• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Ngantep Kama’siatan

Ambara: KH. Athian Ali M Da’I, Lc, MA.

athian-ali-sAYA sababaraha hikmah di satukangeun tobatna urang tina sagala dosa. Hikmah kahiji, urang meresihan jiwa atawa qolbu nu bisa jadi geus loba teuing dikotoran ku titik-titik hideung akibat laku lampah ma’siat jeung dosa  nu dilakukeun ku urang. Lamun teu gura-giru tobat, nya titik-titik hideung éta bakal ngalobaan nepika nutupan sakabéh haté antukna urang bakal hésé pikeun meunang hidayah ti Mantenna.

Hikmah kadua, yén ku tobat hiji jalma bakal ngarasa aman tina ancaman siksa dunya jeung akhérat. Salah sahiji sarat tina istighfar téh nyaéta gura-giru ngeureunan laku lampah dosa anu dilakukeun. Anu dilakukeun téh lain saukur tobat ku lisan, ku ngucapkeun istighfar wungkul, tapi kudu bener-bener dibarengan ku niat, satékah polah pikeun teu milampah deui éta kasalahan dina waktu nu bakal datang.

Dina ayat 135 surat Ali Imron Alloh nétélakeun aya dua bentuk dosa, nyaéta dosa fahisyah jeung dosa ngazholim diri sorangan. Anu kaasup kana dosa fahisyah mah nyaéta laku lampah dosa nu lamun dilakukeun ku hiji jalma nya nu rugina téh lain saukur dirina tapi nu séjén ogé langsung bakal kabaud rugi. Dosa fahisyah ieu timbangan dosana leuwih beurat lamun dibanding jeung dosa ngazholim diri sorangan.

Anu kaasup dosa fahisyah ieu saperti maténi, maling, ngarampog, mitenah, korupsi, jeung anu séjénna. Dosa-dosa sarupa kitu istighfarna teu cukup ku saukur ménta pangampura ka Alloh wungkul, tapi ogé kudu leuwih tiheula ngaréngsékeun urusanana jeung tempat manéhna ngalakukeun kasalahan.

Dosa ngazholim diri sorangan mah nyaéta laku lampah dosa anu mana nu rugina téh saukur nu ngalakukeunana wungkul, tapi sacara teu langsung nu séjén ogé kabawa rugi. Anu kaasup kana dosa ieu nyaéta ninggalkeun sholat. Ieu kategori dosa nu langsung hubunganana sareng Alloh. Sacara teu langsungna jeung teu ngalaksanakeun sholat, dimungkinkeun dirina ngalakukeun laku lampah goréng jeung munkar. Lamun aya hiji jalma nu ngaku muslim tapi teu sholat, sabenerna urang kaasup nu rugi, sabab gedé kamungkinanna manéhna ngalakukeun kagoréngan jeung kamungkaran.

Ayat 135 ieu dipungkas ku kecap, “jeung maranéhna henteu ngulang deui laku lampah dosana.” Ieu ngarupakeun syarat pikeun ditarimana tobat hiji jalma. Kudu bener-bener aya tarékah nu kuat pikeun teu ngalakukeun deui dosa dina waktu nu séjén.

Nepika ku tobat, hiji jalma bakal bisa aman tina siksa d unya jeung akhérat (QS. 8: 33). Numutkeun Ibnu Abbas ra, aya dua perkara anu dijamin kaamanana ku Alloh pikeun hiji jalma pikeun bisa aman dunya akhérat. Kahiji, aya nabi di satengahing manusa. Kadua, istighfar. Rosululloh sacara pisik parantos lami ninggalkeun urang, hartina kari hiji nu bisa ngajamin amanna urang pikeun salamet dunya-akhérat, nyaéta istighfar.

Hikmah kadua tina tobat téh nyaéta jangji Alloh nu bakal nurukeun berekah dina kahirupan dunya jeung kabagjaan di akhérat. (QS. 71 : 10-12)

Ayat di luhur ngarupakeun jangji Alloh ngaliwatan Nabi Nuh as nu bakal dipaparinkeun ka hiji masarakat nu resep ménta pangampura ka Alloh mangrupa kahirupan nu euyeub ku berekah ti Mantenna..

DINA hirup kumbuh urang bisa ngabandungan jeung ngarasakeun, yén lamun dina kahirupan masarakat geus loba jalma nu teu iman jeung takwa, nya adzab Alloh nu bakal buru-buru dirasakeun ku sakabéh padumukna, boh ku jalma nu zholim atawa anu henteu zholim (QS. Al-Anfal:25).

Naon pangna jalma nu teu milampah ma’siat ogé ditibanan adzab-Na? Sabab, jalma-jalma nu teu milampah ma’siat éta ogé boga dosa, alatan maranéhna teu boga kateuneung atawa tarékah nu harus pikeun ngélingan atawa ngeureunan jalma nu keur milampah ma’siat.

Prinsip kahirupan dina Islam mah nyaéta, yén urang téh lain saukur diwajibkeun pikeun nyalametkeun diri urang wungkul, tapi ogé kudu nyalametkeun anu séjénna. Urang ditungtut sangkan ngetrukkeun sakabéh pangabisa, pikeun daék jeung teuneung ngeureunan laku lampah ma’siat nu mahabu disatengahing kahirupan urang. Anu dipeunteun di sisi Alloh mah lain hasilna, tapi ikhtiarna anu bener-bener dina ngeureunan laku lampah ma’siat anu tumuwuh.

Urang ulah boga sangkaan jadi golongan jalma nu bakal salamet dunya ahérat, sedeng urang masih ngantep jeung ngapilainkeun pirang-pirang kama’siatan nu nyaliara disatengahing urang. Sabab, kaasup dosa lamun ngantep batur migawé dosa, sok sanajan urang sorangan teu pipilueun.

Geus manjing kana mangsana, sangkan urang paduli kana lingkungan urang, urang satékah polah narékahan sangkan ngayuga kasholéhan sosial nu nyoko tina kasholéhan pribadi nu boga karep kana kamekaran kondisi lingkunganna. (Alma’/BD 348/Maret 2009).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: