• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

TAUHID CECEKELAN POKO ANUNANGTUKEUN KAHIRUPAN MANUSA

* Aweuhan Mimbar: Khotbah Jumat

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Sagala puji éta kagungan Alloh, Robb jeung sesembahan sakumna alam, anu parantos namplokkeun kani’matan katut kurnia-Na anu taya kendatna, boh anu mangrupa kaséhatan, kasugemaan nepika urang tiasa nyumponan kawajiban sholat juma’ah.

Mudah-mudahan sholawat miwah salam salawasna dilungsurkeun ka pamingpin jeung uswah urang, Nabi Muhammad SAW, nu ngaliwatan perjuangan anjeuna cahaya Islam nepi ka urang, dugika urang bébas tina jahiliyah, jeung kahinaan. Sholawat katut salam ogé mudah-mudahan dilungsurkeun ka kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma nu nuturkeun tapak lacakna nepika ahir jaman.

Dina ieu kasempetan, teu hilap khotib wasiat ka diri sorangan katut ka jama’ah, sangkan terus ngaronjatkeun kualitas iman jeung takwa, karana iman jeung takwa éta bekel nu panghadé-hadéna pikeun nyorang kahirupan di ahérat jaga.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Tauhid éta ngarupakeun cecekelan poko tur nangtukeun pikeun kahirupan manusa, demi tauhid jadi tatapakan pikeun sakabéh amal, numutkeun tungtunan Islam. Saukur tauhid nu bakal nganteurkeun manusa kana kahirupan nu hadé jeung kabagjaan nu sayakti di ahérat engké. Sawangsulna sakabéh amal anu teu ditatapakan ku tauhid, éta bakal hampos tur taya mangpaatna, teu ditampi ku Alloh. Leuwih jauhna, sakabéh amal anu ditatapakan ku syirik éta bakal ngadatangkeun kasangsaraan boh di dunya atawa di ahérat. Pidawuh Alloh:

Jeung saéstuna geus diwahyukeun ka hidep jeung ka jalma-jalma anu saméméh hidep, yén upama manéh syirik, tanwandé amal manéh jadi tumpur, jeung pasti manéh kaasup jalma-jalma nu rugi. Malah nya Alloh nu sawajibna ku hidep diibadahan, jeung hidep sing jadi ti antara jalma-jalma nu maruji syukur. (Az-Zumar: 65-66).

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Tauhid lain saukur nyaho jeung ngarti yén nu nyiptakeun ieu alam murbéng téh Alloh, lain saukur nganyahokeun kana bukti rasional ngeunaan bebeneran wujud (aya)-Na jeung wahdaniyah (kaésaan)-Na, ogé lain saukur nyaho kana asma jeung sipat-Na.

Iblis percaya yén pangéranna téh Alloh, malah ngaku kana kaésaan katut kamahakawasaan Alloh ku paméntana ka Alloh ngaliwatan asma’ katut sipat-Na. Kaom jahiliyyah baheula anu disanghareupan ku Rosululloh ogé yakin yén anu nyipta, ngatur, ngamumulé jeung panguasa ieu alam samakta téh Alloh. Tapi kapercayaan jeung kayakinan maranéhna téh acan ngajadikeun maranéhna minangka golongan jalma nu nyangking prédikat muslim, anu iman ka Alloh. Ana kitu mah naon atuh hakékat tauhid téh?

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Hakékat tauhid, ngamurnikeun ibadah mung ka Alloh wungkul, nyaéta ngahambakeun diri kalayan sayakti tur panceg saukur ka Alloh wungkul, ku cara to’at kana paréntah-Na jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dicaram-Na kalayan euyeub ku rasa ajrih, cinta, pangarep tur sieun ku Mantenna.

Satemenna tauhid éta témbong tina ikrar yén teu aya Pangéran salian ti Alloh jeung Muhammad éta utusan Alloh. Ma’nana, teu aya nu mibanda hak pikeun disembah anging Alloh jeung teu aya ibadah anu bener kajaba ibadah nu luyu jeung tungtunan Rosululloh nyaéta as-Sunnah. Jalma nu ngaikrarkeunana bakal abus ka sawarga salila teu diruksak syirik atawa kufur badag.

Jalma-jalma nu ariman bari henteu ngabaurkeun imanna jeung kazholiman (syirik), nya pikeun maranéhna kaamanan jeung nya maranéhna anu meunang pituduh. (al-An’am : 82).

Abdullah bin Mas’ud ngariwayatkeun, “Nalika ieu ayat turun, para sahabat loba anu ngarasa sedih tur beurat. Maranéhna nyararita, “Naha aya di antara urang nu teu kungsi zholim ka diri sorangan?” Lajeng Rosul ngawaler, “Anu dimaksud zholim téh lain zholim anu kitu, tapi syirik. Naha arandika henteu ngadéngé kana naséhat Luqman ka nu jadi anakna, “Yeuh anaking, poma hidep ulah nyakutukeun (naon baé ogé) ka Alloh. Saéstuna ari syirik téh éstuning kazholiman nu pohara gedéna”. (Luqman : 13) ( Muttafaqun ‘alaih).

Ayat di luhur méré pangbubungah ka sing saha jalma nu iman nu ngaésakeun Alloh. Jalma-jalma nu teu nyampur baurkeun antara kaimanan jeung syirik tur ngajauhan sagala rupa laku lampah syirik. Nya maranéhna bakal tinemu jeung kaamanan nu sampurna tina siksa Alloh di ahérat. Nya maranéhna nu meunang pituduh di dunya.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Lamun téa mah manéhna téh hiji muwahid, ahli tauhid nu sayakti tur beresih tina sagala rupa kokotor syirik bari ikhlas ngucapkeun “laa ilaaha illallooh”, nya tauhid ka Alloh téh bakal jadi cukang utama pikeun kabagjaan dirina, sarta jadi hambalan poko pikeun di pupusna dosa-dosa katut kajahatanana. Sakumaha nu diécéskeun dina pidawuh Rosululloh SAW nu diriwayatkeun Ubadah bin ash-Shomit, anu hartosna.

Sing saha nu nyakséni yén teu aya Pangéran (anu hak pikeun disembah) anging Alloh, teu aya sakutu pikeun Mantenna, jeung Muhammad téh éta hamba katut Rosul-Na, jeung (nyakséni) yén Isa téh hamba Alloh, utusan jeung kalimat nu ditempikeun-Na ka Maryam turta ruh ti Mantenna, ogé (nyakséni) yén sawarga téh pasti bener ayana, naraka ogé bener ayana, tanwandé Alloh bakal ngabuskeun dirina ka sawarga, luyu jeung darajat amalna. (HR al-Bukhori jeung Muslim).

Maksudna, sakabéh panyakséni anu dilakukeun ku hiji muslim saperti nu kaunggel dina hadits di luhur boga hak pikeun ngabuskeun dirina ka sawarga. Sok sanajan dina sabagian laku lampah amalna aya dosa jeung ma’siat. Sakumaha nu ditandeskeun dina hadits Qudsi, Alloh ngandika.

Yeuh anak Adam, lamun téa mah hidep datang madep ka Kaula bari mawa dosa sapinuh bumi, tuluy hidep nalika madep ka Kaula téh teu nyakutukeun Kaula saeutik ogé, tanwandé Kaula bakal maparin pangampura ka hidep nu lobana sapinuh bumi”.  (HR. at-Tirmidzi, kalayan sanad hasan).

Hadits tadi nandeskeun ngeunaan kautamaan tauhid. Tauhid éta ngarupakeun paktor penting pikeun kabagjaan hiji abdi. Tauhid ngarupakeun lahan paling luhung pikeun ngalumerkeun dosa jeung ma’siat.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Lamun téa mah tauhid nu sayakti ieu bisa ngajanggélék dina kahirupan, boh pribadi atawa jama’ah, tinangtu bakal ngabébaskeun dirina tina kahinaan jeung kasangsaraan jeung saukur ku tauhid; kahormatan, kamulyaan jeung harga diri Islam katut kaom muslimin bakal kapibanda. Saukur ku tauhid darajat jeung martabat Islam katut kaom muslimin bakal nanjung tina sagala kahinaan nu salila ieu ngungkung tur karandapan ku kaom muslimin.

Baarokallohu lii walakum filquraanil ‘azhiim, wanafa’anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayati wadzikril hakiim. Aquulu qouli haadzaa wa astaghfirullohal azhiim. Innahuu huwal ghofuurur rohiim.

Khotbah Kadua

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Dina khutbah kadua ieu, khotib moal petot-petot pikeun ngajak diri khotib katut jama’ah sangkan salawasna ngaronjatkeun iman jeung takwa ka Alloh nu sayakti. Sholawat miwah salam mugia tetep dilungsurkeun ka Nabi Muhammad, para sahabatna, kulawargana jeung anu nuturkeun tapak lacakna nepika ahir jaman.

Salajengna tina khutbah kahiji tadi ku urang tiasa dicandak hiji kacindekan, yén;

Kahiji, Tauhid éta ngarupakeun cecekelan poko tur nangtukeun pikeun kahirupan manusa, sabab tauhid jadi tatapakan pikeun sakabéh amal anu dilakukeunana.

Kadua, Hakékat tauhid nyaéta ngamurnikeun ibadah ka Alloh, ngahambakeun diri saukur ka Alloh wungkul kalawan sayakti tur pengkuh, ku taat kana sagala rupa paréntah-Na jeung ngajauhan sagala rupa anu dipahing-Na kalayan euyeub ku sikep ajrih, cinta, gedé pangarep tur sieun ku Mantenna.

Katilu, Tauhid ngajadikeun nu mibandana dipupus sagala rupa dosana.

Kaopat, Tauhid nu ngajanggélék dina kahirupan bakal ngahasilkeun buah nu amis, nyaéta merdékana manusa tina sagala rupa perbudakan jeung panghambaan anging ka Alloh wungkul, ngabentuk kapribadian nu kokoh jeung bakal ngeusi haté ahlina ku kaamanan jeung katengtreman.

Jalaran kitu, dina ieu kasempetan hayu urang ngadu’a ka Alloh, miharep pangampura tina sagala dosa syirik nu ku urang kungsi dilakonan jeung urang ogé neda sangkan urang disinglarkeun tina sagala rupa laku lampah syirik katut nu ngalakukeunana. Salajengna urang ngadu’a neda ka Alloh sangkan dijauhkeun  tina kahinaan tur diangkat darajat urang di dunya jeung di aherat. Amin.*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: