• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

LOLONG BONCONONG

Ku Ki Édas

SIM kuring gaduh kayakinan, yén sadayana ogé parantos papada arapal, naon ari nu disebat lolong. Nyaéta teu ningal téa. Margi socana resak. Dupi bonconong mah sami sareng bolotot. Moncorong saperti bulan tanggal opat welas atanapi panon poé nuju sumirat di palih wétan. Katingali buleudna, kalayan atra. Naon atuh pihartoseunana babasan lolong bonconong téh?

Ayeuna urang mulangkeun panineungan ka taun 2003. Tah harita Jakarta téh harénghéng, nyaéta di bomna hotél JW Mariott. Anu ngabomna, cenah mah Asmar Latinsani. Saha ari Asmar Latinsani téh? Dugi ka kiwari lebeng teu aya béja nu shohéh. Sadayana bureng, lir dinten nuju carangcang tihang. Katawis kolébatna mah, tapi teu jelas saha-sahana. Nya dipaparah baé, sugan jeung sugan bener, meureunan.

Dina Bina Da’wah no. 283 sasih Rajab – Sa’ban 1424 H – Oktober 2003, sim kuring kantos nulis, nu judulna Al-Faruq jeung Hambali Kalangkang Saha? Di dinya dijelaskeun yén nu diberokan ku nu wajib waktu harita, ngan ukur kalangkangna. Anu boga kalangkang kacida pisan runcingeusna. Ayeuna pan kabuktosan, hotél nu sarua dina ping 17 Juli 2009 nu nembé kalangkung, parantos di bom deui baé. Malihan kiwari mah leuwih ti hiji, salian ti hotél JW Mariott téh ogé hotél Ritz Carlton. Dua hotél ieu nu bogana sarua nyaéta urang Yahudi Amerika.

Lamun téa mah enya nu katéwak harita téh ulon-ulonna, moal teuing bakal kajadian nu sarupa kitu ditempat nu sarua, komo samodél mah. Pan teu kaharti. Tur éta hotél téh dijaga kalayan rékép pisan. Saha baé nu kumalendang kalebah dinya dipariksana enya-enya, moal aya nu bisa lolos. Tapi anéh nu ngalakukeunna téh cenah bisa tumaninah ngahenang-ngahening ngeusian kamar nomer 1808 nepikeun aya mingguna?  Naha anu kitu nu disebut lolong bonconong téh? Awas mah awas panonna téh, da henteu ruksak, tapi teu ningali.

Ustadz Abu Bakar Ba’asyir nyarioskeun yén nu ngabom éta hotél téh, jolna ti golongan nu ngéwa ka Islam. hartina éta kajadian téh baris dijadkeun alesan sangkan umat Islam dipikangéwa ku manusa sadunya, kaasup ogé ku kaom musliminna sorangan. Kasangsian urang kana api-api teu ningalina patugas kaamanan di éta hotél, disagigireun éta dua hotél téh dijaga sarta dipasangan alat nu sakitu canggihna, tapi ogé aya sora nu nyelekeung arék mantuan nalungtik, anu jolna ti Ustrali jeung Amerika. Ku ayana kitu kacuriga urang beuki gedé baé. Naon perluna maranéhna maké jeung hayang ancrub naungtik sagala? Naha bener maranéhna boga itkad hadé, atawa ngan ukur aon-akon lantaran maranéhna geus boga skenariona?

Ku urang kabandungan, nalika ngajelegurna bom di Bali, urang Ustrali ngilu ancrub nalungtik, apan nu diborogodna sarta kiwari tos dipaténi téh ngan ukur samet Amrozi saparakanca. Jalma nu ngan saukur samet kalangkang. Ku urang tiasa kasawang, upama éta pameredih maranéhna ditedunan ku pamaréntah urang, wah cilaka pikeun urang. Disagigireun urang bakal dilélécé, dijieun kékéséd, diteundeun dina kélék bau maranéhna téh, ogé pikeun umat Islam mah bakal beuki kacekék baé. Da moal salah atuh. Pasti nu bakal ditudingna téh umat Islam, lantaran maranéhna kacida pisan ceuceubna ka Islam.

Gusti Alloh parantos ngawawadian ka umat Islam, yén maranéhna téh moal eureun-eureun nyarieun pitapak, sangkan umat Islam cilaka, atawa biluk ka maranéhna. Tapi hanjakal umat Islamna, utamana mah para inohong Islam bet lolong bonconong. Kurang waspada kana taktik licikna musuh téh.

Dina pemilihan présidén kamari baé, pan umat Islam teu boga jago? Laleutik burih. Padahal mah upama partéy Islam sareundeuk saigel, kawasna bisa gul, lantaran sora nu karampid, ampir 30 persénna. Nya ahirna mah golongan Sepilis (Sekuler, Pluralis, jeung Liberalis) anu nyongcolang.

Maranéhna beuki kuat baé, lantaran karojong ku umat Islam nu lolong bonconong téa. Molotot tapi teu awas. Islam beuki kadéséh. Duka engké dina ngangkat mentri kabinét, naha bakal aya kitu nu diangkat jadi mentri jalma ti golongan Islam nu teu lolong bonconong? Wallohu ‘alam. Geuning dina ngangkat waprésna ogé apan kanyahoan partéy nu ngadukungna ogé henteu dirérét ku juru panon-panon acan. Bororaah diajak sawala. Ieu mah teu ditalék teu ditakon-takon acan.

Upama urang pirajeuneun mukaan kitab hadits, nempo kana kaayaan urang kiwari, bakal ngaraos hariwang. Boa-boa urang téh, kiwari tos kaasup golongan jalma nu nangtang azab? Nabi SAW parantos sasauran, yén bakal datang hiji mangsa dimana umat tos ninggalkeun ulama sarta ngamomorékeun para fuqoha. Sabab kitu nya Alloh Swt nurunkeun siksa. Kahiji, dicabutna barokah. Kadua, didatangkeunna pamingpin nu zholim, sareng katilu, maot dina kaayaan teu mibanda iman. Naudzubillah.

Umat Islam kiwari nuju ngalaksanakeun ibadah shaum. Mudah-mudahan baé atuh urang sadaya tiasa muhasabah, nalungtik diri, sareng neda pangampura ti Gusti Alloh Anu Maha Suci, margi salami ieu urang tos talobéh, sarta lolong bonconong, sangkan azab nu tilu di luhur teu tumiba ka urang sadaya. Amin.

Ku réngséna ibadah shaum, nu nulis ngahaturkeun du’a tahniyah, kumbaé ka sadaya ikhwan nu tos ngajaga tur ngariksa, makayakeun turta mikanyaah ka ieu majalah Bina Da’wah kageugeut urang: Taqobbalallohu minna wa minkum – mugia shaum urang sadaya ditampi ku Gusti Alloh. Amin! (Pedaran BD No. 354).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: