• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Kaistimewaan Syaréat Islam

Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i, M.A

AYA sawatara tuduhan anu ditujukeun ka Islam,  yén hukum Islam mah beurat, kejem jeung teu manusiawi. Padahal upama diguar kalawan maké pikiran nu waras tangtu tuduhan kitu téh teu aya alesanana.

Paling henteu, aya opat kaistimewaan syaréat Islam, nyaéta; kahiji, Islam minangka papagon hirup manusa nu syaréatna ditetepkeun mutlak ku Alloh (QS. 7 : 54, 42 : 10). Kadua, aturan katut hukumna “bersifat kompréhénsif”, ngatur sakabéh aspék kahirupan, (QS.16: 89, 5:3). Katilu, sampurna tur luyu jeung fitrah manusa. (QS28: 77). Kaopat, syaréat Islam téh mibanda sifat “Fléksibel”.

Salian ti éta, diturunkeunna syaréat Islam ka manusa téh mibanda tujuan nu kawilang mulya. Sahanteuna aya dalapan tujuan diturunkeunna syaréat Islam. (1). Ngamumulé jeung méré panangtayungan agama jeung sakaligus méré hak ka saban jalma pikeun milih antara iman atawa tetep kapir. (2). Nangtayungan ka jiwa. (3) Nangtayungan katurunan. (4). Nangtayungan akal. Pidawuh Rosul; “Agama téh akal, sing saha jalma nu teu bisa ngagunakeun akal, nya teu aya agama pikeun dirina”. Jalaran kitu, hiji jalma kudu bisa kalawan bener ngagunakeun akalna. Jalma nu teu bisa ngagunakeun akal atawa acan bisa ngagunakeunna, malah teu boga akal, nya manéhna bébas tina sagala rupa kawajiban dina Islam. Cindekna hukum Alloh téh dilarapkeun pikeun jalma nu boga akal atawa anu bisa ngagunakeun akalna.

Pikeun ngamumulé akal sangkan mibanda pancén jeung pungsina kalawan hadé, nya Islam ngaharamkeun sagala rupa wujud dahareun atawa inumeun nu bisa ngaganggu atawa ngaruksak pungsi akal. Saperti khomer. Khomer téh lain saukur inuman cai anggur anu dibarikeun saperti jaman baheula, tapi saban rupa perkara anu mawa ngamabokeun.

(5). Nangtayungan harta, nyaéta ku nyieun aturan nu tétéla pikeun bisa jadi hak saban jalma aya dina panangtayunga nyaéta ku ditetepkeunna hukum teukteuk kokod pikeun anu maling.

(6). Nantayungan kahormatan hiji jalma. Kaasup ngamumulé ngaran hadé hiji jalma jeung anu séjénna, nepika saban jalma boga hak pikeun ngaraksa kahormatanana hareupeun anu séjén tina pitenah pihak séjénna.

(7). Nangtayungan rasa aman hiji jalma. Dina hirup kumbuh masarakat, hiji jalma kudu ngarasa aman tina lapar jeung sieun. Nepika hiji pamingpin dina Islam kudu bisa ngayugakeun lingkungan nu kondusif sangkan masarakat nu aya dina kapamingpinan dirina teu ngarandapan kalaparan jeung karempan.

(8). Méré panangtayungan kana kahirupan masarakat jeung nagara. Islam netepkeun hukuman nu nyeri pikeun sing saha jalma atawa golongan nu ngalakukeun kudeta ka pamaréntahan nu sah nu di pilih ku umat Islam ku cara anu Islami. Pikeun jalma nu digolongkeun bughot, dihukuman pati, disalib atawa dipolong ku cara nyilang sangkan kaamanan nagara terjamin (QS. 5:33). (Alma’/BD)*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: