• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

PULITIK ISLAM ATAWA PULITIK ANU IDEOLOGI ISLAM

Ku DR. Mursalin Dahlan *)

KIWARI saba’da Pemilu Legislatif (Pileg) jeung Pemilu Présidén (Pilprés) 2009 réang saur manuk madungdéngkeun naon nu ku maranéhna disebut Pulitik Islam malahan maranéhna nétélakeun yén pulitik Islam mah geus pareum. Cicirén nu ku maranéhna digunakeun nyaéta ku bangkarna partéy-partéy Islam, matak sedih mah, ceuk maranéhna, nu disebut partéy-partéy Islam téh saukur nu ngalengkepan kameunangan ti partéy unggul di Pileg, dina wangun koalisi.

Dalah kumaha ogé mémang aya dumasara kana konstitusi partéy-partéy kasebut, naon nu disebut jalma loba sabagé partéy Islam Islam. Tapi maranéhna teu ngalaksanakeun jeung merjuangkeun Islam, sakumaha nu diamanatkeun ku Piagam Jakarta 22 Juni 1945. Islam pikeun maranéhna mah saukur jadi stempel pencitraan, leuwih tragis deui mah upama Islam saukur dijadikeun minangka hambalan pikeun aub ngaraosan “berekah sora rahayat.”

Pikeun medarkeun ieu tulisan, urang mimitian tina ngaguar poko-poko dasar tina: naon ari Islam téh? Jeung naon ari idiologi?

Saéstuna agama (nu sah) mungguhing Allôh mah ngan Islam(Q.S. 3/19).

Sing saha nu nyuprih agama salian ti agama Islam, éta moal ditarima ti manéhna sarta manéhna di ahérat kaasup golongan nu rugi” (Q.S. 3/85).

Nya Mantenna nu geus ngutus Rosul-Na kalawan mawa pituduh jeung agama nu hak pikeun ngunggulkeunana ti sakabéh agama lian, sanajan jalma-jalma musyrik mikangéwa(Q.S. 61/9).

Nya éta nu jadi poko-poko utama Islam, nu di Indonésia disebut agama Islam, sok sanajan kurang pas. Lajeng ari idiologi naon? Begawan pulitik Prof. Dr. Deliar Noer dina bukuna Islam dan Politik ngécéskeun ngeunaan idiologi, nyaéta: Ideologi ngawengku kana cita-cita hirup babarengan, nu hayang ditanjeurkeun jadi kanyataan, tur nu saterusna dipertahankeun. Bisa datang ti hiji jalma (saperti nu dikedalkeun ku Karl Marx), golongan masarakat (saperti anu ditungtut ku adar, agama, partéy), nu lamun mekar bisa didukung ku golongan ti masarakat anu loba. Dina umumna mah cita-cita atawa karep téh awalna mah diperjuangkeun ku golongan nu jumlahna saeutik, tapi saterusna mah ngalobaan.

Hubungan Islam jeung Ideologi

Naon hubungan Islam jeung Ideologi? Islam éta dien, nyaéta Diinullôh, hartina diin ciptaan Allôh nu diwahyukeun ku Mantenna ka Nabi-nabi katut Rosul-rosul-Na ti mimiti Nabi Adam as. tug dugi ka Nabi katut Rosul-Na nu pamungkas nyaéta Muhammad Sholallôhu ‘alaihi wa Sallam.

Islam lamun ditarima ukur sabagé diin (agama) pribadi, nya Islam téh saukur pikeun kahadéan dirina sorangan. Manéhna bisa nganjrék di jero guha, di leuweung-leuweung, di gunung-gunung, di sagara laut nu lega, bari nyorangan, teu nolih ka manusa nu aya disabudereunana. Malahan ka Islam ogé teu ieuh nolih, naha Islam téh mundur atawa maju. Pribadi saperti kitu mah disebutna keur uzlah (ngasingkeun diri). Miroséa kana Islam saperti kitu geus tangtu teu luyu jeung poko-poko dasar Islam saperti nu dibéjérbéaskeun dina tilu ayat di luhur.

Tapi lamun Islam di tarima minangka wahyu Allôh pikeun mémérés hurip jeung kahirupan manusa, boh pribadi, rumah tangga, masarakat, bangsa jeung nagara sarta dunya, nya geus tangtu Islam téh jadi hiji ideologi nu wajib diajegkeun, diperjuangkeun, dipertahankeun sok sanajan kudu ngorbankeun harta pakaya katut jiwa raga. Pidawuh Allôh:”Yeuh jalma-jalma nu ariman! Naha maranéh hayang dituduhkeun ku Kami kana usaha nu bisa nyalametkeun maranéh tina siksaan nu nyelekit? (Nyaéta) maranéh kudu iman ka Allôh katut ka Rosul-Na, kudu jihad dina jalan Allôh ku harta banda maranéh jeung ku jiwa maranéh upama maranéh nyaho mah. Tanwandé Mantenna ngahampura dosa maranéh, jeung Mantenna ngasupkeun maranéh ka sawarga anu di handapna cur-cor walungan, jeung ka gedong-gedong nu sigrong di sawarga ;And. Éta téh kaunggulan nu gedé.” (Q.S. 61/10,11,12).

Tétéla, Islam sabagé ideologi éta jasad, ruh jeung jiwa perjuangan anu wajib ditanjeurkeun turta diperjuangkeun ku harta katut jiwa sarta diunggulkeun jeung dipertahankeun kalayan sagala risiko pikeun hirup jeung kahirupan diri sorangan, rumah tangga, masarakat, bangsa jeung nagara sarta ngawasa dunya sapuratina.

Islam nu geus ngajanggélék jadi jasad, ruh jeung jiwa perjuangan, éta ngarupakeun hiji kakuatan nu rongkah, tur moal aya nu sanggup nandinganana. Nya, Islam ideologi téa. Islam ideologi, éta mibanda pangaruh nu rongkah tur diperhitungkeun dina pacaturan pulitik nasional, regional jeung antarbangsa (internasional).

Jawaban Urang

Partéy-partéy nu ngaku Partai Islam atawa aya partéy nu ngaku basisna umat Islam, tapi konstitusina sekuler (alias teu maké asas Islam). Aya deui partéy anu umaku minangka partéy Islam tapi nétélakeun dirina téh sabagé partéy ‘terbuka’ jeung masih loba wanda nu séjénna deui. Malahan leuwih jauhna, éta partéy-partéy téh, nétélakeun diri, yén maranéhna téh teu mibanda karep pikeun nanjeurkeun syaréat Islam. Padahal maranéhna geus nyaho yén sing saha nu teu ngahukuman ku hukum Allôh, nya kaasup golongan kafir, zholim jeung fasék. Pidawuh Allôh:

”Jeung sing saha nu henteu ngajalankeun hukum numutkeun kitab nu diturunkeun ku Allôh, nya maranéhna téh jalma-jalma kafir, jalma nu zholim jeung jalma nu fasék.” Q.S.5/44, 45 jeung 47).

Tétéla partéy-partéy nu ngaku dirina sabagé partéy Islam atawa ngabasis umat Islam saperti anu dipedar di luhur teu nyumponan kana syarat nu dipiharep ku Poko-Poko Dasar Islam saperti nu kaunggel dina tilu ayat di luhur, nyaéta: Q.S. 3/19, 85 jeung Q.S. 61/9). Jalaran kitu, upama kalolobaan jalma nyebutkeun éta partéy-partéy téh ngalaksanakeun pulitik Islam éta salah pisan. Maranéhna teu ngalaksanakeun pulitik Islam, lamun téa mah tetep dilandikeun yén maranéhna téh ngalaksanakeun pulitik Islam, ku sabab maranéhna nyebut dirina téh partéy Islam atawa ngabasis umat Islam, nya kretaria Islam maranéhna téh Islam nu teu aya awak, ruh jeung jiwaan.

Jalaran kitu bener pisan upama loba jalma nu nyebutkeun “Pulitik Islam geus bangkar,” karana mémang teu pernah hirup. Maenya perkara nu teu aya jasadan, ruhan jeung jiwaan bisa hirup. hartina, pulitik “Islam” partéy-partéy éta pisan nu geus bangkar. Jeung tangtuna ogé ngérakeun, ngarugikeun, jeung nyacampah Islam. Sakuduna mah éta partéy-partéy téh ngarobah konstitusina jadi partéy nu teu di implik-implikan Islam.

Tah béda jeung pulitik nu idiologina Islam, nepika kiamah gé moal paéh. Sabab Islamna aya jasad, ruh jeung jiwaan. Ieu Islam tumuwuh, nanceb, matri, ngaurat jeung ngakar, di jero jasad, ruh, jeung jiwa, jalma nu ariman jeung takwa ka Allôh Subhanahu wa Ta’ala tur ngajadikeun Sunnah Rosul sabagé tatapakan réngkak paripolah dina sagala widang hurip jeung kahirupan, ngawengku: Ideologi, Pulitik, Ékonomi, Sosial, Budaya, Pertahanan, Kaamanan jeung Militer.

Pikeun nanjeurkeun, merjuangkeun jeung mertahankeun Pulitik idiologi Islam, saperti nu dipiharep ku dawuhan Allôh, Q.S. 61/10,11 jeung 12 nu parantos dicutat di luhur, nya umat Islam kudu sabeungkeutan dina hiji perjuangan. Upama bener partéy Islam, nya geus tangtu siap pikeun dibubarkeun, demi Pulitik idiologi Islam. Naha aya Partéy Islam saperti kitu dina kanyataan pakalangan pulitik Indonesia? Aya. Contona, Partéy Pulitik Masyumi, nu merjuangkeun Islam minangka Dasar Nagara Indonesia dina KONSTITUANTE hasil Pemilu taun 1955.

Partéy-partéy saperti Masyumi, pili genti dibubarkeun, tapi Pulitik ideologi Islam éta moal pernah pareum, sok sanajan ditumpes ku sagala rupa alat panumpes.

Ieu ngarupakeun jawaban urang, pikeun ngalelempeng pamadegan umum ti kalolobaan jalma nu teu pas ngeunaan pulitik Islam geus bangkar dina kuburan Pileg jeung Pilpres 2009.

Hayu urang babarengan bajuang, nanjeurkeun jeung mertahankeun pulitik Islam minangka idiologina, pikeun ngajaga sangkan tetep weuteuhna NKRI saperti nu diamanatkeun ku Piagam Jakarta, 22 Juni 1945 jeung Mosi Integral Mohammad Natsir minangka Pahlawan Nasional. Ieu fakta sejarah nu moal bisa dipupus turta dileungitkeun pikeun perjuangan dina ngahontal Indonesia merdéka. Mupus jeung ngaleungitkeunana éta kaasup hianat nu gedé kana cita-cita Proklamasi Kamerdékaan Indonesia, 17 Agustus 1945. dina nyiptakeun dunya nu damé tur walarta luyu jeung ajaran Islam. (Pedaran BD 354).*

DR. Mursalin Dahlan, Anggota MPK PW Muhammadiyah Jawa Barat.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: