• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Kontrak Pulitik Kiwari Saukur Babagi Hancengan Wungkul

* Ambara: HM Daud Gunawan

koalisi-parpol-islam-sekulerSABA’DA ngabandungan hasil ahir partéy-partéy Islam dina pemilu legislatif anu kurang nyugemakeun, nya agénda kahareup anu kudu dilakukeun ku partéy-partéy Islam tadi taya lian iwal kudu ngalaksanakeun;

Kahiji, Évaluasi. Naon pangna partéy-partéy Islam sorana lain nambahan tapi sabalikna kalahka ngurangan, malah aya nu nepika teu nyumponan kana katangtuan nu disebut parliamentry threshold. Tina évaluasi tadi anu kudu diheulakeun téh taya lian nyaéta ngaronjatkeun pangwangunan manajemen partéy, nepika bisa ngabebenah infrastrukturna kalawan hadé tur lantip.

Kadua, Partéy kudu satékah polah ngawangun citra, sangkan bisa dirasakeun ku masarakat, demi kiwari loba masarakat nu teu ngarasakeun kagiatan-kagiatan nu dilakukeun ku partéy Islam.

Katilu, kudu dilakukeun kaderisasi, ti mimiti tingkat nasional tug nepi ka tingkat paling handap nyaéta desa. Tina kaderisasi bakal lahir nu disebut rekrutmen anggahota.

Dina hambalan rekrutmen anggahota ieu, program pembinaan ummat ogé kudu dilakonan, sabab anggahota mah acan kaasup ummat kakara ngarupakeun kaom wungkul, sagolongan masarakat kaom muslimin. Jalaran kitu lamun rék ngaronjatkeun kana hambalan ummat nya kudu diayakeun pembinaan-pembinaan nu mayeng tur lantip salila lima taun kahareup, nepika partéy mibanda umat atawa anggahota nu pengkuh tur siap makalangan dina hambalan pulitik praktis.

Demi tina tilu tugas anu kudu dilakukeun ku partéy di luhur tadi sangkan kahareupna jadi partéy nu diperhitungkeun, nu paling beurat mah nyaéta ngawangun citra partéy Islam sangkan masarakat téh simpatik, ngarasa butuh. Tah kumaha ngahudang jeung ngagedurkeun karep masarakat nepika ngarasa perlu kana ayana partéy Islam?

Kiwari loba masarakat nu mangsabodo kana partéy Islam, éta alatan loba partéy Islam nu héngkér ku program jeung kagiatan nu écés nu bisa dirasakeun ku masarakat, lolobana masih ulukutek dina hambalan perkara-perkara anu acan kapaham ku masarakat handap.

JALARAN dina nyanghareupan Pilpres kiwari, nu jadi calon-calonna geus ditangtukeun, jeung urang tetep masih ngagunakeun “pilosopis klasik”, nyaéta milih anu hadé ti anu teu hadé, hartina milih nu leuwih saeutik madlorotna tinu leuwih gedé madlorotna.

Anu dimaksud ku madlorot di dieu taya lian nyaéta sikep pamingpin atawa présiden kapilih ka Islam. Kumaha sikep maranéhna ka Islam katut umat Islam, éta kudu diteuleuman ti awal mula kénéh. Tiantara calon presiden jeung wakilna nu kiwari rék makalangan téh mana nu leuwih leutik madlorotna pikeun Islam katut umatna.

Anu dimaksud ku kuring leuwih saeutik madlorotna pikeun Islam téh, nyaéta upama aya pasualan-pasualan nu ngahina jeung ngarurucah Islam, naha manéhna mibanda karep pikeun nindak atawa henteu? Demi salila ieu umat Islam, nalika agamana aya nu ngarurucah saperti Ahmadiyah atawa anu séjénna, terus ku umat Islam diadukeun ka pulisi atawa anu séjénna sangkan dibubarkeun atawa ditindak éstu diapilainkeun, teu ditoél-toél acan ku pamaréntah téh, nepika Ahmadiyah nu geus écés ngahina jeung ngarurucah Islam masih tetep nanjung teu dibuburak.

Acan deui madlorot-madlorot séjénna nu dipidangkeun ku media massa saperti pornografi jeung pornoaksi nu nepika kiwari undang-undangna acan bisa dijanggélékkeun dina kahirupan masarakat urang.

Tah, kumaha sikep pamingpin nagara dina énggoning nyanghareupan pasualan saperti di luhur téh rék kumaha? Naha pamaréntah nu bakal datang rék runcingeus ngabéla umat Islam atawa tetep saperti kiwari? Ieu kudu jadi bahan tapakuraneun jeung tawarkeuneun minangka kontrak pulitik para pulitisi jeung partéy-partéy Islam.

Sabab, kontrak pulitik anu kabandungan kiwari mah teu ngait jeung ngaweungku kana sual-sual anu sipatna kawijakan kana kamekaran Islam, tapi leuwih condong kana ngabagi-bagi hancengan kakawasaan wungkul. Lamun teu asup kana RI-2 nya dina kabinet mentrina kudu loba, nepika aya haréwos bojong, cenah aya hiji pingpinan partéy nu ménta jatah 5 mentri di kabinet nu bakal datang. Tah kontrak pulitik nu dijieun ku partéy-partéy Islam kiwari téh saukur dina hambalan éta wungkul, acan nepi kana hambalan nu sipatna kawijakan pamingpin nagara kana kamekaran jeung kapentingan saperti pendidikan agama, kasehatan jeng sabangsana pikeun umat Islam salaku mayoritas di ieu nagri. (Alma’/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: