• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

GERENTES HATÉ: ‘Islam Yes, Partai Islam No’

NALIKA Cak Nur (Nurcholish Madjid) baheula ngedalkeun gagasan “Islam Yes, Partai Islam No!”, kontroversi mahabu. Anu “pro” nétélakeun, mémang bener, pikeun merjuangkeun Islam mah teu mesti ku ngadegkeun partéy nu maké cap atawa labél Islam. Anu “kontra” nyebutkeun, Cak Nur ngadagangkeun sékulérisme, misahkeun agama (Islam) jeung nagara (pulitik) –sedengkeun Islam éta ngatur kana sagala aspék kahirupan, kaasup pulitik.

Dina basa séjén, gagasan Cak Nur ngajanggélék deui nalika rék Pemilu 2009, ku mangrupa kampanyeu Golput di kalangan umat sorangan. Sajumlah golongan Islam keukeuh peuteukeuh nampik kana sistim démokrasi anu disebutna minangka sistim kupur. Maranéhna meunteun, aub makalangan dina pemilu téh haram. Jadi caleg atawa pipilueun kana parpol téh haram. Malahan, ceuk maranéhna mah, ulama anu ngahalalkeun parpol jeung pemilu, téh sasar jeung nyasarkeun. Antukna, soara parpol Islam jeblok! Tina 7 parpol Islam, saukur PPP jeung PKS nu tetep makalangan, kalayan sora nu jadi ngurangan. Lima parpol Islam séjénna, kaancam bubar. Anu punjul tur unggul bisa ngawasa Indonésia, tétéla, parpol sekuler!

Jauhna, éta dua parpol Islam, ogé parpol anu basis massana umat Islam (PAN jeung PKB), ngarojong pasangan SBY-Boediono. Anu jadi alesanana kawilang pragmatis. Lain ku alatan sarua visi-misina, komo deui sarua dina hambalan idiologi mah, tapi saukur demi hayang milu ngicip-ngicip ngasaan pelemna “kuéh kakawasaan”, saperti korsi menteri.

Mémang, di lain sisi, aya harepan. Ku ngagilisikna nyisi ka SBY, upama meunang, élémén kakuatan Islam bisa “nimbrung” dina kawijakan pulitik, sangkan SBY-Boediono henteu “kabablasan” teuing ngalibralkeun ékonomi Indonesia. Boediono, nalika ngaranna kedal kaluar, langsung dicap anték IMF, agén néoliberal. Néoliberal, numutkeun para ahli ékonomi, mah nyaéta hiji aliran pamikiran ékonomi anu ngabébaskeun pasar kalayan sabangblasna bébas, kaasup “privatisasi” alias ngajual aset nagara ka pihak deungeun nu loba duitna”.

KIWARI aya tilu pasangan caprés-cawaprés anu siap jadi panguasa Indonésia: SBY-Boediono, Jusuf Kalla-Wiranto, jeung Megawati-Prabowo. Saha anu paling deuheus jeung umat Islam? Tiluanana ogé meunang ngaku-ngaku deukeut jeung umat Islam karana kabéhanna ogé Muslim. SBY, dina Déklarasina anu kawilang agréng luar biasa di Sabuga Bandung, nalika mimiti ngawanohkeun Boediono di implik-implik ku predikat minangka “Muslim”.

“Anugerah” majalah Amerika, Times, anu ngalandi SBY minangka salah sahiji “tokoh paling gedé pangaruhna di dunya”, nuduhkeun kana dukungan Amerika ka dirina.  Amien Rais malahan kungsi “nuduh” aya kucuran dana asing pikeun SBY dina Pemilu 2004 anu katukang.

Publik bisa meunteun, SBY éstu kacida percaya dirina, nalika henteu milih tokoh parpol mitra koalisina. Manéhna nampik Hidayat Nurwahid anu diasongkeun ku PKS; ngapilainkeun Hatta Rajasa anu dirojong ku PAN; jeung ngamomorékeun Muhaimin Iskandar anu dicalonkeun ku PKB sabagé cawapres.

Kader-kader PKS, nyaéta Kesatuan Aksi Mahasiswa Muslim Indonesia (KAMMI), langsung ngayakeun alpukah, ngalakukeun aksi demo, jeung nampik Boediono. Maranéhna nyebut cawapres SBY tadi minangka anték -IMF, tokoh néoliberalisme. Malahan, kungsi muncul spanduk “No to Boediono, Yes to Budi Anduk”. Budi Anduk tukang bojég nu keur naék daun alias nanjung dina acara “Tawa Sutra” di Antv.

Kadieunakeun, Presiden PKS Tifatul Sembiring, nampik anggapan yén KAMMI téh ngarupakeun “underbouw” PKS. KAMMI lain kader PKS, cenah. Naha bener kitu? Nya kitu pisan prak-prakan prakték pulitik pragmatis mah, demi “jatah”. Dina pulitik pragmatis anu jauh tina ideologi, héngkér tina ajén, korsi éta mémang sagala-galana. Ideologi mah nomor ka sakian likur. Pulitik, dina pulitik pragmatis, atawa aliran pulitik réalisme dina hambalan akademis, mah nyaéta “Saha nu meunang naon, kumaha jeung iraha” (Who gets what, how, and when). Anu penting mah, kursi!

PASANGAN Megawati-Prabowo (Mega-Pro) ogé teu bisa dijudi ngawakilan aspirasi umat Islam. PPP kungsi kabéngbat ku Prabowo, sok sanajan ahirna mah ngadukung SBY. Saukur ngélingan, Ketua Tim Sukses Mega-Pro téh taya lian Theo Syafii téa, tokoh anu kungsi “bermasalah” jeung umat Islam. Ulah hilap!

Kumaha jeung JK-Wiranto? Ieu mah rada mending. JK, sacara pribadi, kawanoh minangka saurang religius, jeung alumni HMI. Manéhna budak inohong NU Makasar kahot. Teu hélok upama Ketua PBNU KH. Hasyim Muzadi jadi pangrojongna. Kalangan NU nyebut JK téh hiji-hijina tokoh NU dina Pilpres kiwari. Béda jeung Pilpres 2004, kader NU aya tilu pasanganana, nyaéta KH. Solahudin Wahid (cawapres Wiranto/Golkar), KH. Hasyim Muazadi (cawapres Mega/PDIP), jeung JK sorangan (cawapres SBY/Demokrat).

Pasangan JK, Wiranto, ogé loma tur deukeut jeung kalangan ulama. Para pendukung JK-Win, pikeun ngarawu simpati umat Islam, mintonkeun kanyataan atawa realitas: istri duanana maraké jilbab, eunteung tina kato’atan Muslimah kana aturan agamana (nutup orat).

Kudu diaku, dina “perspektif” pulitik aliran, tilu pasangan éta sarua kabéh ogé nasionalis-sekuler anu tétéla. Henteu aya wakil aliran nasionalis-Islam atawa nasionalis-religius. Tapi, upama dibandingkeun dina lebah katerwakilan Indonesia, JK-Win kagolongkeun “idéal”. Ieu pasangan ngabeungkeutkeun Jawa jeung Luar Jawa, militer jeung sipil, sarta nasionalis-sekulér (partéyna) jeung  nasionalis-religius sacara pribadi.

UMAT Islam payus pikeun sedih tur nalangsa ku kanyataan pulitik kiwari. Parpol Islam ting leketey nalambru, tikusruk. Ali Mochtar Ngabalim nyebutkeun moralitas parpol Islam keur héngkér. “kiwari, parpol Islam keur héngkér moralna,” ceuk tokoh PBB nu milih pikeun ngaréndéng ka barisan JK-Wiranto (Republika, 19/5).

Tilu kali pemilu, nya tilu kali kasempetan, geus diliwatan ku parpol Islam. Kabéh taya nu kapuluk! Parpol Islam henteu kungsi jadi jawara. Tétéla mémang, dina sajarah Indonesia, parpol Islam teu kungsi kaluar sabagé jawara pemilu mana baé ogé. Dina pemilu munggaran, taun 1955, partéy Islam Masyumi teu ngadominasi raéhan sora, “saukur” meunang 7,9 juta sora (20,9%), jadi “runner up” di bawah PNI (8,4 juta, 22,3%).

Bener, upama sora parpol Islam atawa anu basis massa Islam digabungkeun, parpol Islam bakal jadi unggul tur nu meunang dina pemilu kahiji jeung nu paling demokratis –digabung jeung sora Partai NU (6,9 juta, 18,4%) ogé PSII (1,09 juta, 2,8%) jadi kurang leuwih 15,8 juta sora (48,3%).  Nyatana, dina sabeungkeutan teu kungsi karandapan. Ideologi Islam ogé acan bisa doperjuangkeun minangka ideologi pulitik jeung pamaréntahan di ieu nagri muslim pangbadagna di dunya.

Lamun téa mah aya nu nalék, naon pangna kaom muslimin henteu milih parpol Islam? Éta sarua jeung patalékan: naon pangna kaom buruh henteu milih partai buruh (PBI)? Naha warga NU henteu milih PKB? Naon pangna warga Muhammadiyah teu milih PAN atawa PMB?

Kaom buruh teu milih PBI éta alatan anggapan nasib buruh mah lain di PBI. Pon kitu deui sikep umat Islam; henteu nganggap parpol Islam sabagé kakuatan nu bisa merjuangkeun aspirasi umat. Pilalagi katohyan, “perilaku pulitik” (political behavior) élite parpol Islam éta taya bédana jeung élite parpol sekulér.

Juru titén pulitik Fachri Ali, malahan kantos “memvonis”: sajarah partéy Islam éta sajarah pakia-kia paburencay! Manéhna meunteun, partéy nu aya kiwari éta leuwih loba nguntungkeun pangurusna batan kapentingan makro umatna. Malahan jauhna, numutkeun pamanggihna, para pangurus ngaliwatan partéy anu diadegkeunana meunang kauntungan. Anu kairong kuat, parpol sabagé tutumpakan pulitik. ‘Maranéhna ‘ngajadikeun parpol Islam sabagé tutumpakan. Jadi, tujuan pikeun merjuangkeun umat mah geus teu penting deui, anu punjul téh justru kapentingan pribadi pangurusna,” saurna (Kompas, 11 Mei 2003). Pameunteun Fachri éta dikedalkeun genep taun ku katukang. Katinggalina masih kénéh haneut.

Lajeng kumaha atuh perjuangan kahareupna? Urang ogé nalék, kumaha jeung golongan Islam nu milih Golput, mutlak ngaharamkeun sistim démokrasi jeung pemilu sapuratina, turta teu ngadukung kana parpol Islam? Naha maranéhna anu “anti-sistem” tadi keur nyusun kakuatan pikeun revolusi?

Perjuangan ogé kudu terus maju. Da’wah ulah reureuh. Tangtangan anu kawilang rongkah pikeun urang mah holna ti diri urang sorangan, ti jero orhanisasi urang sorangan, nyaéta égoséntrisme, pragmatisme, hubbud-dunya, jeung fanatisme hizbiyah! Kalemahan urang mah teu daék sabeungkeutan ngahiji, malah silih rurucah, jeung silih klaim anu paling bener jeung anu séjén mah salah. Éta kalemahan urang. Sadar atawa henteu, urang, aktivis da’wah atawa aktivis Islam, mayeng ngalakukeun kamungkaran atawa kama’siatan, di tengah perjuangan mulya demi agama Alloh, nyaéta silih bantah jeung silih bintih ogé silih cacampah jeung sasama urang sorangan! Wajar, pitulung Alloh ngajauhan. Wajar, kameunangan anu nyoko ti Mantenna éta bakal mingkin jauh ti diri urang. Astaghfirulloh… Wallahu a’lam. (ASM. Romli/BD).*

One Response

  1. Assalamualikum.
    Bingah pisan Bina Dawah tos tiasa On Line. hartosna kamajengan teknologi tiasa di manfaatkan ku urang kanggao syiar Islam. Sakali deui hatur nuhun.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: