• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

ADEGKEUN HUKUM ALLOH!

“Jeung sing saha anu teu ngajalankeun hukum nurutkeun kitab anu diturunkeun ku Alloh, nya maranéhna téh jalma kafir.(Al-Ma’idah:5:44). Jeung sing saha anu henteu nangtukeun hukum ku saniskara anu diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh jalma-jalma anu darolim. (Al-Ma’idah:5:45). Jeung sing saha anu henteu nangtukeun hukum ku kitab anu diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh jalma-jalma pasék. (Al-Mai’dah:5:47).

KASUS Cakcak lawan Buhaya (KPK vs Polri) nuduhkeun kana ramijudna aparat panegak hukum Indonésia, kaasup “oknum” Polri jeung Kajaksaan. Karamijudan ieu mangrupakeun cukang tina bokbrokna sistem hukum Indonésia warisan Walanda, nu taya lian iwal hukum sekuler (hukum Thogut).

Balukar tina sistem hukum sekuler, nya anu nanjeurkeunna ogé –jaksa, hakim, pulisi— maranéhna ngukut pikir jeung sikep sekuler; ngarasa teu aya tanggung jawab ka Alloh, karana lain hukum Mantenna anu ku maranéhna dibéla jeung ditanjeurkeun! Maranéhna ogé ngarasa teu dosa lamun téa mah nyaliwang atawa ngarumpak aturan anu sakuduna ku maranéhna ditanjeurkeun.

Jalaran kitu, umat Islam ulah matak hélok, lamun téa mah di ieu nagri loba “makelar kasus” (markus) anu “ngatur” atawa ngarukal-rékol hiji prosés hukum, jadi “calo” suap ka pulisi jeung jaksa, atawa jadi “mafia peradilan”. Lamun téa mah maranéhna téh Muslim, nya meureun maranéhna teu ngarasa dosa, sabab hukum anu ku maranéhna diulek caikeun jeung di dagangkeun téh éta hukum sekuler, hukum Thogut, lain hukum Alloh Swt.

Ti saprak merdéka taun 1945 nepika ka kiwari, hukum anu lumaku di Indonésia ieu lain hukum Alloh.

Hukum di Indonésia ieu mangrupakeun campuran tina sistem hukum hukum Éropah, hukum agama, jeung hukum adat. Kalolobaan sistem anu diagem, boh perdata atawa pidana, éta nyoko kana hukum Éropa, hususna ti Belanda, sabab baheula Indonésia mangrupakeun daérah jajahan ku landian Hindia Belanda (Nederlandsch-Indie).

Hukum Alloh (syaréat Islam) saukur lumaku dina widang ibadah mahdloh (sholat, zakat, shaum, jeung haji), katut widang kawin, kulawarga, jeung waris.

Malahan, Kitab Undang-undang Hukum Perdata (anu kawéntar KUHPer.) anu lumaku di Indonesia éta taya lian anging terjemahan anu teu merenah tina Burgerlijk Wetboek (BW) nu lumaku di karajaan Walanda jeung dilumakukeun di Indonésia (katut wewengkon jajahan Walanda) dumasar kana “asas konkordansi”.

Pikeun Indonésia nu harita ngaranna téh masih Hindia Belanda, BW dilarapkeun ti 1859. Hukum perdata Walanda sorangan ditiron tina hukum perdata anu lumaku di Prancis anu diluyukeun dina sababaraha hambalan.

Di Indonésia, pangaturan hukum pidana materiil diatur dina kitab undang-undang hukum pidana (KUHP). Hukum pidana formil nu ngatur prakprakkan hukum pidana materiil. Di Indonésia, pangaturan hukum pidana formil éta geus disahkeun kalayan UU nomor 8 taun 1981 ngeunaan hukum acara pidana (KUHAP) anu nyoko kana hukum warisan Walanda.

Jalaran kitu, hukum Alloh atawa hukum Islam mah di ieu nagri nu mayoritas padumukna muslim téh acan ditanjeurkeun sapuratina. Anu jadi cukang lantaranna diantarana, acan aya kakuatan pulitik anu daék jeung bisa ngajadikeun hukum Alloh sabagé sistem hukum anu lumaku di ieu nagri.

Disagédéngeun ti acan lumakuna hukum Alloh sapuratina, ieu ogé diwuwuh ku acan mibanda rojongan ti sakumna golongan masarakat sapuratina, boh ngaliwatan Pemilu atawa Amandemen UUD 1945.

Tarékah pikeun nanjeurkeun hukum Alloh éta kudu terus digaurkeun jeung dilaksanakeun. Urang terus diélingan Alloh Swt dina dawuhanna:

“Jeung sing saha anu teu ngajalankeun hukum nurutkeun kitab anu diturunkeun ku Alloh, nya maranéhna téh jalma kafir.(Al-Ma’idah (5) : 44). Jeung sing saha anu henteu nangtukeun hukum ku saniskara anu diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh jalma-jalma anu darolim. (Al-Ma’idah (5) : 45). Jeung sing saha anu henteu nangtukeun hukum ku kitab anu diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh jalma-jalma pasék. (Al-Mai’dah (5) : 47).

Saukur hukum Alloh wungkul anu ngajamin ajegna kaadilan. Saukur hukum Alloh anu baris ngajamin kana ayana kapastian hukum. Saukur hukum Alloh anu baris ngajamin kana ayana kaadilan jeung kaamanan masarakat, bangsa, jeung nagara, ku turunna pangampura katut berekah Alloh Swt. Jeungna deui, kacida logis jeung geus sakuduna, umat Islam anu iman ka Alloh, ngahukuman saukur ku hukum Alloh. Wallahu a’lam. (ASM. Romli/Laput BD 358)*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: