• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NGEUNTEUNG

Pedaran : Ki Édas

Ngeunteung ngerupakeun kecap pagawéan, robahan tina kecap eunteung. Nya moal aya nu bireuk deui atuh kana barang nu ngaranna eunteung mah. Pikeun awéwé atawa wanoja mah eunteung teu sirikna geus dijieun dulur pet ku hinis. Layeut lir gula jeung peueut. Tara pukah. Éstu gegentétan baé. Kamana waé nyi mojang indit éta eunteung teu weléh ngukuntit.

Eunteung gunana pikeun ngeunteung. Pikeun ninggali kalangkang diri sorangan, utamana mah beungeut. Beungeut ku urang teu weléh diriksa jeung dipariksa. Lantaran naon? Lantaran beungeut sok jadi paneumbleuhan kaaéb. Hudang saré beungeut diheulakeun disibeungeutan. Suku najong gelas nepika peupeus, na atuh nu beureumna téh bet beungeut. Suku mah haré-haré baé, teu riuk-riuk, teu ngarasa boga dosa. Kitu upama angin maksa kaluar tina liang taeun, anu kudu dikumbah keur wudlu téh apan anggahota badan séjénna diantarana beungeut. Nya beungeut sok disebut pameunteun. Sabab sagala rupa nu nyangkaruk dina kalbu, nyamuni dina ati, sarta nyelempét dina haté, sanajan dibuni-buni, bakal katingali tina riuk jeung pamulu beungeutna. Jalma gering atawa boga kasusah, katingali tina beungeutna nu sepa konéas. Anu keur meunang kabungah, kagumbira atawa kasenang, bakal katangen tina keureut beungeutna nu marahmay. Upama geuneuk meuleukmeuk lir beusi atah beuleum, nuduhkeun yén éta jalma téh keur boga kakeuheul. Dina al-Quran digambarkeun kumaha kaayaan beungeutna jalma nalika madep ka Mantenna. Aya nu beungeutna ngeplak bodas, aya ogé nu hideung lestreng ditutupan ku kekebul. Anu ngeplak bodas bari sura-seuri, éta jalma téh keur meunang kasugemaan. Sabalikna nu hideung cakueum, tah ieu mah jalma nu nandangan katunggara.

Anu matak teu anéh dina usumna pamilihan umum saperti bulan kamari apan beungeut-beungeut caleg mani rapang diparajang sisi jalan. Rupana karasép jeung gareulis da meunang ngaluis. Sura-seuri supaya nyari, ambéh kataji. Terus dipapaésan ku rupa-rupa jangji nu matak giung nu linglung. Matak kajiret nu teu bisa nyingcet. Matak kabandang jalma nu teu boga luang. Tapi mudah-mudahan baé para calég téh tos ngareunteung. Ngeunteung dirina. Naha geus pantes jadi caleg atawa acan? Naha mampu pikeun nyieun aturan jeung ngajalankeunana? Naha geus siap pikeun ngalaksanakeun amanah rahayat, atawa saukur karesep? Kabawa ku caah, alatan hayang meunang upah, kairid ku cikiih alatan hayang meunang gajih? Wallohu ‘alam, lebah dinyana mah. Urang teu apal. Laut jero bisa diteuleuman, tapi haté jalma sanajan déét moal kakobét. Mung Gusti Alloh nyalira Anu Maha Uninga tur Maha Ningalikana sagala perkara mah. Sanajan nyamuni tur dibuni-buni ogé, tetep nembrak tur nonggérak. Manusa mah saukur bisa ngira-ngira tina riuk beungeutna.

Minangka rahayat nu mibanda hak pilih, nya dina milihna téh perlu asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana. Komo deui dina milih pamingpin nagara mah. Pamingpin rahayat nu moal lila deui ku urang bakal dipilih. Rupina urang perlu ngeunteung. Ngeunteung ka mangsa nu ka tukang. Dina al-Quran seueur pisan nu tiasa dijadikeun eunteung. Boh nu hadéna atawa anu goréngna. Anu hadé saperti Nabi Sulaéman as. Anjeuna beunghar kacida, seueur élmu panemuna, tiasa cumarita jeung sato. Ogé ngawasa bangsa jin, tapi anjeuna henteu adigung kumulungkung, alias gedé hulu. Pon kitu deui Nabi Yusuf as. Anjeuna suksés dina mingpin nagara Mesir, sabagé buah tina kasabaran sareng katakwaanana. Ari nu goréngna, nyaéta saperti lalakon Firaon sabalad-balad. Kaom ‘Ad, Tsamud, kaom Luth, sareng kaom Nuh. Tah ieu mah sadayana ogé diancurkeun, taya anu disésakeun. Éta kaom téh leuwih kuat tibatan jalma-jalma jaman kiwari. Mangga wé uningakeun. Tong tebih-tebih ngadon ningali piramid di Mesir atawa Taj Mahal di India, di Bandung ogé teu kurang-kurang nu tiasa dijadikeun eunteung. Tingali wé Gedong Saté, apan nepi ka kiwari ogé masih kénéh perlénté. Matak tibelat haté. Tempat panganjrékanana gupernur nu nelah Gedong Pakuan, ogé masih kénéh akuan, moal éra mun katatamuan. Kitu deui Gedong Merdéka di jalan Asia Afrika ngajega tur percéka. Kaayaanana karuat teu régrog-régrog. Padahal umurna geus ratusan taun. Jigana urang moal sanggup nyieun wangunan samodél kitu, sanajan dibéré élmu anu leuwih ogé. Nyieun sakola waé acan bisa. Encan ogé diresmikeun geus runtuh mantén. Rumah sakit di Pameungpeuk Garut, tacan réngsé dipigawéna, mangsa di roris ku Pa Heriawan, katohyan loba témbokna nu barejad. Ieu nandakeun jalma-jalma baheula mah leuwih kuat tibatan manusa kiwari. Kuat tanagana, ogé kuat akhlakna. Henteu aya sugan, paku sasiki mah nu ngacleng. Teu aya semen nu nyeprét, céta anu ucrat-acrét. Jeung teu aya keusik ngulisik ngabilicit. Kabéhanana dipasangkeun.

Kiwari loba pamingpin nu miyuni eunteung. Pamingpin nu ngan saukur némbongkeun beungeutna wungkul. Rahayat saukur bisa ningali, belegbegna dina eunteung téa. Teu bisa ningali kana naon-naon nu aya disatukangeun éta eunteung. Kumaha kalakuanana. Kumaha kahirupan rumah tanggana. Kumaha akhlakna? Kabéh lebeng. Urang poékkeun. Jalaran kitu sangkan ieu nagara waluya, rahayatna teu sangsara, ceuk paribasana mah, hurip abdi waras gusti. Rahayawt senang, pamingpin amanah. Nya taya deui iwal ti dina milihna téh éstu leres-leres hasil tina ngeunteungan. Milihna kalayan bener, sanés kabeneran angot mun saukur dibebener mah. Anu kitu mah matak bahaya. Bisa-bisa urek ngait tikoro. Milih pamingpin téh disagédéngeun nu Muslim téh ogé jalma nu bisaeun, bisaan, sanés nu sok pabisa-bisa. Ogé jalma nu bener, beuneur, singer tur pinter, sanés anu pipinteranan sareng sanés nu resep minteran. Wallohu ‘alam. (BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: