh Saw kantos diperedih sangkan méré ‘dispénsasi’ (pangurangan) hukum ka hiji awéwé Makhzumiah nu mangrupa dibébaskeun tina had teukteuk leungeun. Rosul kalayan tandes nampik lajeng ngadawuh,

“Yeuh manusa, satemenna umat-umat saméméh maranéh ancur éta balukar tina sok ngantep anu maling /para penjahat ti kalangan luhur, kalangan élite, atawa kalangan pajabat. Tapi lamun anu maling atawa penjahatna ti kalangan rahayat handap éta hukum téh ditanjeurkeun, maranéhna nibankeun hukuman had “.

Kitu Rosul ngélingan. Salah sahiji cukang tina ancurna hiji umat, éta alatan teu ditanjeurkeunna kaadilan. Hukum saukur ditibankeun pikeun rahayat handap atawa garong kelas keuyeup apu. Sedengkeun para penjahat kelas kakap,  koruptor gerot, pajabat anu basilat, atawa maling berdasi, mah éstu ngahenang ngahening seneng jeung bébas tina sanksi hukum, kajaba ti pangadilan jeung adzab Alloh di akhirat jaga. Wallahu a’lam. (ASM. Romli/BD 358).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: